Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 8

Naha Allah nu Ngalantarankeun Kasangsaraan Manusa?

Naha Allah nu Ngalantarankeun Kasangsaraan Manusa?

”Allah Nu Maha Kawasa tara midamel kaawonan, ka sasaha ge tara teu midamel nu satemenna.”

Ayub 34:12

”Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ’Ieu cocoba teh ti Allah.’ Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.”

Yakobus 1:13

”Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.”

1 Petrus 5:7

”Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.”

2 Petrus 3:9