Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL DUA

Kitab Suci—Buku ti Allah

Kitab Suci—Buku ti Allah

1, 2. Naon sababna Kitab Suci téh hadiah istiméwa ti Allah?

KUMAHA parasaan Sadérék lamun dibéré hadiah ku babaturan? Sadérék pasti bungah lantaran diperhatikeun ku manéhna. Sadérék teu sabar hayang nyaho eusina. Tangtu Sadérék nganuhunkeun pisan ka manéhna.

2 Kitab Suci téh hadiah ti Allah. Kitab Suci méré informasi nu moal aya di tempat séjén. Contona, Kitab Suci méré nyaho urang yén Allah nu nyiptakeun langit, bumi, sarta lalaki jeung awéwé nu mimiti. Kitab Suci méré prinsip-prinsip nu bisa ngabantu urang nyanghareupan masalah. Kitab Suci ogé ngajarkeun yén Allah bakal ngawujudkeun tujuana-Na pikeun ngarobah bumi jadi leuwih alus. Kitab Suci téh hadiah nu istiméwa!

3. Sadérék bakal nyaho naon waktu diajar Kitab Suci?

3 Waktu diajar Kitab Suci, Sadérék bakal nyaho yén Allah miharep Sadérék jadi sobat-Na. Beuki loba diajar ngeunaan Allah, beuki raket Sadérék ka Mantenna.

4. Naon hébatna Kitab Suci téh?

4 Kitab Suci geus ditarjamahkeun dina kira-kira 2.800 basa, sarta aya miliaran nu geus dicitak. Leuwih ti 90 persén jalma di dunya bisa maca Kitab Suci dina basa indungna sorangan. Sarta unggal minggu, leuwih ti sajuta jalma narima Kitab Suci! Moal aya buku séjén nu saperti Kitab Suci.

5. Naon sababna Kitab Suci disebut ”wahyu ti Allah”?

5 Kitab Suci téh ”wahyu ti Allah”. (Baca 2 Timoteus 3:16.) Tapi, bisa jadi sababaraha jalma boga pamikiran, ’Kitab Suci téh pan ditulis ku manusa, naha disebut buku ti Allah?’ Kitab Suci ngajawab, ”Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana . . . Roh Suci.” (2 Petrus 1:21) Ieu saperti bos nitah sekertarisna nulis surat. Saha nu ngarang éta surat? Tangtu bosna, lain sekertarisna. Kitu ogé, Pangarang Kitab Suci téh Allah, manusa mah ngan saukur nuliskeunana. Allah ngabingbing maranéhna nuliskeun pikirana-Na. Kitab Suci téh mémang ”amanat ti Allah”.​—1 Tesalonika 2:13; tingali Catetan Ahir 2.

KITAB SUCI TÉH AKURAT

6, 7. Naon buktina yén Kitab Suci téh eusina teu patukang tonggong?

6 Butuh leuwih ti 1.600 taun pikeun nulis Kitab Suci. Nu narulisna hirup di jaman nu béda-béda. Sababaraha di antarana nyakola, tapi aya ogé nu henteu. Contona, salah sahijina téh dokter, nu séjénna patani, nalayan, pangangon, nabi, hakim, jeung raja. Sanajan nu nulisna béda-béda, kabéh bagian dina Kitab Suci saluyu, teu aya nu patukang tonggong. *

7 Bagian awal Kitab Suci ngajelaskeun kumaha mimitina aya kasusahan di dunya. Bagian ahir ngajelaskeun yén Allah bakal mungkas kasusahan ku cara nyieun bumi jadi pirdaus. Kitab Suci ngamuat sajarah manusa nu lilana rébuan taun, jeung némbongkeun yén tujuan Allah salawasna laksana.

8. Naon contona yén Kitab Suci téh akurat ngeunaan alam?

8 Kitab Suci téh lain buku élmu alam, tapi lamun ngabahas ngeunaan alam, eusina akurat. Mémang kudu kitu buku ti Allah mah. Contona, di buku Imamat aya pituduh Allah ka bangsa Israil ngeunaan carana sangkan panyakit teu ngawabah. Pituduh ieu ditulis lila saacan jalma-jalma nyahoeun yén baktéri jeung virus bisa nyababkeun panyakit. Kitab Suci ogé ngajarkeun yén bumi téh ngagantung di awang-awang. (Ayub 26:7) Pandita 1:7 ngajelaskeun siklus cai nu aya di bumi, nu harita mah can kanyahoan.

