Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 5

Naon Warta Utama Kitab Suci?

Naon Warta Utama Kitab Suci?

“Kami rek nyieun maneh jeung eta awewe mumusuhan, kitu oge turunan maneh jeung turunanana. Manehna bakal ngaremukkeun hulu maneh, ari maneh bakal ngaremukkeun keuneung manehna.”

Kajadian 3:15, NW

“Bangsa-bangsa saalam dunya baris mareunang berkah ku lantaran turunan maneh, sabab maneh tuhu kana parentah Kami.”

Kajadian 22:18

“Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.”

Mateus 6:10

“Allah, sumber kabagjaan urang, bakal gancang-gancang ngaremukkeun Iblis, pikeun idekeun aranjeun.”

Rum 16:20

“Tapi sanggeus kabeh taluk ka pamarentahan Kristus, Anjeunna ku anjeun, Putra Allah, bakal nalukkeun anjeun ka Allah anu nalukkeun saniskara ka Anjeunna. Allah ku manten anu bakal murba ka sakabeh.”

1 Korinta 15:28

“Allah geus ngadamel perjangjian ka Ibrahim jeung turunanana . . . , nya eta Yesus Kristus. Ku sabab geus jadi kagungan Kristus, aranjeun teh jadi turunan Ibrahim.”

Galata 3:16, 29

“Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!”

Wahyu 11:15

“Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna.”

Wahyu 12:9

“Tuluy newak naga, si oray kahot, anu saenyana mah Iblis atawa Setan, terus dirante lilana pikeun sarebu taun.”

Wahyu 20:2