Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL TILU BELAS

Ngahargaan Kurnia Kahirupan

Ngahargaan Kurnia Kahirupan

1. Saha nu masihan kahirupan ka urang?

YÉHUWA téh ”Allah anu jumeneng”. (Yermia 10:10) Mantenna téh Nu Nyipta urang, nu masihan kahirupan ka urang. Kitab Suci ngajelaskeun, ”Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.” (Wahyu 4:11) Yéhuwa hoyong urang hirup. Jadi, kahirupan téh kurnia istiméwa ti Mantenna.​—Baca Jabur 36:10.

2. Kumaha sangkan hirup urang suksés?

2 Yéhuwa nyumponan sagala pangabutuh urang sangkan bisa terus hirup, saperti dahareun jeung cai. (Rasul 17:28) Tapi teu ngan saukur kitu, Allah ogé miharep urang hirup bagja. (Rasul 14:15-17) Hirup urang bisa suksés lamun taat kana hukum-hukum Allah.​—Yesaya 48:17, 18.

PANDANGAN ALLAH NGEUNAAN KAHIRUPAN

3. Naon nu dilakukeun Yéhuwa ka Kain lantaran maéhan Habil?

3 Kitab Suci ngajarkeun yén kahirupan urang jeung kahirupan batur téh luhur nilaina pikeun Yéhuwa. Contona, Yéhuwa mépélingan Kain, anakna Adam jeung Hawa, sangkan ngadalikeun amarah waktu ambek ka Habil, adina. Tapi ku Kain teu didéngékeun, malahan mah ’rayina ditarajang nepi ka maot’. (Kajadian 4:3-8) Yéhuwa ngahukum Kain lantaran maéhan Habil. (Kajadian 4:9-11) Jadi, sipat gedé ambek jeung ngéwa ka batur téh bahaya lantaran urang bisa jadi kejem jeung telenges. Jalma nu kawas kitu mah teu boga harepan hirup langgeng. (Baca 1 Yohanes 3:15.) Pikeun nyenangkeun Yéhuwa, urang perlu diajar mikanyaah sagala jalma.​—1 Yohanes 3:11, 12.

4. Naon nu diajarkeun hukum Allah ngeunaan kurnia kahirupan?

4 Rébuan taun ti harita, Yéhuwa masihan Sapuluh Hukum ka Musa. Salah sahijina nyaéta, ”Maraneh ulah maehan.” (Pamindo 5:17) Jadi, lamun aya jalma nu ngahaja maéhan batur, manéhna gé kudu dipaéhan. Hukum éta ngajarkeun yén Yéhuwa masih nganggap kahirupan téh luhur nilaina.

5. Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan ngagugurkeun kandungan?

5 Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan ngagugurkeun kandungan? Kahirupan jabang bayi nu masih aya dina kandungan gé luhur nilaina pikeun Yéhuwa. Hukum Allah ka bangsa Israil nyebutkeun yén lamun aya jalma nu nyilakakeun hiji awéwé nu keur ngandung nepi ka kaguguran, manéhna kudu dipaéhan. (Baca Budalan 21:22, 23; Jabur 127:3.) Hukum éta ngajarkeun yén ngagugurkeun kandungan téh salah.​—Tingali Catetan Ahir 28.

6, 7. Kumaha urang ngabuktikeun lamun urang téh nganggap kahirupan luhur nilaina?

6 Kumaha urang ngabuktikeun lamun urang téh nganggap kahirupan urang jeung batur luhur nilaina? Urang moal ngalakukeun naon waé nu ngabahayakeun kahirupan urang jeung batur. Jadi urang moal ngaroko, nyeupah, atawa nyalahgunakeun narkoba, lantaran bisa ngabahayakeun jeung maéhan urang.

7 Kahirupan jeung awak urang téh pamasihan ti Yéhuwa sarta kudu digunakeun luyu jeung kahoyong-Na. Ku kituna, urang perlu ngurus awak urang. Lamun henteu, urang moal bersih di hareupeun Yéhuwa. (Rum 6:19; 12:1; 2 Korinta 7:1) Urang moal bisa ngabakti ka Yéhuwa lamun urang teu nganggap kahirupan luhur nilaina. Sanajan teu gampang ngeureunkeun kabiasaan-kabiasaan nu goréng, Yéhuwa bakal ngabantu urang.

