Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 6

Carana Milih Hiburan

Carana Milih Hiburan

”Dina sagala hal . . . ulah tinggal ti tujuan pikeun kamulyaan Allah.”​—1 KORINTA 10:31, SF.

1, 2. Ku naon urang kudu ati-ati dina milih hiburan?

 NAON nu rék dilakukeun ku Sadérék lamun keur ngadahar buah katingali aya nu buruk? Naha rék didahar waé? Naha rék dipiceun kabéhanana? Atawa nu burukna wungkul nu dipiceun, nu alusna didahar?

2 Hiburan téh kawas éta buah. Aya hiburan nu masih kénéh alus, tapi kalolobaanana mah goréng lantaran rucah, telenges, atawa aya patalina jeung hal-hal gaib. Jadi waktu rék milih hiburan, naha Sadérék ngomong, ”Kumaha urang wé rék milih hiburan nu siga kumaha ogé”? Atawa ngomong, ”Kabéh hiburan mah goréng”? Atawa, naha Sadérék bakal ati-ati, nyingkahan nu goréng jeung milih nu alus?

3. Saacan milih hiburan, naon nu kudu dipikirkeun ku urang?

3 Urang kabéh butuh rékréasi tur hiburan, sarta hayang milih nu alus. Ku kituna, urang kudu mikirkeun, naon pangaruhna hiburan nu dipilih kana sosobatan urang jeung Yéhuwa?

NGALAKUKEUN SAGALA HAL PIKEUN KAMULYAAN ALLAH

4. Naon salah sahiji prinsip Alkitab nu ngabingbing urang dina milih hiburan?

4 Waktu ngabakti ka Yéhuwa, urang jangji bakal ngagunakeun kahirupan pikeun ngawula Mantenna. (Baca Pandita 5:4.) Urang jangji bakal ngalakukeun sagala hal ”pikeun kamulyaan Allah”. (1 Korinta 10:31, SF) Ieu hartina hirup urang kudu luyu jeung pangbaktian ka Allah, kaasup waktu keur reureuh atawa rékréasi, lain ngan waktu masamoan jeung dines wungkul.

5. Ibadah urang ka Allah kudu kumaha?

5 Sagala nu dilampahkeun ku urang bisa mangaruhan ibadah ka Yéhuwa. Paulus nandeskeun hal ieu waktu ngomong, ”Sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup . . . supaya sukaeun manah-Na.” (Rum 12:1) Ceuk Yésus, ”Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.” (Markus 12:30) Urang hayang méré nu panghadéna ka Yéhuwa. Urang Israil jaman baheula kudu méré kurban sato nu séhat ka Yéhuwa. Lamun kurbanna aya cacadna, Allah moal kersaeun. (Imamat 22:18-20) Kitu ogé urang, ibadah urang bisa teu ditarima ku Yéhuwa. Ku naon?

6, 7. Naon pangaruh hiburan kana ibadah urang ka Yéhuwa?

6 Yéhuwa nyarios, ”Maraneh kudu suci, sabab Kami teh suci.” (1 Petrus 1:14-16; 2 Petrus 3:11) Ibadah urang kudu suci atawa bersih supaya ditarima ku Yéhuwa. (Pamindo 15:21) Ibadah urang moal bersih lamun urang ngalakukeun hal nu dipikaijid ku Yéhuwa saperti hal-hal nu rucah, telenges, atawa hal-hal gaib. (Rum 6:12-14; 8:13) Urang moal kamanah ku Yéhuwa lamun resep kana hiburan kawas kitu. Éta bisa nyababkeun ibadah urang jadi najis jeung teu ditarima ku Yéhuwa, sarta sosobatan urang jeung Mantenna bisa ruksak.

7 Jadi, kumaha urang bisa bijaksana dina milih hiburan? Prinsip-prinsip naon waé nu bisa ngabantu urang nyaho mana hiburan nu pantes jeung nu henteu?

NGAMUSUH KAGORÉNGAN

8, 9. Hiburan kawas kumaha nu disingkahan ku urang, sarta naon sababna?

8 Kiwari, aya rupa-rupa hiburan nu bisa dipilih ku urang. Sababaraha pantes keur urang Kristen, tapi kalolobaanana mah henteu. Mimitina, hayu urang bahas hiburan nu kawas kumaha nu kudu disingkahan téh.