9. Naon nu dibuktikeun ku kajujuran nu narulis Kitab Suci?

9 Kitab Suci ogé akurat waktu ngabahas sajarah. Loba buku sajarah henteu akurat lantaran nu narulisna teu jujur. Contona, maranéhna tara nuliskeun lamun nagarana éléh perang. Tapi, nu narulis Kitab Suci mah jalujur, maranéhna nyaritakeun waktu Israil éléh perang. Maranéhna ogé nuliskeun kasalahanana sorangan. Contona, di buku Bilangan, Musa nuliskeun sorangan kasalahanana nepi ka dihukum ku Allah. (Bilangan 20:2-12) Kajujuran nu narulis Kitab Suci ngabuktikeun yén Kitab Suci asalna ti Allah. Jadi, urang bisa percaya ka Kitab Suci.

BUKU NU PINUH KU PITUDUH

10. Naon sababna pituduh Kitab Suci téh gedé mangpaatna pikeun urang ayeuna?

10 Kitab Suci téh ”sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan”. (2 Timoteus 3:16) Pituduh Kitab Suci téh gedé mangpaatna pikeun urang. Yéhuwa nu nyiptakeun urang, jadi Mantenna ngarti kana pikiran jeung parasaan urang. Mantenna leuwih apal urang ti batan urang sorangan, jeung hoyong urang bagja. Mantenna apal naon nu alus jeung nu goréng pikeun urang.

11, 12. (a) Pituduh naon nu aya di Mateus pasal 5 nepi ka 7? (b) Naon deui nu diajarkeun Kitab Suci ka urang?

11 Di Mateus pasal 5 nepi ka 7, aya pituduh Yésus ngeunaan carana hirup bagja, carana rukun jeung batur, carana ngadoa, jeung pandangan nu bener ngeunaan duit. Sanajan pituduh ieu umurna geus 2.000 taun, tapi masih kénéh gedé mangpaatna pikeun urang ayeuna.

12 Dina Kitab Suci, Yéhuwa masihan prinsip nu ngabantu urang boga kahirupan kulawarga nu leuwih bagja, jadi pagawé nu hadé, sarta hirup rukun jeung batur. Prinsip Kitab Suci salawasna bisa ngabantu urang, teu sual saha urang, ti mana asal urang, atawa masalah naon nu keur disanghareupan.​—Baca Yesaya 48:17; tingali Catetan Ahir 3.

NUBUAT KITAB SUCI BISA DIPERCAYA

Yésaya nganubuatkeun yén Babul bakal ditalukkeun

13. Naon nu dinubuatkeun ku Yésaya ngeunaan kota Babul?

13 Loba nubuat, atawa ramalan, dina Kitab Suci geus jadi kanyataan. Contona, Yésaya nganubuatkeun Babul bakal diancurkeun. (Yesaya 13:19) Manéhna ngajelaskeun sacara rinci kumaha kajadianana. Babul boga gerbang nu kuat jeung dikurilingan ku walungan. Tapi, Yésaya nganubuatkeun walungan éta bakal saat jeung gerbangna gé bakal molongo. Musuh teu kudu perang pikeun ngarebut kota. Malahan, Yésaya nganubuatkeun ngaran pamingpin nu nyerang Babul, nyaéta Korés.​—Baca Yesaya 44:27-45:2; tingali Catetan Ahir 4.

14, 15. Kumaha nubuat Yésaya jadi kanyataan?

14 Dua ratus taun sanggeus nubuat éta ditulis, pasukan datang siap nyerang Babul. Saha nu jadi pamingpinna? Korés, raja Pérsia, sakumaha nu geus dinubuatkeun. Rincian séjénna tina éta nubuat bakal jadi kanyataan.