8. Naon upaya urang sangkan teu ngabahayakeun kahirupan urang jeung batur?

8 Urang geus diajar yén kahirupan téh kurnia nu istiméwa. Yéhuwa percaya yén urang bakal ngupayakeun sabisa-bisa sangkan teu ngabahayakeun kahirupan urang jeung batur. Urang bakal ati-ati lamun maké mobil, motor, atawa kendaraan nu séjén. Urang moal milu olahraga nu ngabahayakeun kahirupan. (Siloka 3:31) Urang ogé ngajaga sangkan di imah urang teu aya nu matak picilakaeun. Yéhuwa maréntahkeun bangsa Israil, ”Lamun maraneh nyieun imah anyar, perelukeun sakuriling lotengna make hahalang, supaya upama aya anu ragrag ti dinya nepi ka paeh, maraneh teu disalahkeun.”​—Pamindo 22:8.

9. Naon buktina kahirupan sato gé aya nilaina pikeun Yéhuwa?

9 Kahirupan sato gé aya nilaina pikeun Yéhuwa. Mantenna ngidinan urang maéhan sato lamun keur dahareun, pakéan, jeung lamun ngabahayakeun kahirupan urang. (Kajadian 3:21; 9:3; Budalan 21:28) Tapi, urang teu meunang kejem atawa maéhan sato lamun saukur keur olahraga.​—Siloka 12:10.

KAHIRUPAN TÉH SUCI

10. Ti mana urang nyaho yén getih téh kahirupan?

10 Dina pandangan Yéhuwa, getih téh suci lantaran getih téh ngalambangkeun kahirupan. Sanggeus Kain maéhan Habil, Yéhuwa nyarios, ”Getih adi maneh sasambat ka Kami di jero taneuh.” (Kajadian 4:10) Getih Habil téh ngalambangkeun kahirupanana, jadi Yéhuwa ngahukum Kain lantaran maéhan Habil. Sanggeus Caah Gedé jaman Nuh, Yéhuwa negeskeun deui yén getih téh kahirupan. Yéhuwa masihan sasatoan pikeun jadi dahareun Nuh jeung kulawargana. Mantenna nyarios kieu, ”Ti semet ayeuna, eta ku maraneh bisa didahar cara pepelakan anu harejo. Kop bae pikeun dahareun.” Tapi, Yéhuwa mépélingan maranéhna, ”Anu teu meunang didahar ngan sarupa, nya eta daging anu ngandung keneh getih. Kami ngalarang, lantaran dina getih teh aya dat hirup.”​—Kajadian 1:29; 9:3, 4.

11. Naon paréntah Yéhuwa ka bangsa Israil ngeunaan getih?

11 Kira-kira 800 taun sanggeus jaman Nuh, Yéhuwa maréntahkeun deui umat-Na, ”Ngan getihna kahade ulah kadahar . . . Getihna kudu dikucurkeun kana taneuh kawas cai, teu meunang dijieun dahareun.” (Pamindo 12:23, 24) Yéhuwa masih miharep umat-Na nganggap yén getih téh suci. Maranéhna meunang ngadahar daging tapi teu meunang ngadahar getihna. Jadi, lamun maranéhna meuncit sato keur dahareun, getihna kudu dikucurkeun kana taneuh.

12. Kumaha pandangan urang Kristen ngeunaan getih?

12 Sababaraha taun sanggeus Yésus pupus, rasul-rasul jeung kokolot sidang Kristen di Yérusalém mutuskeun yén sababaraha Hukum pikeun bangsa Israil masih bisa dijalankeun ku urang Kristen. (Baca Rasul 15:28, 29; 21:25.) Yéhuwa ngabantu maranéhna ngarti yén getih téh luhur nilaina pikeun Mantenna sarta maranéhna perlu nganggap getih téh suci. Urang Kristen abad kahiji teu ngadahar jeung nginum getih, atawa ngadahar daging nu getihna teu dikucurkeun. Ngalakukeun hal sarupa kitu sarua jeung nyembah brahala jeung jinah. Ti harita, urang Kristen nu sajati nolak ngadahar jeung nginum getih. Kitu ogé ayeuna, Yéhuwa masih miharep urang nganggap getih téh suci.

13. Naon sababna urang Kristen teu narima transfusi getih?

13 Naha éta hartina urang Kristen gé teu narima transfusi getih? Enya. Yéhuwa maréntahkeun urang sangkan teu ngadahar jeung nginum getih. Kumaha lamun dokter ngalarang Sadérék nginum alkohol, naha Sadérék bakal nyuntikkeun alkohol kana awak Sadérék? Tangtu moal. Ieu gé sarua, urang teu meunang ngadahar jeung nginum getih, jadi urang moal narima transfusi getih.​—Tingali Catetan Ahir 29.

14, 15. Kumaha urang Kristen némbongkeun yén maranéhna ngahargaan kurnia kahirupan tur taat ka Allah?

