Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 1

Asih Allah téh Langgeng

Asih Allah téh Langgeng

”Tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna. Ari parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang.”​—1 YOHANES 5:3.

1, 2. Ku naon Sadérék nyaah ka Yéhuwa?

 NAHA Sadérék nyaah ka Allah? Sadérék bisa waé nyaah pisan nepi ka ngabaktikeun diri ka Mantenna. Yéhuwa jadi Sobat dalit Sadérék. Tapi saenyana, Yéhuwa tos nyaah ka Sadérék saacan Sadérék nyaah ka Mantenna. Ceuk Alkitab, ”Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.”​—1 Yohanes 4:19.

2 Pék pikirkeun sagala lalampahan nu némbongkeun asih Yéhuwa ka urang. Mantenna masihan bumi nu éndah jeung nyukupan sagala pangabutuh sangkan hirup urang senang. (Mateus 5:43-48; Wahyu 4:11) Mantenna nyadiakeun bantuan sangkan urang bisa wanoh tur nyobat jeung Mantenna. Waktu maca Alkitab, urang ngadangukeun Yéhuwa. Waktu ngadoa, Yéhuwa ngadangukeun urang. (Jabur 66:19) Mantenna ngabingbing jeung nguatkeun urang ku kawasa roh suci-Na. (Lukas 11:13) Malahan, Mantenna ngutus Putra-Na nu dipikanyaah ka bumi pikeun ngabébaskeun urang tina dosa jeung maot.​—Baca Yohanes 3:16; Rum 5:8.

3. Kumaha carana ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa?

3 Pék inget-inget salah sahiji sobat Sadérék, nu geus sapapait samamanis nyarengan Sadérék. Butuh upaya pikeun ngajaga sosobatan tetep kuat. Kitu ogé sosobatan urang jeung Yéhuwa, Sobat urang nu pangdalitna. Sosobatan ieu bisa langgeng. Ku kituna Alkitab ngajurung urang pikeun ”hirup nyalindung kana asihing Allah” atawa ngupayakeun sangkan tetep dipikaasih ku Allah. (Yudas 21) Kumaha carana? Alkitab nyebutkeun, ”Tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna. Ari parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang.”​—1 Yohanes 5:3.

”TANDANA NYAAH KA ALLAH”

4, 5. Kumaha kanyaah ka Yéhuwa tumuwuh dina haté Sadérék?

4 Frasa ”nyaah ka Allah” téh nunjukkeun parasaan nu jero ka Mantenna. Naha Sadérék inget iraha Sadérék mimiti boga parasaan nyaah ka Yéhuwa?

Waktu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis, Sadérék némbongkeun yén Sadérék nyaah sarta hayang taat ka Mantenna salawasna

5 Pék inget deui kumaha parasaan Sadérék basa mimiti nyaho yén Yéhuwa hoyong Sadérék hirup langgeng di dunya anyar. Sadérék diajar kumaha Yéhuwa bisa ngawujudkeun hal ieu, sarta sadar yén Yéhuwa tos masihan kurnia nu istiméwa nyaéta Putra-Na nu diutus ka bumi demi urang. (Mateus 20:28; Yohanes 8:29; Rum 5:12, 18) Sanggeus nyaho sakumaha nyaahna Yéhuwa ka Sadérék, haté Sadérék jadi kageuing pikeun malik nyaah ka Mantenna.​—Baca 1 Yohanes 4:9, 10.

6. Urang bakal kumaha lamun nyaah ka hiji jalma? Kanyaah ka Allah ngajurung Sadérék pikeun ngalampahkeun naon?

6 Tapi, parasaan ieu kakara mimitina. Contona, lamun urang nyaah ka hiji jalma, urang teu ngan saukur ngomong, ”Abdi nyaah ka anjeun.” Tangtu urang hayang ngalampahkeun sagala hal pikeun nyenangkeun manéhna. Kitu ogé lamun nyaah ka Yéhuwa, Sadérék hayang ngajalankeun hirup nu kamanah ku Mantenna. Waktu kanyaah Sadérék beuki kuat, Sadérék ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Ku cara kitu, Sadérék jangji rék ngawula Yéhuwa salalawasna. (Baca Rum 14:7, 8.) Kumaha Sadérék bisa nedunan jangji éta?

