Zakharia 14:1-21

  • Ibadah nu sajati bakal unggul (1-21)

    • Gunung Zaitun bakal beulah dua (4)

    • Ngan Yéhuwa nu bakal disembah, ngan nami-Na nu bakal dimulyakeun (9)

    • Panyakit nu nerap ka bangsa-bangsa nu merangan Yérusalém (12-15)

    • Ngarayakeun Perayaan Saung Daun (16-19)

    • Tiap panci bakal dianggap suci ku Yéhuwa (20, 21)

14  ”Poéna Yéhuwa bakal datang. Dina poé éta, musuh-musuh bakal ngajarah barang-barang maranéh,* tuluy dibagi-bagi di hareupeun maranéh.  ’Kabéh bangsa ku Kuring rék dikumpulkeun sina merangan Yérusalém. Éta kota bakal direbut, imah-imahna bakal dijarah, awéwé-awéwéna bakal diperkosa. Saparo pendudukna bakal diboyong jadi tawanan, saparona deui bakal diantep di éta kota.’  ”Yéhuwa bakal maju merangan éta bangsa-bangsa, kawas baréto dina poéan perang.  Engké dina poé éta, Anjeunna bakal ngadeg di Gunung Zaitun, nu aya di wétaneun Yérusalém. Éta gunung bakal beulah dua, ti wétan* ka kulon,* ngajadi lebak nu lega. Gunungna nu sabeulah bakal ngésér ka kalér, nu sabeulah deui ka kidul.  Maranéh bakal kalabur ka lebak di antara gunung-gunung Anjeunna, sabab éta lebak téh bakal nepi ka Azél. Maranéh bakal lalumpatan, sakumaha basa keur katarajang lini dina jaman Uzzia raja Yéhuda. Tuluy, Yéhuwa Allah kuring bakal datang bareng jeung sakabéh hamba-Na nu suci.  ”Dina poé éta, moal aya caang nu ngagebray, sagala rupa bakal jadi beku.*  Éta poé ku jalma-jalma bakal disebut poéna Yéhuwa. Éta téh lain beurang, lain peuting. Ti peuting gé bakal aya caang.  Dina poé éta, ti Yérusalém bakal bijil cai kahirupan, sawaréh ngocorna ka laut beulah wétan,* sawaréhna deui ka laut beulah kulon.* Éta cai bakal ngocor, boh dina usum* panas boh dina usum tiris.  Geus kitu, Yéhuwa bakal jadi Raja sakuliah bumi. Dina poé éta, ngan Yéhuwa nu bakal disembah, sarta ngan nami-Na nu bakal dimulyakeun. 10  ”Di sakuliah nagri, ti Géba nepi ka Rimon di beulah kidul Yérusalém, bakal jadi kawas Araba. Yérusalém bakal mumbul luhur sarta bakal dicicingan, ti semet Gerbang Bényamin nepi ka Gerbang Mimiti jeung Gerbang Pojok, sarta ti semet Munara Hananél nepi ka tempat pameresan anggur raja. 11  Yérusalém moal dikutuk jeung diancurkeun deui. Éta kota bakal dicicingan, sarta jalma-jalma nu maratuh di dinya bakal aman. 12  ”Bangsa-bangsa nu merangan Yérusalém ku Yéhuwa bakal diterapan panyakit. Hirup-hirup kénéh dagingna bakal baruruk, panonna bakal buruk dina kongkolakna, sarta létahna bakal buruk dina bahamna. 13  ”Dina poé éta, maranéhna kabéh ku Yéhuwa bakal disina kacow. Unggal jalma bakal silih lawan jeung silih serang pada baturna. 14  Yéhuda gé bakal milu perang di Yérusalém. Maranéhna bakal meunang harta rampasan ti bangsa-bangsa sakurilingna, nyaéta emas, pérak, jeung papakéan nu teu kaitung lobana. 15  ”Kuda, bagal,* onta, kaldé, jeung kabéh ingon-ingon di pakémahan musuh bakal keuna ogé ku panyakit nu tadi téa. 16  ”Geus kitu, sakur nu hirup kénéh ti sakabéh bangsa nu nyerang Yérusalém bakal datang ka Yérusalém saban taun. Maranéhna datang téh pikeun sujud* ka Raja, nyaéta Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, sarta pikeun ngarayakeun Perayaan Saung Daun. 17  Tapi, lamun ti antara sakabéh bangsa di bumi aya jalma nu teu datang ka Yérusalém pikeun sujud ka Raja, nyaéta Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bangsana moal dibéré hujan. 18  Upama bangsa Mesir embung datang jeung asup ka éta kota, maranéhna moal dibéré hujan. Sabalikna, maranéhna bakal diterapan panyakit, anu ku Yéhuwa dikeunakeun ka bangsa-bangsa nu teu daék datang ka Perayaan Saung Daun. 19  Kitu hukuman nu bakal keuna boh ka Mesir boh ka bangsa-bangsa séjénna nu embung datang ngarayakeun Perayaan Saung Daun. 20  ”Dina poé éta, dina loncéng-loncéng kuda bakal ditulisan, ’Yéhuwa téh suci!’ Panci-panci di bumina Yéhuwa bakal suci kawas mangkok-mangkok nu aya di hareupeun mézbah. 21  Tiap panci di Yérusalém jeung di Yéhuda bakal jadi suci sarta bakal jadi milik Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. Malah ku jalma-jalma nu datang rék ngurban téh éta panci bakal dipaké ngulub. Dina poé éta, geus moal aya deui urang Kanaan* di bumina Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”

Catetan Tambihan

Maksudna, Yérusalém.
Atawa ”ti lebah panonpoé medal”.
As. ”laut”.
Atawa ”sagala rupa moal bisa gerak”, bakating ku tiris-tirisna.
Maksudna, Laut Paéh.
Maksudna, Laut Tengah.
Atawa ”usim”.
Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.
Atawa ”ibadah”.
Atawa bisa jadi ”tukang dagang”.