Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL DUA BELAS

Kumaha Carana Sangkan Sadérék Jadi Sobat Allah?

Kumaha Carana Sangkan Sadérék Jadi Sobat Allah?

1, 2. Saha waé nu jadi sobat Yéhuwa?

SOBAT nu kumaha nu dipiharep ku Sadérék? Pasti jalma nu dipikaresep ku Sadérék. Manéhna bisa sapapait samamanis jeung Sadérék. Manéhna ogé boga sipat-sipat nu hadé.

2 Yéhuwa milih sababaraha manusa pikeun jadi sobat-Na. Contona, Ibrahim, manéhna disebut sobat Allah. (Yesaya 41:8; Yakobus 2:23) Yéhuwa ogé mikaresep Daud. Yéhuwa nyebut Daud ”jelema pikapanujueun”. (Rasul 13:22) Kitu ogé nabi Daniél, Yéhuwa ’nyaah ka manehna’.​—Daniel 9:23.

3. Naon sababna Ibrahim, Daud, jeung Daniél bisa jadi sobat Yéhuwa?

3 Naon sababna Ibrahim, Daud, jeung Daniél bisa jadi sobat Yéhuwa? Saur Yéhuwa ka Ibrahim, ”Maneh tuhu kana parentah Kami.” (Kajadian 22:18) Yéhuwa bakal nyobat ka jalma-jalma nu taat ka Mantenna. Malahan mah hiji bangsa ogé bisa jadi sobat-Na. Ngeunaan bangsa Israil, Yéhuwa ngajelaskeun, ”Kudu nurut ka Kami, sangkan Kami jadi Allahna sarta maranehna jadi umat Kami.” (Yermia 7:23) Jadi, Sadérék ogé bisa jadi sobat Allah lamun Sadérék taat ka Mantenna.

YÉHUWA NGAJAGA SOBAT-SOBAT-NA

4, 5. Kumaha cara Yéhuwa ngajaga sobat-sobat-Na?

4 Kitab Suci nyebutkeun yén Yéhuwa bakal nulungan saha waé nu taat ka Mantenna. (2 Babad 16:9) Dina Jabur 32:8, Yéhuwa jangji ka sobat-sobat-Na, ”Ieu Kami papatah, keur pilampaheun maneh; Kami rek mere piwuruk jeung nasehat.”

5 Aya musuh nu kuat nu ngahalangan urang supaya teu jadi sobat Allah. Tapi, Yéhuwa ngajaga urang. (Baca Jabur 55:23.) Sabagé sobat Yéhuwa, urang nyembah ka Yéhuwa ku sagemblengna haté. Urang bakal tetep satia ka Mantenna sanajan nyanghareupan tangtangan. Urang ogé yakin ka Yéhuwa saperti nu nulis Jabur nu ngomong kieu, ”Mantenna teh deukeut, teu aya nu matak rentag.” (Jabur 16:8; 63:9) Kumaha cara Sétan ngahalangan urang supaya teu jadi sobat Allah?

TUDUHAN SÉTAN KA MANUSA

6. Naon tuduhan Sétan ka manusa?

6 Di Pasal 11 urang geus diajar yén Sétan nangtang Yéhuwa. Manéhna ogé nuduh Yéhuwa téh tukang bohong sarta teu adil lantaran henteu méré kabébasan ka Adam jeung Hawa pikeun mutuskeun sorangan nu bener jeung nu salah. Kitab Ayub ogé nyebutkeun tuduhan Sétan yén manusa jadi sobat Yéhuwa téh lantaran hayang diberkahan, lain asih ka Mantenna. Sétan yakin bisa mangaruhan unggal jalma pikeun ngalawan ka Allah. Hayu urang diajar ngeunaan Ayub jeung kumaha Yéhuwa ngajaga manéhna.

7, 8. (a) Jalma nu saperti kumaha Ayub téh? (b) Naon tuduhan Sétan ka Ayub?

7 Saha Ayub téh? Ayub téh jalma soléh nu hirup 3.600 taun katukang. Harita teu aya jalma nu kawas Ayub di bumi. Manéhna hormat ka Allah, sarta nyingkahan laku lampah nu salah. (Ayub 1:8) Ayub téh bener-bener sobat Yéhuwa.

8 Sétan nuduh Ayub nyembah ka Allah téh lantaran alesan nu mentingkeun diri. Sétan ngomong kieu ka Yéhuwa, ”Pan ku Anjeun sakitu dipukpruk-pukprukna sakulawarga, sagala pangabogana dijaga-jaga. Sagala pagaweanana diberkahan, tur dibere ingon-ingon sakitu reana, mani matak heurin sanagara. Coba cabut sagala pangabogana, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.”​—Ayub 1:10, 11.

