Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 7

Naon Nubuat Kitab Suci ngeunaan Jaman Urang?

Naon Nubuat Kitab Suci ngeunaan Jaman Urang?

”Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang . . . Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru.”

Mateus 24:7, 8

”Nabi-nabi palsu barijil, loba anu bakal kasasarkeun. Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna.”

Mateus 24:11, 12

”Maraneh, di nu deukeut-deukeut bakal ngadenge gederna anu keur tarung, ti nu jarauh bakal ngadenge beja-beja perang. Tapi teu kudu hariwang. Sanajan geus pasti engke teh kitu, tapi eta mah lain kiamat.”

Markus 13:7

”Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, di langit bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun.”

Lukas 21:11

”Dina ahir jaman bakal loba kasukeran. Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama; taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade; resep ngahianat, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang; ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire.”

2 Timoteus 3:1-5