Zakharia 7:1-14

  • Yéhuwa teu resep ka nu puasa tapi haténa teu iklas (1-14)

    • ’Maranéh puasa téh bener-bener demi Kuring?’ (5)

    • ’Kudu adil, mikanyaah, jeung mikawelas’ (9)

7  Dina taun kaopat pamaréntahan Raja Darius, dina poé kaopat bulan kasalapan, nyaéta bulan Kisléw,* kuring, Zakharia, narima firman ti Yéhuwa.  Urang Bétel ngutus Syarézér jeung Régém-mélékh bareng jeung batur-baturna pikeun ménta piwelas ti Yéhuwa.  Maranéhna nanya ka para imam di bait Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, jeung ka para nabi, ”Unggal bulan kalima abdi ceurik sareng puasa, abdi téh kedah ngalakonan kitu deui, sakumaha nu tos dilakonan salami mangtaun-taun?”  Ti dinya aya deui firman ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ka kuring. Ieu eusina,  ”Béjakeun kieu ka sakabéh jalma di éta nagri jeung ka para imam, ’Salila 70 taun ieu, maranéh puasa jeung ceurik dina bulan kalima jeung bulan katujuh, mémangna éta téh bener-bener demi Kuring?  Waktu maranéh dahar jeung nginum, maranéh dahar jeung nginum keur diri sorangan, pan?  Kuduna mah maranéh téh taat kana firman Yéhuwa nu ditepikeun ku nabi-nabi baheula. Harita, Yérusalém jeung kota-kota di sakurilingeunana téh aya kénéh nu nyicingan jeung kaayaanana tengtrem. Harita, Négéb jeung Syéféla gé aya nu nyicingan.’”  Kuring, Zakharia, narima deui firman ti Yéhuwa. Pokna,  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Ari ngahakiman téh kudu adil. Maranéh kudu mikanyaah* jeung mikawelas ka pada batur. 10  Ulah nipu randa, budak yatim,* urang asing, atawa nu miskin. Ulah boga niat jahat ka nu séjén.’ 11  Tapi maranéhna téh teterusan teu merhatikeun. Maranéhna ngadon nonggongan jeung nyarocokan ceuli, embung ngadéngé. 12  Haté maranéhna teuas kawas inten. Maranéhna teu daék nurut kana hukum* jeung firman ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nu ditepikeun ku para nabi baheula nu dibingbing ku kawasa suci-Na. Ku kituna, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, jadi kacida ambekna.” 13  ”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nyarios, ’Maranéhna teu ngadéngékeun waktu digeroan ku Kuring, nya Kuring gé moal ngadéngékeun waktu maranéhna sasambat ka Kuring. 14  Kuring ngaburencaykeun maranéhna ku angin topan ka bangsa-bangsa nu teu dikenal ku maranéhna. Nagri maranéhna ditinggalkeun jeung jadi kalantar. Euweuh nu ngaliwat atawa balik deui ka dinya, sabab éta nagri nu éndah téh ku maranéhna geus dijadikeun tempat nu pikasieuneun.’”

Catetan Tambihan

Tingali Lamp. B15.
Atawa ”némbongkeun asih satia”.
Atawa ”yatim pahatu”.
Atawa ”pituduh”.