14 Kumaha lamun dokter méré nyaho yén Sadérék bakal maot lamun teu ditransfusi getih? Unggal jalma kudu mutuskeun sorangan naha rék taat atawa henteu kana hukum Allah. Urang Kristen ngahargaan kurnia kahirupan, ku kituna maranéhna néangan pangobatan nu teu maké getih.

15 Urang ngupayakeun sabisa-bisa sangkan tetep séhat, tapi lantaran kahirupan téh luhur nilaina pikeun Allah, urang moal narima transfusi getih. Taat ka Allah leuwih penting ti batan ngabélaan nyawa bari ngalanggar hukum Allah. Yésus ngajelaskeun, ”Sing saha anu leuwih ngabela nyawana bakal kaleungitan ku nyawana. Sabalikna anu ngurbankeun hirupna lantaran anut ka Kami, bakal meunangkeun nyawana.” (Mateus 16:25) Urang taat ka Yéhuwa lantaran urang nyaah ka Mantenna. Mantenna terang nu pangalusna pikeun kahirupan urang, jadi urang nganggap kahirupan téh luhur nilaina tur suci, luyu jeung pandangan Yéhuwa.​—Ibrani 11:6.

16. Naon sababna hamba-hamba Allah taat ka Mantenna?

16 Hamba-hamba Allah nu ariman taat kana hukum Allah ngeunaan getih. Maranéhna teu ngadahar jeung nginum getih sarta teu narima getih pikeun alesan-alesan kaséhatan. * Maranéhna narima pangobatan séjénna pikeun nyalametkeun kahirupan. Maranéhna yakin yén Nu Nyipta kahirupan jeung getih téh nyaho nu pangalusna keur maranéhna. Tapi, naha Sadérék ogé yakin?

HIJI-HIJINA CARA NGAGUNAKEUN GETIH NU DIIDINAN KU YÉHUWA

17. Di Israil, naon hiji-hijina cara ngagunakeun getih nu diidinan ku Yéhuwa?

17 Dina Hukum Musa, Yéhuwa maréntahkeun bangsa Israil, ”Sabab hirupna sakabeh mahluk aya dina getihna. Nu matak saur PANGERAN getih teh kudu dikucurkeun kana altar, pikeun ngaleungitkeun dosa Israil sajamaah. Anu ngaleungitkeun dosa teh nya eta getih, nyawa tea.” (Imamat 17:11) Sangkan dihampura ku Yéhuwa, urang Israil nu ngalakukeun dosa kudu méré kurban sato, terus imam ngucurkeun getih éta kurban kana altar di bait. Di Israil, ieu hiji-hijina cara ngagunakeun getih nu diidinan ku Yéhuwa.

18. Naon mangpaat pangorbanan Yésus keur urang?

18 Waktu Yésus aya di dunya, anjeunna ngagantikeun kurban-kurban sato nu diparéntahkeun ku hukum, ku cara ngorbankeun kahirupanana atawa getihna, sangkan dosa-dosa urang dihampura. (Mateus 20:28; Ibrani 10:1) Kahirupan Yésus téh luhur pisan nilaina. Ku sabab kitu, sanggeus Yéhuwa ngahirupkeun deui Yésus ka sawarga, Mantenna bisa masihan harepan hirup langgeng ka manusa.​—Yohanes 3:16; Ibrani 9:11, 12; 1 Petrus 1:18, 19.

Kumaha carana Sadérék ngahargaan kahirupan jeung getih?

19. Naon nu kudu dilakukeun sangkan ”henteu hutang nyawa”?

19 Urang nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa pikeun kurnia kahirupan! Urang hayang ngabéjaan jalma-jalma yén lamun maranéhna iman ka Yésus, maranéhna bakal hirup langgeng. Urang ogé mikanyaah jalma-jalma sarta ngupayakeun sagala cara pikeun ngajarkeun carana ngahontal hirup langgeng. (Yeheskel 3:17-21) Saperti rasul Paulus, urang bisa ngomong kieu, ”Sim kuring henteu hutang nyawa ka sakur anu baris barinasa. Sabab sakabeh pangersa Allah, ku simkuring geus diwawarkeun ka aranjeun.” (Rasul 20:26, 27, Sunda Formal) Urang ngahargaan kahirupan ku cara ngabéjaan jalma-jalma ngeunaan Yéhuwa jeung pandangan Yéhuwa ngeunaan kahirupan.

^ par. 16 Pikeun katerangan ngeunaan transfusi getih, tingali kaca 77-79 dina buku ”Tetaplah Berada dalam Kasih Allah”, diterbitkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.