Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 9

Iraha Bumi Jadi Pirdaus?

Iraha Bumi Jadi Pirdaus?

Masalah-masalah dunya ngabuktikeun yén sakeudeung deui Karajaan Allah bakal nyieun bumi jadi Pirdaus. Lukas 21:10, 11; 2 Timoteus 3:1-5

Loba kajadian dina jaman ayeuna geus diramalkeun dina Kitab Suci. Misalna, jalma-jalma bakal cinta kana duit, ngalawan ka kolot, bengis, jeung leuwih resep senang-senang.

Di mana-mana, bakal aya lini nu hébat, perang, bahla kalaparan, jeung wabah panyakit. Éta kabéh geus kajadian ayeuna.

Nabi Isa ogé ngomong yén kabar gumbira ngeunaan Karajaan Allah bakal diwartakeun di sakuliah dunya.​—Mateus 24:14.

Karajaan Allah bakal numpes kabéh kajahatan. 2 Petrus 3:13

Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngabasmi nu jarahat.

Sétan jeung roh-roh jahat bakal dihukum.

Nu ngadangukeun Gusti bakal salamet jeung hirup tengtrem di Pirdaus. Moal aya deui nu ngarasa sieun sabab kabéh bakal silih percaya jeung silih pikanyaah.