Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL GENEP BELAS

Pilih Ibadah ka Allah

Pilih Ibadah ka Allah

1, 2. Naon nu kudu Sadérék tanyakeun ka diri sorangan? Naon sababna éta téh penting?

WAKTU diajar Kitab Suci, Sadérék jadi nyaho yén loba jalma nu ngaku nyembah Allah téh ngajarkeun jeung ngalakukeun hal nu teu dipikaresep ku Mantenna. (2 Korinta 6:17) Éta sababna Yéhuwa maréntahkeun urang kaluar ti ”Babul nu sohor” atawa Babul raya. (Wahyu 18:2, 4) Jadi, naon nu bakal dilakukeun ku Sadérék? Urang masing-masing perlu mariksa diri sorangan, ’Naha kuring hayang ibadah ka Allah ku cara nu bener atawa nurutkeun kabiasaan kuring?’

2 Alus lamun Sadérék geus kaluar atawa mutuskeun hubungan jeung agama palsu. Tapi, bisa jadi Sadérék masih kénéh resep kana sababaraha cara ibadah jeung kabiasaan agama palsu. Dina pasal ieu, urang bakal ngabahas sababaraha cara ibadah jeung kabiasaan éta, sarta pentingna boga pandangan nu sarua jeung Allah ngeunaan hal-hal éta.

NYEMBAH PATUNG, GAMBAR, JEUNG MOYANG

3. (a) Naon sababna aya nu hésé ninggalkeun patung jeung gambar dina ibadah? (b) Naon nu dijelaskeun Kitab Suci ngeunaan patung jeung gambar dina ibadah ka Allah?

3 Loba jalma geus mangtaun-taun maké patung jeung gambar dina ibadahna, atawa boga tempat pamujaan di imahna. Lamun Sadérék geus biasa kitu, Sadérék bisa waé ngarasa anéh atawa salah lamun teu maké barang-barang éta dina ibadah. Tapi inget, Yéhuwa geus ngajar urang kumaha carana nyembah Mantenna. Kitab Suci ogé méré nyaho yén Yéhuwa teu resep lamun urang maké patung jeung gambar dina ibadah.​—Baca Budalan 20:4, 5; Jabur 115:4-8; Yesaya 42:8; 1 Yohanes 5:21.

4. (a) Naon sababna urang teu meunang nyembah ka moyang? (b) Naon sababna Yéhuwa ngalarang umat-Na ngumaha ka nu maot?

4 Loba jalma maké loba waktu jeung tanaga pikeun nyenangkeun moyangna nu geus maot, malahan mah nyembah ka maranéhna. Tapi, urang geus diajar yén jalma nu geus maot téh teu bisa ngabantu atawa nyilakakeun urang. Maranéhna ogé teu hirup di alam séjén. Sabenerna mah bahaya lamun urang ngumaha ka moyang nu geus maot, sabab pesen nu katingalina ti moyang urang téh asalna ti roh-roh jahat. Éta sababna Yéhuwa ngalarang urang Israil ngobrol jeung jalma nu geus maot, atawa pipilueun dina pamujaan roh-roh jahat.​—Pamindo 18:10-12; tingali Catetan Ahir 26 jeung 31.

5. Naon nu bisa ngabantu Sadérék teu maké patung jeung gambar dina ibadah, ogé teu nyembah ka moyang?

5 Naon nu bisa ngabantu Sadérék teu maké patung jeung gambar dina ibadah sarta teu nyembah ka moyang? Sadérék perlu maca Kitab Suci, ogé mikirkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan patung, gambar, jeung nyembah ka moyang. Yéhuwa ”mikagiruk” atawa ngéwa kana hal-hal éta. (Pamindo 27:15) Sadérék ogé kudu unggal poé ngadoa ménta bantuan sangkan boga pandangan nu sarua jeung Yéhuwa, sarta sangkan bisa ibadah ku cara nu dipikaresep ku Mantenna. (Yesaya 55:9) Sadérék bisa yakin yén Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék nyingkirkeun hal-hal nu aya patalina jeung ibadah palsu.

NAHA URANG PERLU NGARAYAKEUN NATAL?

6. Naon sababna tanggal 25 Désémber dipilih pikeun ngarayakeun lahirna Yésus?

6 Loba jalma di sakuliah dunya ngarayakeun Natal. Ceuk maranéhna, Natal téh pikeun ngarayakeun lahirna Yésus. Tapi sabenerna, Natal aya patalina jeung ibadah palsu. Ceuk hiji énsiklopédia, urang kapir di Rum ngarayakeun lahirna panonpoé tanggal 25 Désémber. Pamingpin garéja hayang sangkan leuwih loba urang kapir jadi Kristen. Jadi, sanajan Yésus teu lahir tanggal 25 Désémber, maranéhna netepkeun tanggal éta pikeun ngarayakeun lahirna Yésus. (Lukas 2:8-12) Tapi, rasul-rasul Yésus mah teu ngarayakeun Natal. Hiji buku nyebutkeun yén 200 taun sanggeus Yésus lahir gé, ”euweuh jalma nu apal, jeung ngan saeutik nu minat kana tanggal lahirna Yésus”. (Sacred Origins of Profound Things) Natal mimiti dirayakeun ratusan taun sanggeus Yésus hirup di bumi.

