Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 2

Kumaha Carana Diajar ngeunaan Allah?

Kumaha Carana Diajar ngeunaan Allah?

“Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum salawasna . . . Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya. Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.”

Yosua 1:8

“Mimitina disalin heula ku lisan [dibacakeun] sabagian-sabagian, tuluy diterangkeun pihartieunana sangkan kaharti ku hadirin.”

Nehemia 8:8

“Nya bagja jalma anu nolak pangajak jalma jahat . . . , sabalikna resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting. . . . Sapanejana tangtu tinekanan.”

Jabur 1:1-3

“Pilipus lumpat ngudag kareta; sanggeus deukeut kadangueun eta pajabat keur ngaos kitab Nabi Yesaya, tuluy ditaros, ’Kahartos aosanana, Juragan?’ ’Bade kahartos kumaha, teu aya anu nerangkeunana,’ walerna.”

Rasul 8:30, 31

“Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na. Ku hal eta manusa teh geus moal bisa nyebut can nyaho.”

Rum 1:20

“Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta, supaya tembong ku sarerea yen hidep aya kamajuan.”

1 Timoteus 4:15

“Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan.”

Ibrani 10:24, 25

“Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.”

Yakobus 1:5