9. Yéhuwa ngidinan Sétan pikeun ngalakukeun naon?

9 Sétan nuduh Ayub nyembah ka Allah téh lantaran hayang meunang berkahna wungkul. Sétan yakin yén manéhna bisa ngagoda Ayub sangkan teu nyembah deui ka Yéhuwa. Yéhuwa teu satuju jeung Sétan, tapi ngidinan Sétan nguji Ayub pikeun ngabuktikeun tuduhanana.

SÉTAN NYERANG AYUB

10. Naon waé serangan Sétan ka Ayub, tapi kumaha sikep Ayub?

10 Mimitina, Sétan ngajarah jeung maéhan sakabéh ingon-ingon Ayub. Terus Sétan maéhan bujang-bujangna Ayub. Harta banda Ayub ludes. Pamungkasna, Sétan ngadatangkeun angin topan nu niwaskeun sapuluh anak Ayub. Sanajan kitu, Ayub tetep satia ka Yéhuwa. ”Katarajang cilaka sakitu parnana oge . . . henteu nempuhkeun ka Gusti Allah.”​—Ayub 1:12-19, 22.

Yéhuwa ngaberkahan Ayub lantaran jadi sobat nu satia

11. (a) Naon deui nu kaalaman ku Ayub? (b) Kumaha sikep Ayub?

11 Sétan teu undur. Manéhna nangtang ka Allah, ”Coba ragana terapan siksa, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.” Jadi, Sétan méré panyakit nu sakitu parnana ka Ayub. (Ayub 2:5, 7) Tapi, Ayub tetep satia ka Allah, ”najan nandang lara, henteu nempuhkeun ka Allah”.​—Ayub 2:10.

12. Kumaha Ayub ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong?

12 Ayub teu nyaho nanaon ngeunaan tuduhan Sétan. Ayub ogé teu nyaho ku naon manéhna kudu sakitu sangsarana. Ceuk pamikir Ayub, sagala kasangsaraan manéhna dilantarankeun ku Yéhuwa. (Ayub 6:4; 16:11-14) Sanajan kitu, Ayub tetep satia ka Yéhuwa. Geus kabukti, Ayub teu mentingkeun diri. Ayub jadi sobat Allah téh lantaran manéhna mikaasih Mantenna. Tuduhan Sétan téh bohong!

13. Lantaran Ayub satia, naon hasilna?

13 Sanajan Ayub teu nyaho naon nu kajadian di sawarga, manéhna tetep satia ka Allah sarta manéhna ngabuktikeun yén Sétan téh jahat. Ayub diberkahan ku Yéhuwa.​—Ayub 42:12-17.

TUDUHAN SÉTAN KA SADÉRÉK

14, 15. Naon tuduhan Sétan ka sakabéh jalma?

14 Naon hikmah ti pangalaman Ayub keur Sadérék? Ayeuna, Sétan ogé nuduh urang nyembah ka Yéhuwa lantaran hayang meunang berkah. Di Ayub 2:4, Sétan nuduh, ”Jelema mah asal keur ngabelaan nyawa, tara lebar ku banda.” Jadi, nu dituduh mentingkeun diri téh lain ngan Ayub wungkul, tapi sakabéh jalma. Saratus taun sanggeus Ayub maot, Sétan masih nyapirakeun Yéhuwa jeung nuduh hamba-hamba Allah. Contona, kitab Siloka 27:11 ngajelaskeun, ”Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang, jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.”

15 Sadérék bisa mutuskeun taat ka Yéhuwa, jadi sobat-Na nu satia, jeung ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong. Sanajan kudu nyieun loba parobahan pikeun jadi sobat Allah, éta téh putusan nu panghadéna dina kahirupan Sadérék! Éta téh penting lantaran Sétan nuduh Sadérék moal bakal tetep satia ka Allah lamun nyanghareupan loba masalah. Sétan nipu urang sangkan teu satia. Kumaha carana?

16. (a) Cara naon waé nu dipaké ku Sétan sangkan jalma-jalma teu nyembah ka Yéhuwa? (b) Naon nu dilakukeun si Iblis sangkan Sadérék teu nyembah ka Yéhuwa?

16 Sétan maké loba cara sangkan urang teu jadi sobat Allah. Manéhna nyerang ”guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun”. (1 Petrus 5:8) Tong reuwas lamun aya babaturan, kulawarga, atawa batur nu ngalarang Sadérék diajar Kitab Suci sarta ngalakukeun nu bener. Sadérék bisa waé saperti keur diserang. * (Yohanes 15:19, 20) Sétan ogé bisa nyamar jadi ’malaikat caang’. Sétan nyoba nipu urang sangkan teu taat ka Allah. (2 Korinta 11:14) Cara séjénna nu dipaké ku Sétan sangkan urang teu nyembah ka Yéhuwa nyaéta nyieun urang ngarasa teu pantes nyembah ka Yéhuwa.​—Siloka 24:10.