”NURUT KANA PARENTAH MANTENNA”

7. Urang bakal kumaha lamun nyaah ka Yéhuwa? Naon sababaraha paréntah-Na?

7 Lantaran nyaah ka Yéhuwa, urang ”nurut kana parentah Mantenna”. Urang diajar tina Alkitab naon nu dipiharep ku Yéhuwa dina kahirupan. Misalna, Yéhuwa ngalarang mabok, maling, hubungan séks jeung nu lain batur hirup, atawa nyembah ka aallahan séjén salian ti Mantenna.​—1 Korinta 5:11; 6:18; 10:14; Epesus 4:28; Kolosa 3:9.

8, 9. Kumaha urang bisa nyaho pandangan Yéhuwa ngeunaan hiji hal lamun teu aya hukum nu rinci dina Alkitab? Béré contona.

8 Sangkan kamanah ku Yéhuwa, teu cukup ngan saukur taat kana paréntah-Na. Mantenna teu masihan daptar hukum nu panjang ngeunaan sagala kaayaan dina kahirupan. Jadi sakapeung, teu aya hukum nu rinci dina Alkitab ngeunaan naon nu kudu dipilampah ku urang. Jadi, kumaha carana nyieun putusan nu bener? (Epesus 5:17) Dina Alkitab, urang manggihan prinsip, nyaéta bebeneran dasar nu némbongkeun pandangan Yéhuwa. Lamun maca Alkitab, urang bakal leuwih wanoh ka Yéhuwa, saperti cara pikir-Na, hal-hal nu dipikanyaah, jeung nu dipikaijid ku Mantenna.​—Baca Jabur 97:10; Siloka 6:16-19; tingali Catetan Ahir 1.

9 Misalna, kumaha urang bisa milih tongtonan dina TV atawa Internét? Yéhuwa henteu ngadikté naon nu kudu dipilih. Tapi, Mantenna masihan prinsip-prinsip nu ngabantu urang nyieun putusan nu bener. Loba hiburan ayeuna pinuh ku kakerasan jeung séks. Dina Alkitab, Yéhuwa nyarios sangkan urang ”ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan” sarta Mantenna bakal ngahukum ”anu nyelewer atawa jinah”. (Siloka 3:31; Ibrani 13:4) Kumaha prinsip-prinsip ieu ngabantu urang nyieun putusan nu bener? Urang tangtu bakal nyingkahan hiji hal nu dianggap salah atawa rucah ku Yéhuwa.

10, 11. Ku naon urang daék taat ka Yéhuwa?

10 Ku naon urang daék taat ka Yéhuwa? Tangtu lain lantaran urang sieun dihukum atawa sieun cilaka. (Galata 6:7) Urang taat lantaran nyaah ka Mantenna. Sarua siga budak leutik nu hayang nyenangkeun bapana, urang ogé hayang nyenangkeun Bapa urang di sawarga. Teu aya nu leuwih ngabungahkeun ti batan nyaho yén urang kamanah ku Mantenna!​—Jabur 5:13; Siloka 12:2; tingali Catetan Ahir 2.

11 Urang taat ka Yéhuwa téh lain kana hal-hal nu gampang waé atawa lantaran euweuh deui piliheun. Sarta urang gé moal pulah-pilih mana hukum jeung papakon nu rék dilampahkeun. (Pamindo 12:32) Tapi, urang bakal taat sagemblengna siga nu nulis jabur, ”Abdi malah resep ngalakonan eta aturan-aturan, tur kalintang mikacintana.” (Jabur 119:47; Rum 6:17) Urang hayang nyonto Nuh nu mikanyaah Yéhuwa ku cara ngalampahkeun sagala paréntah-Na. Alkitab nyebutkeun, ”Timbalan Allah ku [Nuh] dijalankeun.” (Kajadian 6:22) Naha Sadérék ogé hayang Yéhuwa nyarios kitu ngeunaan Sadérék?

12. Kumaha carana urang bisa nyenangkeun Yéhuwa?

12 Kumaha parasaan Yéhuwa lamun urang taat ka Mantenna? Mantenna bakal ”senang”. (Siloka 11:20; 27:11) Bayangkeun, urang bisa nyenangkeun Pribadi Nu Nyiptakeun jagat raya! Tapi, Mantenna tara maksa urang pikeun taat. Sabalikna, Mantenna masihan kabébasan milih, urang bébas rék milih nu bener atawa nu salah. Yéhuwa hoyong kanyaah urang ka Mantenna ngageuing urang pikeun nyieun putusan nu bener sangkan miboga kahirupan nu panghadéna.​—Pamindo 30:15, 16, 19, 20; tingali Catetan Ahir 3.

”PARENTAH-PARENTAH-NA TAYA ANU MATAK TEU PIKADUGAEUN”

13, 14. Ku naon urang yakin yén paréntah Allah téh teu hésé pikeun dijalankeun? Pék ibaratkeun.

