Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 14

Karajaan nu Bakal Maréntah Bumi

Karajaan nu Bakal Maréntah Bumi

Ayeuna, hayu urang diajar ngeunaan hiji Karajaan. Hidep nyaho Karajaan naon éta téh?​— Enya, éta téh Karajaan Allah. Éta Karajaan bakal ngarobah bumi jadi pirdaus. ­Hidep hayang diajar ngeunaan éta Karajaan?​—

Unggal karajaan dipingpin ku hiji raja. Éta raja maréntah sakabéh jalma di nagarana. Hidep nyaho saha Raja Karajaan Allah téh?⁠— Éta téh Yésus Kristus. Yésus hirup di sawarga. Moal lila deui, Yésus bakal jadi raja nu maréntah sakabéh jalma di bumi! Ceuk hidep, waktu Yésus jadi Raja, hirup urang bakal senang teu?​—

Naon nu bakal dilakukeun ku hidep di Pirdaus?

Urang pasti bakal senang pisan! Di Pirdaus, jalma-jalma moal paraséa atawa perang deui. Jalma-jalma bakal silih pikanyaah. Moal aya deui jalma nu gering jeung maot. Nu teu bisa ningali bakal bisa ningali. Nu teu bisa ngadéngé bakal bisa ngadéngé. Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung lumpat. Jalma-jalma bakal boga loba dahareun. Kabéh sasatoan bakal ­hirup rukun babarengan, ogé moal nyilakakeun urang deui. Jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui. Hidep inget teu ka Rabéka, Rahab, Daud, jeung Élias? Maranéhna gé bakal hirup deui! Hidep hayang panggih jeung maranéhna?​—

Yéhuwa nyaah pisan ka hidep. Yéhuwa hayang hidep senang hirupna. Lamun hidep diajar ngeunaan Yéhuwa jeung nurut ka Yéhuwa, hidep bakal bisa hirup langgeng di pirdaus nu éndah! Hidep hayang hirup di dinya?​—

BACA DINA KITAB SUCI