Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 4

Adam jeung Hawa Ngadéngékeun Sétan—Naon Balukarna?

Adam jeung Hawa Ngadéngékeun Sétan—Naon Balukarna?

Adam jeung Hawa teu taat ka Gusti, balukarna maot. Kajadian 3:6, 23

Hawa ngadéngékeun éta oray, terus ngadahar buahna. Terus éta buah dibikeun ka Adam, seug didahar ku Adam.

Tindakan maranéhna téh salah, éta téh dosa. Gusti ngusir maranéhna ti Pirdaus.

Hirup Adam, Hawa, sarta barudakna jadi susah. Maranéhna ngolotan jeung maot. Sanggeus maot, maranéhna teu indit ka sawarga atawa naraka, tapi geus teu aya deui.

Nu maot balik deui ngajadi taneuh. Kajadian 3:19

Urang kabéh maot ku lantaran Adam jeung Hawa. Nu maot teu bisa ningali, ngadéngé, atawa ngalakukeun nanaon.​—Pandita 9:5, 10.

Yéhuwa teu hayang jalma-jalma maot. Moal lila deui, Mantenna bakal ngahirupkeun deui nu geus maot. Lamun nurut ka Yéhuwa, maranéhna bakal hirup langgeng.