9 Loba film, situs Internét, acara TV, video game, tur lagu eusina hal-hal nu rucah, telenges, jeung hal-hal gaib. Hal-hal goréng éta biasana katingali teu salah, malahan bodor. Tapi, urang Kristen bakal nyingkahan hiburan nu teu luyu jeung papakon Yéhuwa nu bersih. (Rasul 15:28, 29; 1 Korinta 6:9, 10) Lamun nyingkahan hal éta, urang némbongkeun ka Yéhuwa yén urang téh ngamusuh kagoréngan.​—Jabur 34:15; Rum 12:9.

10. Naon balukarna lamun urang milih hiburan nu goréng?

10 Tapi, aya nu mikir yén hiburan nu rucah, telenges, jeung nu aya patalina jeung hal-hal gaib téh teu bahaya. Ceuk pamikir maranéhna, ’Naon bahayana? Urang moal lah nepi ka nurutan mah.’ Lamun mikir siga kitu, urang keur nipu diri sorangan. Ceuk Alkitab, ”Saha nu ngarti kana hate manusa? Pinuh ku tipu daya, taya papadana; hese dicageurkeunana, geus kacida parnana.” (Yermia 17:9) Lamun resep kana hiburan nu dipikaijid ku Yéhuwa, naha urang bener-bener ngamusuh kagoréngan? Beuki resep kana hiburan nu siga kitu, urang bakal nganggap éta téh hal nu biasa. Haté sanubari urang bakal baal jeung moal ngingetan urang waktu nyieun putusan nu salah.​—1 Timoteus 4:1, 2.

11. Kumaha Galata 6:7 ngabantu urang dina milih hiburan?

11 Alkitab méré naséhat, ”Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.” (Galata 6:7) Bener pisan, lamun urang resep kana hiburan nu goréng, lila-lila urang bakal ngalampahkeun nu goréng. Contona, sababaraha urang Kristen nu kapangaruhan ku hiburan nu rucah ahirna ngalampahkeun hal nu rucah. Tapi, Yéhuwa masihan pitulung sangkan urang bijaksana dina milih hiburan.

GUNAKEUN PRINSIP ALKITAB DINA NYIEUN PUTUSAN

12. Naon nu bakal ngabantu urang nyieun putusan nu alus ngeunaan hiburan?

12 Urang nyaho kudu nyingkahan hiburan nu jelas-jelas dipikaijid ku Yéhuwa. Tapi, kumaha lamun aya nu teu pati jelas? Yéhuwa teu masihan daptar ngeunaan naon nu meunang jeung teu meunang ditongton, didéngékeun, atawa dibaca. Sabalikna, Mantenna hoyong urang ngagunakeun haté sanubari nu dilatih Alkitab. (Baca Galata 6:5.) Yéhuwa masihan prinsip-prinsip, nyaéta bebeneran dasar nu ngajelaskeun cara pandang-Na. Prinsip-prinsip ieu ngalatih haté sanubari urang. Urang jadi nyaho naon ”pangersa Gusti”. Ku kituna, urang tangtu bisa nyieun putusan nu kamanah ku Mantenna.​—Epesus 5:17.

Prinsip Alkitab bisa ngabantu urang dina milih hiburan

13. Naon sababna hiburan nu dipilih ku urang Kristen téh béda-béda? Tapi, naon nu penting keur urang Kristen?

13 Seringna, hiburan nu dipilih ku urang Kristen téh béda-béda. Ku naon? Lantaran karesepna béda-béda. Salian ti éta, nu katarima ku hiji jalma can tangtu katarima ogé ku  jalma séjénna. Sanajan kitu, kabéh urang Kristen kudu ngagunakeun prinsip-prinsip Alkitab dina nyieun putusan. (Pilipi 1:9) Ieu bisa ngabantu urang milih hiburan nu katarima ku Allah.​—Jabur 119:11, 129; 1 Petrus 2:16.

14. (a) Naon nu kudu dipikirkeun ngeunaan ngagunakeun waktu? (b) Paulus méré pépéling naon ka urang Kristen?