TAAT KANA PARÉNTAH YÉHUWA

17. Naon sababna urang taat ka Yéhuwa?

17 Kataatan urang ka Yéhuwa ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong. Kumaha carana urang taat ka Yéhuwa? Kitab Suci ngajelaskeun, ”Masing nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta sing sakuat-kuat.” (Pamindo 6:5) Jadi, urang taat ka Yéhuwa téh lantaran urang nyaah ka Mantenna. Beuki gedé kanyaah urang ka Mantenna, beuki gedé ogé kahayang urang pikeun taat kana paréntah-Na. Rasul Yohanes nulis, ”Tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna. Ari parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang.”​—1 Yohanes 5:3.

18, 19. (a) Hal-hal goréng naon nu teu meunang dilakukeun ku urang? (b) Ti mana urang nyaho yén Yéhuwa teu pernah masihan paréntah nu mustahil dilakukeun?

18 Yéhuwa nyebutkeun hal-hal goréng nu teu meunang dilakukeun ku urang. Sababaraha contona aya dina kotak ” Ngéwa ka nu Dipikangéwa ku Yéhuwa”. Bisa waé ceuk pamikir Sadérék, ieu téh teu goréng-goréng teuing. Tapi, lamun Sadérék maca Kitab Suci jeung enya-enya mikirkeunana, Sadérék bakal paham yén taat kana paréntah Allah téh bijaksana. Bisa jadi Sadérék perlu nyieun sababaraha parobahan dina kahirupan. Mémang teu gampang, tapi lamun Sadérék ngalakukeunana, Sadérék bakal ngarasa tengtrem tur bagja lantaran jadi sobat Allah. (Yesaya 48:17, 18) Naha asup akal pikeun nyieun parobahan?

19 Yéhuwa teu pernah masihan paréntah nu mustahil dilakukeun ku urang. (Pamindo 30:11-14) Yéhuwa téh Sobat nu sajati, Mantenna leuwih paham diri urang ti batan urang sorangan. Mantenna gé paham kana kamampuan jeung kalemahan urang. (Jabur 103:14) Rasul Paulus ngingetan, ”Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna.” (1 Korinta 10:13) Jadi, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal masihan kakuatan sangkan urang bisa ngalakukeun nu bener. Mantenna gé bakal masihan leuwih loba ”kawasa” sangkan Sadérék bisa tetep satia dina kaayaan nu susah.​—2 Korinta 4:7.

RESEP KA NU DIPIKARESEP KU YÉHUWA

20. Sipat-sipat naon nu kudu diconto ku urang, sarta naon sababna?

20 Lamun hayang jadi sobat Yéhuwa, urang moal ngalakukeun deui hal nu dipikangéwa ku Yéhuwa. (Rum 12:9) Tapi teu ngan saukur kitu, urang gé kudu mikaresep nu di pikaresep ku Yéhuwa, saperti nu dijelaskeun di Jabur 15:1-5. (Baca.) Sobat Yéhuwa gé perlu nyonto sipat-sipat Mantenna jeung miboga sipat ”nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia, handap asor, nahan napsu”.​—Galata 5:22, 23.

21. Kumaha carana miboga sipat-sipat nu dipikaresep ku Allah?

21 Kumaha Sadérék bisa miboga sipat-sipat hadé éta? Sadérék perlu diajar naon nu dipikaresep ku Yéhuwa ku cara rutin maca jeung diajar Kitab Suci. (Yesaya 30:20, 21) Ku kituna, Sadérék bakal leuwih nyaah ka Yéhuwa. Beuki gedé kanyaah Sadérék ka Yéhuwa, beuki gedé ogé kahayang Sadérék pikeun taat ka Mantenna.

22. Naon hasilna lamun Sadérék taat ka Yéhuwa?

22 Nyieun parobahan dina kahirupan Sadérék diibaratkeun jeung salin baju. Mimitina ngalaanan baju nu heubeul, terus maké baju nu anyar. Kitab Suci méré nyaho yén Sadérék perlu ninggalkeun ”hirup anu heubeul” jeung aya dina ”hirup anu anyar”. (Kolosa 3:9, 10) Mémang éta téh teu gampang, tapi lamun Sadérék daék barobah sarta taat ka Yéhuwa, Sadérék bakal meunang ”ganjaran”. (Jabur 19:12) Pilih taat ka Yéhuwa, jeung buktikeun Sétan téh tukang bohong. Jadi, urang nyembah ka Yéhuwa lain lantaran hayang meunang berkah, tapi lantaran kaasih nu teu mentingkeun diri. Sadérék bisa jadi sobat sajati Yéhuwa!

^ par. 16 Lamun aya nu ngalarang Sadérék diajar Kitab Suci, lain hartina Sétan nu ngadalikeun éta jalma. Tapi, Sétan téh ”ilah jahat ieu dunya” sarta ”saalam dunya dibawah ku si Jahat”. Jadi, teu héran lamun aya jalma-jalma nu ngalarang urang nyembah ka Yéhuwa.​—2 Korinta 4:4; 1 Yohanes 5:19.