Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 1

Saha Allah téh?

Saha Allah téh?

“Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng PANGERAN [Yéhuwa, NW], anu murbeng sakuliah jagat.”

Jabur 83:19

“Embarkeun yen PANGERAN teh Allah. Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na.”

Jabur 100:3

“Allah maneh teh ngan Kami, PANGERAN. Kaagungan Kami moal dibagikeun ka saha-saha, Kami moal ngantep arca kabagi kamashuran Kami.”

Yesaya 42:8

“Sabab sing saha anu sumambat ka pajenengan Pangeran, tinangtu disalametkeun.”

Rum 10:13, Sunda Formal

“Imah tangtu aya anu nyieunna, ari saniskara sajagat raya dipidamelna ku Allah.”

Ibrani 3:4

“Coba tanggah ka angkasa! Saha nu nyiptakeun bentang-bentang? Ku Mantenna bentang-bentang teh dipingpin kawas hiji pasukan. Mantenna uninga reana, sarta masing-masing dipaparin ngaran. Mantenna maha kawasa —eta bentang-bentang can aya anu leungit.”

Yesaya 40:26