7. Naon sababna urang Kristen sajati teu ngarayakeun Natal?

7 Loba jalma nyaho yén Natal jeung tradisina téh, asalna ti urang kapir. Contona, Inggris jeung sababaraha wilayah di Amérika pernah ngalarang Natal sabab asalna ti urang kapir. Jalma-jalma nu ngarayakeunana bakal dihukum. Tapi, ahirna maranéhna ngarayakeun Natal deui. Naon sababna urang Kristen sajati teu ngarayakeun Natal? Maranéhna hayang nyenangkeun Allah dina sagala hal.

NAHA URANG PERLU NGARAYAKEUN ULANG TAUN?

8, 9. Naon sababna urang Kristen nu mimiti teu ngarayakeun ulang taun?

8 Jalma-jalma ogé ngarayakeun ulang taun. Naha urang Kristen meunang ngarayakeun ulang taun? Dina Kitab Suci, jalma-jalma nu ngarayakeun ulang taun téh jalma-jalma nu teu nyembah ka Yéhuwa. (Kajadian 40:20; Markus 6:21) Ulang taun dirayakeun pikeun nyenangkeun allah–allah palsu. Éta sababna urang Kristen nu mimiti ”nyaho yén ngarayakeun lahirna hiji jalma téh mangrupakeun kabiasaan kapir”.​—The World Book Encyclopedia.

9 Urang Rum jeung urang Yunani jaman baheula percaya yén aya roh nu hadir waktu hiji jalma lahir. Éta roh bakal ngajaga jalma éta saumur hirupna. Buku ngeunaan tradisi ulang taun (The Lore of Birthdays) ngajelaskeun, ”Éta roh boga hubungan gaib jeung déwa nu poé lahirna sarua jeung éta jalma.

10. Naon sababna urang Kristen sajati teu ngarayakeun ulang taun?

10 Ceuk Sadérék, naha Yéhuwa resep kana kabiasaan nu aya patalina jeung agama palsu? (Yesaya 65:11, 12) Henteu, Yéhuwa teu resep. Éta sababna urang teu ngarayakeun ulang taun sarta kabiasaan séjénna nu aya patalina jeung agama palsu.

NAHA ASAL-USULNA TÉH PENTING?

11. Naon sababna loba jalma ngarayakeun Natal jeung kabiasaan séjénna? Naon nu pangpentingna pikeun Sadérék?

11 Sanajan geus nyaho lamun Natal jeung kabiasaan séjénna téh asalna ti urang kapir, loba jalma masih ngarayakeunana. Maranéhna ngarasa éta téh kasempetan pikeun ngumpul jeung kulawarga. Naha Sadérék gé ngarasa kitu? Ngumpul jeung kulawarga téh teu salah. (Epesus 3:14, 15) Tapi, ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa téh leuwih penting ti batan ngarayakeun kabiasaan agama palsu demi nyenangkeun dulur-dulur urang. Éta sababna, rasul Paulus ngomong, ”Kudu ngupayakeun maneh sangkan kamanah ku Pangeran.”​—Epesus 5:10.

12. Kabiasaan nu kumaha nu teu dipikaresep ku Yéhuwa?

12 Ceuk pamikir jalma-jalma, asal-usul Natal jeung kabiasaan séjénna téh teu penting. Tapi, Yéhuwa mah teu resep kana kabiasaan-kabiasaan nu asalna ti ibadah palsu atawa nu ngagungkeun manusa jeung lambang nasional. Contona, urang Mesir boga loba kabiasaan pikeun nyenangkeun allah-allah palsuna. Waktu kaluar ti Mesir, urang Israil nyonto salah sahiji kabiasaan kapir Mesir, terus kabiasaan éta disebut ’pesta pikeun ngagungkeun PANGERAN’. Balukarna, Yéhuwa ngahukum maranéhna. (Budalan 32:2-10) Rasul Paulus ngingetan urang, ”Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis.”​—Baca 2 Korinta 6:17.

TÉMBONGKEUN SIKEP NU NYENANGKEUN

13. Bisa jadi Sadérék boga pananya naon?

13 Waktu Sadérék mutuskeun teu ngarayakeun deui Natal, ulang taun, jeung kabiasaan séjénna, bisa jadi Sadérék boga loba pananya. Misalna: Kumaha lamun batur gawé nanyakeun ku naon kuring teu milu ngarayakeun Natal jeung maranéhna? Kumaha lamun aya nu méré kado Natal ka kuring? Kumaha lamun batur hirup hayang kuring ngarayakeun Natal jeung manéhna? Kumaha sangkan budak kuring teu sedih lantaran teu ngarayakeun ulang taunna atawa kabiasaan nu séjénna?

