Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 17

Kumaha Kitab Suci Tiasa Ngabantu Kulawarga Sadérék?

Kumaha Kitab Suci Tiasa Ngabantu Kulawarga Sadérék?

SALAKI/BAPA

’Nya kitu salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh. (Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara.) . . . Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan.’

Epesus 5:28, 29, 33

”Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.”

Epesus 6:4

PAMAJIKAN

”Unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.”

Epesus 5:33

”Para wanita anu rumah tangga sing ngesto ka salaki. Eta kawajiban umat Kristus.”

Kolosa 3:18

BARUDAK

”Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade. ’Kudu hormat ka bapa jeung ka indung’ teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu: ’Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai.’”

Epesus 6:1-3

”Barudak umat Kristus, maraneh salawasna kudu nurut ka kolot. Budak nu nurut ka kolot bakal diasih ku Allah.”

Kolosa 3:20