Zakharia 2:1-13

  • Titingalian 3: Lalaki nu mawa tali ukuran (1-13)

    • Yérusalém rék diukur (2)

    • Yéhuwa, ”bénténg seuneu di sakurilingna” (5)

    • Noél siki mata Allah (8)

    • Loba bangsa bakal mihak ka Yéhuwa (11)

2  Ti dinya kuring tanggah, seug ningali aya hiji lalaki mawa tali ukuran.  Ku kuring ditanya, ”Badé ka mana?” Jawabna, ”Rék ngukur Yérusalém, hayang nyaho panjang jeung lébarna.”  Tuluy malaikat nu ngomong jeung kuring téh indit. Jol datang malaikat hiji deui nyampeurkeun ka éta malaikat,  pokna, ”Gancang lumpat ka ditu, béjaan éta budak ngora, ’”Yérusalém bakal jadi padésaan nu teu dibénténgan, sabab pendudukna jeung ingon-ingonna bakal kacida lobana.  Kuring nu bakal jadi bénténg seuneu di sakurilingna, sarta éta kota bakal pinuh ku kamulyaan Kuring,” saur Yéhuwa.’”  ”Buru! Buru! Geura kalabur ti nagri kalér,” saur Yéhuwa. ”Sabab maranéh ku Kuring geus dipabalencarkeun ka mamana,”* saur Yéhuwa.  ”Hé penduduk Zion nu maratuh di Babilon, geura kalabur ti dinya!  Sanggeus Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, dimulyakeun, Anjeunna ngutus kuring* ka bangsa-bangsa nu ngajarah maranéh. Saur Anjeunna, ’Sing saha nu noél maranéh, noél siki mata Kuring.  Ayeuna Kuring bakal ngangkat leungeun Kuring ngalawan maranéhna. Maranéhna bakal dijarah ku jalma-jalma nu saacanna diperbudak ku maranéhna.’ Engké maranéh pasti bakal nyaho yén kuring téh diutus ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. 10  ”Hé Zion, geura sarurak gumbira, sabab Kuring bakal datang jeung matuh di antara maranéh,” saur Yéhuwa. 11  ”Dina mangsa éta, loba bangsa bakal mihak ka Yéhuwa, tuluy maranéhna bakal jadi umat Kuring. Kuring bakal matuh di antara maranéh.” Engké maranéh bakal nyaho yén kuring téh diutus ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. 12  Yéhuda bakal jadi milik Yéhuwa di tanah nu suci, sarta Anjeunna bakal milih deui Yérusalém. 13  Hé sakabéh umat manusa, jep jempé di payuneun Yéhuwa, sabab Anjeunna keur ngajalankeun kahoyong-Na ti panglinggihana-Na nu suci.

Catetan Tambihan

As. ”ka opat arah angin di langit”.
Katingalina ngamaksudkeun malaikat.