Zakharia 8:1-23

  • Zion ku Yéhuwa dibéré bebeneran jeung karukunan (1-23)

    • Yérusalém, ”kota bebeneran” (3)

    • ”Jeung pada batur, ngomong téh kudu jujur” (16)

    • Puasa diganti ku perayaan (18, 19)

    • ”Hayu urang nyuhunkeun berkah ti Yéhuwa” (21)

    • Sapuluh jalma nyekel pageuh jubah hiji urang Yahudi (23)

8  Aya deui firman ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Kuring sumanget ngabéla Zion, kacida sumangetna. Kuring bakal ambek pisan ka musuh-musuhna bakating sumanget ngabéla manéhna.’”  ”Ieu ucapan Yéhuwa, ’Kuring bakal balik deui ka Zion sarta matuh di Yérusalém. Yérusalém bakal disebut kota bebeneran.* Gunungna Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal disebut gunung suci.’”  ”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngucap kieu, ’Nu karolot, boh lalaki boh awéwé, bakal dariuk di alun-alun kota Yérusalém kawas baheula. Masing-masing nyekel iteukna ku lantaran geus kolot.  Éta alun-alun téh bakal ramé ku barudak lalaki jeung barudak awéwé nu arulin di dinya.’”  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Keur jalma-jalma nu nyésa mah meureun éta téh karasana mustahil, tapi aya nu mustahil kitu keur Kuring?’ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”  ”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngucap kieu, ’Kuring nyalametkeun umat Kuring ti nagri wétan jeung nagri kulon.*  Kuring bakal mawa balik maranéhna, sina maratuh di Yérusalém. Maranéhna bakal jadi umat Kuring, Kuring gé bakal jadi Allah maranéhna nu satia jeung adil.’”  ”Kieu ucapan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Sing wani.* Maranéh téh ayeuna ngadéngé kekecapan ti para nabi. Ieu kekecapan baheula pernah diucapkeun basa pondasi bumina Yéhuwa bérés dipasang, supaya bait bisa diwangun. 10  Saméméh mangsa éta, euweuh hiji-hiji acan jalma atawa sato anu meunang buruh. Euweuh nu aman kaluar asup lantaran aya musuh. Ku Kuring kabéhanana sina silih lawan.’ 11  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Tapi ayeuna, ka jalma-jalma nu nyésa ti ieu bangsa mah Kuring moal kawas baheula, 12  sabab binih nu ngahasilkeun katengtreman bakal dipelak, tangkal anggur bakal buahan, bumi bakal méré hasilna, sarta langit bakal nurunkeun ciibun. Éta berkah-berkah nu ku Kuring bakal dibikeun ka jalma-jalma nu nyésa ti ieu bangsa. 13  Hé urang Yéhuda jeung urang Israél, baréto bangsa-bangsa séjén nyebutkeun ngaran maranéh waktu nyumpahan batur, tapi ayeuna Kuring bakal nyalametkeun maranéh, geus kitu maranéh bakal jadi berkah. Ulah sieun! Sing wani.’* 14  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’”Basa karuhun maranéh nyieun piambekeun, Kuring mutuskeun pikeun ngadatangkeun musibat ka maranéh. Kuring teu ngarobah putusan Kuring,” saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, 15  ”ayeuna gé kitu, Kuring mutuskeun rék ngadatangkeun berkah ka Yérusalém jeung ka urang Yéhuda. Jadi, ulah sieun!”’ 16  ”’Ieu nu kudu dilampahkeun ku maranéh: Ari jeung pada batur, ngomong téh kudu jujur. Waktu ngaadilan di gerbang kota, putusanana kudu bener jeung mawa karukunan. 17  Ulah boga niat jahat ka pada batur sarta ulah sumpah palsu. Kuring téh ngéwa ka nu kararitu,’ ucap Yéhuwa.” 18  Kuring narima deui firman ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, 19  ”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nyarios kieu, ’Puasa dina bulan kaopat, kalima, katujuh, jeung kasapuluh téh bakal jadi perayaan nu pibagjaeun, éta waktuna keur urang Yéhuda suka-suka jeung gumbira. Jadi, kudu cinta kana bebeneran jeung karukunan.’ 20  ”Ieu ucapan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Engké bangsa-bangsa jeung penduduk ti kota-kota bakal daratang. 21  Penduduk ti hiji kota bakal manggihan penduduk ti kota séjén tuluy pada ngajak kieu, ”Hayu urang nyuhunkeun berkah ti Yéhuwa, urang ngalalayanan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. Hayu urang babarengan ka ditu.” 22  Loba jalma jeung bangsa nu kuat bakal daratang ka Yérusalém rék ngalalayanan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, sarta nyuhunkeun berkah ti Yéhuwa.’ 23  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Dina mangsa éta, sapuluh jalma ti sakabéh bangsa jeung basa bakal nyekel pageuh jubah* hiji urang* Yahudi bari ngaromong kieu, ”Urang gé hayang milu jeung maranéh, sabab urang geus ngadéngé yén Allah nyarengan maranéh.”’”

Catetan Tambihan

Atawa ”kasatiaan”.
Atawa ”nagri panonpoé medal jeung nagri panonpoé surup”.
Atawa ”Kuatkeun leungeun maranéh pikeun digawé”.
Atawa ”Kuatkeun leungeun maranéh pikeun digawé”.
Atawa ”tungtung baju”.
As. ”hiji lalaki”.