13 Kumaha lamun urang ngarasa yén paréntah Yéhuwa téh beurat teuing atawa ngarasa urang jadi moal bébas? Alkitab jelas nyebutkeun, ”Parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang.” (1 Yohanes 5:3) Kecap Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”teu pikadugaeun” téh hartina ”beurat”. Dina ayat séjén, kecap ieu dipaké pikeun ngagambarkeun aturan nu teu asup akal atawa jalma nu hayang ngawasaan atawa nganyerikeun batur. (Mateus 23:4; Rasul 20:29, 30) Tarjamahan Alkitab Sunda Formal nyebutkeun kieu, ”Parentah Mantenna teh, teu beurat-beurat teuing.” Jadi, paréntah Yéhuwa téh teu sakitu héséna pikeun dijalankeun. Paménta Yéhuwa salawasna asup akal.

14 Ibaratna kieu, Sadérék mantuan sobat nu rék pindahan imah. Manéhna geus ngasup-ngasupkeun barangna kana kardus. Aya nu hampang, aya ogé nu beurat pisan nu kudu diangkat ku duaan. Naha sobat Sadérék bakal ménta Sadérék pikeun ngangkat kardus nu beurat éta sorangan? Tangtu moal! Ku naon? Lantaran manéhna teu hayang Sadérék cilaka. Saperti éta sobat, Yéhuwa tara ménta urang ngalampahkeun hiji hal nu kaliwat hésé. (Pamindo 30:11-14) Mantenna paham ka diri urang, ”Mantenna uninga kana bahan asal urang, kaemut yen urang teh saukur lebu.”​—Jabur 103:14.

15. Ku naon urang yakin yén kabéh paréntah Yéhuwa téh demi kahadéan urang?

15 Musa ngabéjaan urang Israil yén maranéhna bakal ”dijaga jeung dipaparin kamuktian” lamun taat kana paréntah Yéhuwa. (Pamindo 5:28-33; 6:24, 25) Kitu ogé ayeuna. Kabéh paréntah Yéhuwa téh bakal nyieun hirup urang jadi leuwih hadé. (Baca Yesaya 48:17.) Bapa urang, Yéhuwa, terang naon nu panghadéna pikeun urang. (Rum 11:33) Ceuk Alkitab, ”Allah teh sipat asih.” (1 Yohanes 4:8) Éta hartina, sagala nu dicarioskeun jeung dilampahkeun ku Yéhuwa dijurung ku kaasih.

16. Ku naon urang bisa tetep taat sanajan teu sampurna jeung hirup di dunya nu jahat?

16 Taat ka Yéhuwa téh mémang teu salawasna gampang. Urang hirup di dunya jahat nu dikawasaan ku Iblis. Manéhna mangaruhan jalma-jalma pikeun ngalampahkeun nu goréng. (1 Yohanes 5:19) Urang ogé kudu ngalawan pamikiran jeung kahayang nu teu sampurna nu bisa ngajurung urang pikeun teu taat ka Allah. (Rum 7:21-25) Tapi, kanyaah urang ka Yéhuwa bisa méré kakuatan pikeun ngalampahkeun nu bener. Mantenna ningal upaya urang sarta masihan roh suci-Na. (1 Samuel 15:22, 23; Rasul 5:32) Ku lantaran roh suci, urang bisa mekarkeun sipat-sipat nu ngabantu urang jadi leuwih gampang taat ka Mantenna.​—Galata 5:22, 23.

17, 18. (a) Dina buku ieu, urang bakal diajar naon? (b) Naon nu bakal dibahas di pasal saterusna?

17 Dina buku ieu, urang bakal diajar carana nyenangkeun Yéhuwa dina kahirupan. Urang bakal diajar carana ngalarapkeun prinsip-prinsip jeung papakon moral-Na. Inget yén Yéhuwa tara maksa urang pikeun taat. Lamun urang milih taat ka Mantenna, kahirupan urang bakal leuwih hadé jeung boga mangsa kahareup nu éndah. Nu pangpentingna, ku cara taat, urang némbongkeun kanyaah ka Allah.​—Tingali Catetan Ahir 4.

18 Pikeun ngabantu urang nyaho naon nu bener jeung nu salah, Yéhuwa masihan haté sanubari ka urang. Haté sanubari nu dilatih bisa ngabantu urang ”nurut kana parentah Mantenna”. Jadi, naon haté sanubari téh, jeung kumaha cara ngalatihna? Hayu urang bahas.