Zakharia 4:1-14

  • Titingalian 5: Hiji wadah lampu jeung dua tangkal zaitun (1-14)

    • ”Lain ku kakuatan manusa, tapi ku kawasa ti Kuring” (6)

    • Ulah nyapirakeun pagawéan anu mimiti, najan katingalina leutik (10)

4  Malaikat nu tadi ngomong jeung kuring téh datang deui tuluy ngageuingkeun kuring, kawas ngageuingkeun anu saré.  Manéhna nanya kieu, ”Naon nu katingali ku manéh?” Kuring némbalan, ”Abdi ningali hiji wadah lampu nu kabéhanana dijieun tina emas. Di luhurna téh aya hiji mangkok. Di bagian luhur éta wadah lampu aya tujuh lampu. Unggal lampu aya pipahna masing-masing.  Di gigireunana aya dua tangkal zaitun, hiji di beulah katuhu éta mangkok, hiji deui di beulah kéncana.”  Geus kitu, kuring nanya ka malaikat nu ngomong jeung kuring, ”Upami éta téh naon maksudna nya, Juragan?”  Ceuk éta malaikat, ”Manéh teu nyaho naon maksudna?” Dijawab ku kuring, ”Teu terang, Juragan.”  Éta malaikat ngomong ka kuring, ”Ieu firman Yéhuwa ka Zérubabél, ’”Ieu kabéh bakal laksana lain ku pasukan tempur, lain ku kakuatan manusa, tapi ku kawasa ti Kuring,” saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.  Kajeun panghalang sagedé gunung gé, di hareupeun Zérubabél mah éta bakal rata jeung taneuh. Manéhna bakal mawa batu keur puncak bait. Jalma-jalma bakal sarurak, ”Alus pisan! Alus pisan!”’”  Aya deui firman Yéhuwa ka kuring,  ”Leungeun Zérubabél geus masangkeun pondasi ieu bait,* nya ku leungeun manéhna kénéh éta bakal dianggeuskeun.” Engké maranéh bakal nyaho yén Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nu ngutus kuring ka maranéh. 10  ”Ulah nyapirakeun pagawéan anu mimiti, najan katingalina leutik. Sabab jalma-jalma bakal bungah jeung bakal ningali lot* nu dicekel ku Zérubabél. Tujuh soca, nyaéta soca Yéhuwa, nu nilik-nilik sakuliah bumi téh bakal ningali hal éta.” 11  Tuluy kuring nanya ka éta malaikat, ”Upami dua tangkal zaitun nu aya di kéncaeun jeung katuhueun wadah lampu éta téh naon hartina?” 12  Kuring nanya deui, ”Terus naon hartina dua ranting* zaitun nu ngucurkeun minyak emas liwat dua pipah emas éta?” 13  Ceuk éta malaikat, ”Manéh teu nyaho éta téh hartina naon?” Dijawab ku kuring, ”Teu terang, Juragan.” 14  Ceuk manéhna, ”Duanana téh ngagambarkeun dua jalma nu dipilih, nu ngadeg gigireun Gusti nu ngawasaan sakuliah bumi.”

Catetan Tambihan

As. ”imah”.
Lot téh babandul nu ditalian nu dipaké pikeun mariksa lempeng henteuna témbok. As. ”batu; kaléng”.
Maksudna, ranting-ranting nu buahna leubeut.