Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 15

Kumaha Carana Sangkan Bagja?

Kumaha Carana Sangkan Bagja?

”Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah, ti batan dahar jeung daging tapi bari aya kangewa.”

Siloka 15:17

”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.”

Yesaya 48:17

”Nya bagja jalma anu . . . nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting. Jelema anu kitu ibarat tangkal nu jadi di sisi walungan, dina usumna tangtu buahan, daunna ge moal aya alumna, sapanejana tangtu tinekanan.”

Jabur 1:1-3

”Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.”

Mateus 22:39

”Pilampah ka batur lampah anu ku maraneh diharep malar batur oge milampah kitu ka maraneh.”

Lukas 6:31

”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!”

Lukas 11:28

”Sabab hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.”

Lukas 12:15

”Anu matak asal cukup dahar cukup pake ge hirup teh meujeuhna.”

1 Timoteus 6:8

”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”

Rasul 20:35