Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 11

Naha Doa Urang Didangukeun ku Yéhuwa?

Naha Doa Urang Didangukeun ku Yéhuwa?

Gusti ngadangukeun doa urang. 1 Petrus 3:12

Yéhuwa ngadangukeun doa jalma-jalma. (1 Yohanes 5:14) Mantenna hoyong urang ngungkabkeun eusi haté dina doa.

Pék ngadoa ka Yéhuwa, ulah ka nu séjén.

Urang bisa ngadoakeun sagala hal. 1 Yohanes 5:14

Pék ngadoa supaya kahoyong Gusti laksana di bumi, saperti di sawarga.

Pék ngadoa ku jalan Nabi Isa.​—Yohanes 15:16.

Ménta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun ngalakukeun kahadéan. Sadérék ogé bisa ngadoakeun kadaharan, pagawéan, imah, papakéan, jeung kaséhatan.