15 Peuting waktu diserang, urang Babul téh keur pésta. Maranéhna ngarasa aman sabab dikurilingan ku témbok nu kandel jeung walungan. Di luar kota, Korés jeung pasukanna nyaatkeun cai walungan. Sanggeus caina rada saat, karék pasukan bisa ngaliwat. Tapi, kumaha carana pasukan bisa norobos témbok Babul? Sakumaha nu geus dinubuatkeun, gerbang kota diantepkeun molongo, jadi pasukan Pérsia teu kudu perang pikeun ngarebut kota.

16. (a) Sakumaha nu dinubuatkeun ku Yésaya, kumaha Babul engkéna? (b) Ti mana urang nyaho yén nubuat Yésaya jadi kanyataan?

16 Yésaya nganubuatkeun yén dina waktuna moal aya saurang-urang acan nu bakal nyicingan Babul. Manéhna nuliskeun, ”Hamo dicicingan deui.” (Yesaya 13:20) Naha enya éta téh jadi kanyataan? Tempat Babul baheula ngan nyésa ruruntuhanana wungkul. Lokasina kira-kira 80 kilométer kiduleun Bagdad, Irak. Nepi ka ayeuna, euweuh nu nyicingan. Yéhuwa ngancurkeun Babul nepi ka ’sagala rupana beak disapukeun’.​—Yesaya 14:22, 23. *

Ruruntuhan Babul

17. Naon sababna urang bisa percaya kana jangji-jangji Allah?

17 Lobana nubuat Kitab Suci nu geus jadi kanyataan ngabuktikeun yén urang bisa percaya kana nubuat Kitab Suci ngeunaan mangsa pikahareupeun. Urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji-Na pikeun mulihkeun bumi jadi pirdaus. (Baca Bilangan 23:19.) Jadi, urang boga harepan ’hirup langgeng nu geus dijangjikeun ku Allah, da Allah mah tara jalir jangji’.​—Titus 1:2. *

KITAB SUCI BISA NGAROBAH KAHIRUPAN

18. Kumaha Paulus ngajelaskeun ”Pangandika Allah”?

18 Urang geus diajar yén euweuh buku séjén nu siga Kitab Suci. Sakabéh eusina saluyu, sarta akurat lamun ngabahas élmu alam jeung sajarah. Kitab Suci ogé méré naséhat nu alus sarta loba nubuatna geus jadi kanyataan. Tapi, lain éta wungkul. Rasul Paulus nyebutkeun, ”Pangandika Allah teh nya hirup, nya kuat.” Naon hartina?​—Baca Ibrani 4:12.

19, 20. (a) Kumaha Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék mariksa diri sorangan? (b) Kumaha carana Sadérék nganuhunkeun kana hadiah ti Allah?

19 Kitab Suci bisa ngarobah kahirupan Sadérék. Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék mariksa diri sorangan. Kitab Suci ogé bisa ngabantu Sadérék paham kana pikiran jeung parasaan Sadérék nu pangjerona. Misalna, bisa waé urang ngarasa mikanyaah Allah. Tapi, kanyaah urang bakal kabukti lamun urang ngalarapkeun eusi Kitab Suci.

20 Kitab Suci téh mémang buku ti Allah. Mantenna miharep urang maca, diajar, sarta mikaresep Kitab Suci. Lamun urang nganuhunkeun kana hadiah ieu, sarta terus diajar, urang bakal paham tujuan Allah pikeun manusa. Di pasal saterusna, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan hal ieu.

^ par. 6 Sababaraha urang ngomong yén Kitab Suci téh eusina patukang tonggong, tapi éta téh kaliru. Tingali pasal 7 buku Kitab Suci—Firman dari Allah atau dari Manusia?, diterbitkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

^ par. 16 Lamun Sadérék hayang nyaho leuwih loba ngeunaan nubuat Kitab Suci, mangga baca kaca 27-29 tina Buku bagi Semua Orang, diterbitkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

^ par. 17 Salah sahiji nubuat Kitab Suci nu geus jadi kanyataan nyaéta ancurna kota Babul. Katerangan nu ngajelaskeun nubuat ngeunaan Yésus Kristus aya dina Catetan Ahir 5.