Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 3

Saperti Kumaha Kahirupan nu Mimiti téh?

Saperti Kumaha Kahirupan nu Mimiti téh?

Yéhuwa nyadiakeun sagala pangabutuh Adam jeung Hawa. Kajadian 1:28

Yéhuwa nyiptakeun awéwé nu mimiti, nyaéta Hawa. Sanggeusna, Hawa dibikeun ka Adam pikeun dijadikeun pamajikan.​—Kajadian 2:21, 22.

Maranéhna dibéré pikiran jeung awak nu sampurna, teu aya cacadna.

Maranéhna cicing di Taman Éden, nu disebut Pirdaus. Taman éta téh éndah pisan. Aya walungan, tangkal-tangkal buah, jeung sasatoan.

Yéhuwa osok ngajar sarta ngobrol jeung maranéhna. Lamun ngadangukeun Mantenna, maranéhna bakal hirup langgeng di Pirdaus nu aya di bumi.

Gusti ngalarang maranéhna ngadahar buah tina salah sahiji tangkal. Kajadian 2:16, 17

Saurang malaikat barontak ka Yéhuwa. Malaikat jahat ieu disebut Sétan si Iblis.

Yéhuwa némbongkeun hiji tangkal ka Adam jeung Hawa. Maranéhna dilarang ngadahar buahna sabab lamun didahar, maranéhna bakal maot.

Sétan teu hayang Adam jeung Hawa taat ka Yéhuwa. Jadi, manéhna ngagunakeun oray pikeun ngomong ka Hawa. Manéhna ngomong lamun éta buah didahar, Hawa moal maot, tapi bakal jadi siga Gusti. Éta téh bohong!​—Kajadian 3:1-5.