Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 10

Naon Berkah keur Jalma-Jalma nu Ngadangukeun Gusti?

Naon Berkah keur Jalma-Jalma nu Ngadangukeun Gusti?

Kalolobaan jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui di bumi. Yohanes 11:25

Pék bayangkeun berkahna lamun ngadangukeun Yéhuwa! Sadérék bakal séhat. Moal aya deui nu gering, lumpuh, atawa cacad. Nu jahat gé moal aya deui, jadi kabéh jalma bisa dipercaya.

Moal aya deui kanyeri, kasedih, atawa piceurikeun. Moal aya nu ngolotan jeung maot.

Sadérék bakal ngumpul jeung kulawarga sarta babaturan. Kahirupan di Pirdaus téh bakal bener-bener bagja!

Moal aya deui nu ngarasa sieun. Jalma-jalma bakal saruka bungah.

Karajaan Allah bakal nyingkirkeun kabéh kasangsaraan. Wahyu 21:3, 4