Zakharia 13:1-9

  • Berhala jeung nabi palsu disingkirkeun (1-6)

    • Nabi-nabi palsu bakal aréraeun (4-6)

  • Pangangon bakal diserang (7-9)

    • Nu sapertilu bakal dimurnikeun (9)

13  ”Dina poé éta, bakal aya sumur nu digali keur turunan Daud jeung penduduk Yérusalém, pikeun mersihan dosa jeung hal-hal nu najis.”  Saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Dina poé éta, berhala-berhala di ieu nagri ku Kuring bakal dimusnakeun. Ngaran maranéhna moal diinget-inget deui. Nu ngaku-ngaku nabi ku Kuring bakal diusir, kawasa ti roh najis gé bakal disingkirkeun.  Tapi lamun aya nu ngaramal deui, ku indung bapana sorangan bakal diomongan kieu, ’Manéh kudu dipaéhan lantaran geus ngabohong bari mamawa nami Yéhuwa.’ Ku sabab manéhna ngucapkeun ramalan palsu, ku indung bapana bakal ditubles.  ”Dina poé éta, kabéh nabi palsu bakal aréraeun waktu nepikeun titingalian nu eusina ramalan palsu. Maranéhna moal maké jubah tina bulu pikeun nipu jalma-jalma.  Malah ceuk manéhna, ’Kuring mah lain nabi, ngan saukur tukang ngagarap tanah, sabab ti ngongora gé geus dibeuli jadi budak beulian.’  Upama aya nu nanya, ’Ari éta awak* raraheut téh ku naon?’ Ku manéhna bakal dijawab, ’Ieu téh raheut basa keur di imah babaturan.’”   Saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Hé pedang, geura hudang. Lawan pangangon milik Kuring,Jalma nu jadi sobat Kuring. Serang éta pangangon, domba-dombana sina paburencay.Kuring sorangan bakal ngalawan jalma-jalma nu disapirakeun.”   Saur Yéhuwa, ”Dua pertilu penduduk di ieu nagri bakal diparaéhan jeung dibinasakeun.Sapertiluna deui bakal diantep hirup.   Nu sapertilu éta ku Kuring bakal diuji jeung dimurnikeun,Kawas emas jeung pérak nu dimurnikeun ku seuneu.Maranéhna bakal nyebut ngaran Kuring, Tuluy ku Kuring bakal dijawab.Kuring bakal ngomong, ’Maranéhna téh umat Kuring.’ Maranéhna gé bakal ngomong, ’Yéhuwa téh Allah abdi sadaya.’”

Catetan Tambihan

As. ”Ari éta di antara leungeun”. Maksudna, dina dada atawa tonggong.