Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 1

Kumaha Carana Urang Ngadangukeun Gusti?

Kumaha Carana Urang Ngadangukeun Gusti?

Maca Alkitab téh ibarat ngadangukeun Gusti ngomong ka urang. 2 Timoteus 3:16

Gusti ngabingbing sababaraha jalma pikeun nuliskeun pipikirana-Na dina buku nu penting, nyaéta Kitab Suci atawa Alkitab. Gusti hoyong Sadérék maca éta buku sabab eusina téh penting.

Gusti apal nu panghadéna keur urang. Jadi lamun ngadangukeun Mantenna, urang bisa nyieun putusan nu bijaksana.​—Pamindo 12:28.

Gusti hoyong kabéh jalma maca Alkitab. Ayeuna, Alkitab geus aya dina loba basa.

Lamun Sadérék hoyong ngadangukeun Gusti, Sadérék kudu maca jeung paham kana eusi Alkitab.

Jalma-jalma di sakuliah dunya keur diajar ngeunaan Gusti. Mateus 28:19

Saksi-Saksi Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék paham eusi Alkitab.

Di sakuliah dunya, Saksi-Saksi Yéhuwa ngajarkeun bebeneran ngeunaan Gusti.

Dina pakumpulan ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa, Sadérék bisa diajar bebeneran ngeunaan Gusti. Sadérék teu kudu mayar nanaon.