Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 10

Naon Jangji Kitab Suci ngeunaan Mangsa Pikahareupeun?

Naon Jangji Kitab Suci ngeunaan Mangsa Pikahareupeun?

”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.”

Jabur 37:29

”Jagat mah tetep-tumetep.”

Pandita 1:4

”PANGERAN Nu Maha Agung bakal numpes ajal maot sina sirna salalawasna! Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon.”

Yesaya 25:8

”Nu lolong bakal bisa nenjo, nu torek bakal bisa ngadenge. Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung ngigel, nu pireu bakal bisa susurakan. Kocoran-kocoran cai bakal ngalocor di gurun keusik.”

Yesaya 35:5, 6

”Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.”

Wahyu 21:4

”Anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian. Marelak anggur, anggurna bisa kainum sorangan ku nu melakna, moal ku nu sejen. Cara tatangkalan, umat Kami bakal paranjang umurna, bakal bisa metik kani’matan hasil gawena.”

Yesaya 65:21, 22