Zakharia 12:1-14

  • Yéhuwa bakal ngabéla Yéhuda jeung Yérusalém (1-9)

    • Yérusalém, ”batu nu beurat” (3)

  • Nyeungceurikan jalma nu ditubles (10-14)

12  Béwara ti Allah: ”Ieu firman Yéhuwa ngeunaan Israél,” saur Yéhuwa,Gusti nu mentangkeun langit,Nu masang pondasi bumi,Jeung nu méré napas* ka manusa.  ”Yérusalém ku Kuring rék dijadikeun kawas gelas nu pinuh ku cianggur nu nyababkeun bangsa-bangsa di sakurilingeunana mabok sasampoyongan. Yéhuda jeung Yérusalém bakal dikepung.  Dina poé éta, Yérusalém ku Kuring rék dijadikeun kawas batu nu beurat keur* sakabéh bangsa. Bangsa mana baé anu nyoba-nyoba ngangkat bakal raraheut parah. Bangsa-bangsa di sakuliah bumi bakal ngahiji pikeun nyerang Yérusalém.”  Saur Yéhuwa, ”Dina poé éta, kabéh kudana ku Kuring rék disina sarieuneun. Nu tarumpakna sina arédan. Kuring bakal terus merhatikeun urang Yéhuda. Sabalikna, kabéh kuda bangsa-bangsa rék dilolongkeun ku Kuring.  Para kapala kaom* Yéhuda bakal ngaromong kieu di jero haténa, ’Penduduk Yérusalém bisa kuat téh lantaran Allah maranéhna téh Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.’  Dina poé éta, para kapala kaom Yéhuda ku Kuring rék dijadikeun kawas api unggun di tengah-tengah leuweung jeung kawas obor dina tumpukan gandum. Maranéhna bakal ngahuru bangsa-bangsa di sakurilingeunana, nu di katuhu jeung nu di kénca. Ari penduduk Yérusalém mah bakal maratuh deui di kotana sorangan,* di Yérusalém.  ”Yéhuwa bakal nyalametkeun kémah Yéhuda pangheulana, sangkan kahormatan turunan Daud jeung penduduk Yérusalém teu ngaleuwihan Yéhuda.  Dina poé éta, Yéhuwa bakal jadi kawas taméng nu ngajaga penduduk. Dina poé éta, jalma nu teu bisa nangtung* di antara maranéhna bakal kuat kawas Daud. Ari turunan Daud bakal kuat kawas Allah, kawas malaikat Yéhuwa nu nungtun umat-Na.  Dina poé éta, bangsa mana baé anu rék nyerang Yérusalém pasti bakal dibasmi ku Kuring. 10  ”Kuring bakal ngucurkeun kawasa suci Kuring ka turunan Daud jeung ka penduduk Yérusalém. Maranéhna bakal dipikaresep ku Kuring, paménta maranéhna gé bakal didéngé. Maranéhna bakal neuteup jalma anu ditubles ku maranéhna. Maranéhna bakal nyeungceurikan éta jalma kawas nyeungceurikan anak hiji-hijina nu geus maot. Maranéhna bakal sungkawa kawas sungkawa ku lantaran kaleungitan putra cikalna. 11  Dina poé éta, di Yérusalém bakal kadéngé sora nu ceurik aluk-alukan, kawas tangis di Hadad-rimon, di Padataran Mégido. 12  Éta nagri bakal ceurik aluk-alukan. Unggal kulawarga ceurik sorangan-sorangan. Di kulawarga turunan Daud, nu lalaki ceurik jeung kelompokna sorangan, kitu deui nu awéwé. Di kulawarga turunan Natan, nu lalaki ceurik jeung kelompokna sorangan, kitu deui nu awéwé. 13  Di kulawarga turunan Léwi, nu lalaki ceurik jeung kelompokna sorangan, kitu deui nu awéwé. Di kulawarga Syiméi, nu lalaki ceurik jeung kelompokna sorangan, kitu deui nu awéwé. 14  Kabéh kulawarga nu aya kénéh bakal ceurik. Unggal kulawarga bakal ceurik sorangan-sorangan. Nu lalaki ceurik jeung kelompokna sorangan, kitu deui nu awéwé.

Catetan Tambihan

As. “roh”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”batu nu ngabeungbeuratan”.
Atawa ”Para syékh”.
Atawa ”di tempat nu samistina”.
Atawa ”nu panglemahna”.