14, 15. Sadérék kudu kumaha lamun aya nu ngucapkeun ”Selamat ulang taun!” atawa méré kado?

14 Sadérék perlu mikirkeun enya-enya naon nu kudu diomongkeun ogé dilakukeun dina unggal kaayaan. Contona, waktu aya nu ngucapkeun, ”Selamat ulang taun!”, Sadérék teu kudu nampik. Sadérék bisa ngomong, ”Hatur nuhun.” Tapi, lamun aya nu hayang nyaho ku naon Sadérék teu ngarayakeunana, Sadérék bisa ngajelaskeun ku cara nu nyenangkeun, bijaksana, bari némbongkeun hormat ka manéhna. Kitab Suci ngajelaskeun, ”Kecapna sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.” (Kolosa 4:6) Lamun cocog, Sadérék bisa ngajelaskeun yén Sadérék ogé resep ngumpul jeung méré kado, tapi lamun teu aya patalina jeung Natal, ulang taun, sarta kabiasaan séjénna.

15 Kumaha lamun Sadérék dibéré kado? Kitab Suci teu ngajéntrékeun naon nu kudu dilakukeun, tapi ngajelaskeun yén urang kudu ngajaga haté sanubari tetep bersih. (1 Timoteus 1:18, 19) Bisa waé nu méré kado teu nyahoeun yén Sadérék teu ngarayakeun Natal, ulang taun sarta kabiasaan séjénna. Atawa, bisa waé aya nu ngomong, ”Sanajan manéh teu ngarayakeun, tapi urang mah hayang méré kado ka manéh.” Jadi, Sadérék bisa mutuskeun sorangan, rék narima atawa henteu. Nu penting haté sanubari Sadérék tetep bersih. Urang tangtu moal ngalakukeun hal-hal nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa.

SADÉRÉK JEUNG KULAWARGA SADÉRÉK

Jalma-jalma nu nyarembah Yéhuwa baragja

16. Kumaha lamun kulawarga Sadérék hayang ngarayakeun Natal, ulang taun atawa kabiasaan séjénna?

16 Kumaha lamun kulawarga Sadérék hayang ngarayakeun Natal, ulang taun, atawa kabiasaan séjénna? Ulah jadi pipaséaeun, maranéhna gé boga hak pikeun nyieun putusan. Jadi, Sadérék perlu némbongkeun sikep nu nyenangkeun jeung ngahargaan putusan maranéhna, sakumaha Sadérék ogé hayang dihargaan. (Baca Mateus 7:12.) Kumaha lamun kulawarga Sadérék hayang Sadérék ngumpul jeung maranéhna waktu ngarayakeun Natal, ulang taun, atawa kabiasaan séjénna? Saacan nyieun putusan, Sadérék perlu ngadoa ka Yéhuwa sangkan bisa nyieun putusan nu bener. Pikirkeun kaayaanana sarta téangan katerangan nu cocog jeung kaayaan Sadérék. Tangtu Sadérék hayang nyenangkeun Yéhuwa dina sagala kasempetan.

17. Kumaha Sadérék bisa ngahibur budak Sadérék lamun babaturanana ngarayakeun ulang taun atawa kabiasaan séjénna?

17 Kumaha Sadérék bisa ngahibur budak Sadérék lamun babaturanana ngarayakeun ulang taun atawa kabiasaan séjénna? Sadérék bisa sering ngayakeun acara atawa kagiatan nu istiméwa keur maranéhna. Sadérék gé bisa méré kado, tapi salah sahiji kado panghadéna ti Sadérék nyaéta waktu jeung kanyaah Sadérék.

JALANKEUN IBADAH NU SAJATI

18. Naon sababna urang perlu hadir di pasamoan?

18 Pikeun nyenangkeun Yéhuwa, urang kudu ninggalkeun agama palsu katut kabiasaan-kabiasaanana. Tapi, urang ogé perlu ngajalankeun ibadah nu sajati. Kumaha carana? Salah sahijina nyaéta hadir di pasamoan Kristen. (Baca Ibrani 10:24, 25.) Pasamoan téh salah sahiji bagian penting tina ibadah nu sajati. (Jabur 22:23; 122:1) Lamun urang masamoan, urang bisa silih kuatkeun.​—Rum 1:12.

19. Naon sababna nyaritakeun bebeneran Kitab Suci téh penting?

19 Cara séjénna nyaéta nyaritakeun bebeneran tina Kitab Suci. Loba jalma ngarasa susah lantaran aya loba kajahatan di dunya. Bisa waé Sadérék kenal sababaraha jalma nu kawas kitu. Caritakeun harepan ngeunaan mangsa pikahareupeun ka maranéhna. Lamun Sadérék terus hadir di pasamoan sarta nyaritakeun bebeneran tina Kitab Suci, Sadérék moal hayang balik deui ka agama palsu jeung moal pipilueun kabiasaanana. Lamun Sadérék milih cara ibadah nu bener ka Yéhuwa, Sadérék bakal bagja jeung upaya Sadérék ogé bakal diberkahan.​—Malaki 3:10.