14 Hal séjénna nu kudu dipikirkeun téh nyaéta lilana waktu nu digunakeun pikeun hiburan. Ieu némbongkeun sakumaha pentingna hiburan keur urang. Sabagé urang Kristen, dines ka Yéhuwa téh hal nu pangpentingna. (Baca Mateus 6:33.) Tapi, bisa jadi teu karasa yén lila-lila hiburan méakkeun waktu urang. Paulus mépélingan urang Kristen, ”Hirup teh kudu make temah wadi. Ulah cara anu burung, kudu cara anu pinter. Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade.” (Epesus 5:15, 16) Ku kituna, urang kudu netepkeun watesan sabaraha lila waktu nu digunakeun pikeun hiburan sarta mastikeun dines ka Yéhuwa jadi hal nu pangpentingna.​—Pilipi 1:10.

15. Kumaha urang bisa nyalindungan diri ti hiburan nu bisa ngaruksak sosobatan jeung Yéhuwa?

15 Tangtu, urang kudu nyingkahan hiburan nu dipikaijid ku Yéhuwa. Tapi, kumaha jeung hiburan nu teu pati jelas meunang henteuna? Naha urang tetep kudu ati-ati? Pék bayangkeun. Waktu keur naék gunung, naha Sadérék bakal leumpang di gigireun jurang? Tangtu moal. Lamun ngahargaan kahirupan, Sadérék tangtu bakal ngajauhan bahaya. Kitu ogé dina milih hiburan. Firman Allah nyebutkeun, ”Jauhan anu jahat.” (Siloka 4:25-27) Jadi, urang teu ngan saukur nyingkahan hiburan nu jelas-jelas goréng, tapi ogé hiburan nu sigana bisa ngabahayakeun diri urang sarta sosobatan urang jeung Yéhuwa.

MIBOGA CARA PANDANG YÉHUWA

16. (a) Naon waé hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa? (b) Dina kaayaan naon urang kabukti ijid ka nu dipikaijid ku Yéhuwa?

16 Nu nulis jabur ngomong yén jalma nu nyaah ka Yéhuwa tangtu ”ngamusuh kagorengan”. (Jabur 97:10) Alkitab geus ngajarkeun cara pikir jeung parasaan Yéhuwa. Pék pikirkeun kumaha ieu bisa ngabantu Sadérék boga cara pandang nu sarua jeung Yéhuwa. Contona, urang diajar yén Yéhuwa ijid ka ”sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah, pipikiran nu ngareka kamurkaan, suku anu gura-giru kana kajahatan”. (Siloka 6:16-19) Urang gé diajar pikeun nyingkahan hal-hal nu ”rucah, . . . muja brahala, sihir, . . . dengki, ngumbar amarah, . . . sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta”. (Galata 5:19-21) Naha prinsip-prinsip éta bisa ngabantu Sadérék dina milih hiburan? Urang hayang nuturkeun papakon Yéhuwa dina sagala kaayaan, boh keur jeung batur boh keur nyorangan. (2 Korinta 3:18) Putusan nu dijieun waktu keur nyorangan nyingkabkeun jalma kawas kumaha urang téh.​—Jabur 11:4; 16:8.

17. Saacan milih hiburan, pananya naon nu kudu dipikirkeun?

17 Jadi, waktu rék milih hiburan, pikirkeun, ’Naon pangaruhna pilihan abdi kana sosobatan jeung Yéhuwa? Naha ieu ngaganggu haté sanubari abdi?’ Hayu urang pariksa sababaraha prinsip séjén nu ngabantu urang milih hiburan.

18, 19. (a) Paulus méré naséhat naon ka urang Kristen? (b) Prinsip naon waé nu bakal ngabantu urang milih hiburan?

18 Waktu keur milih hiburan, urang téh keur milih naon nu bakal diasupkeun kana pikiran. Paulus nulis, ”Kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus, nu manis, sarta nu kaajen.” (Pilipi 4:8) Lamun urang ngasupkeun hal-hal nu hadé kana pikiran, urang bisa ngomong, ”Sakur ucap abdi katut usiking sanubari, sing matak kamanah ku Gusti nun PANGERAN.”​—Jabur 19:15.

19 Pék pikirkeun, ’Abdi ngasupkeun naon kana pikiran? Sanggeus lalajo film atawa pintonan, naha abdi ngarasa bungah jeung seger deui? Naha haté sanubari abdi tenang, teu kaganggu? (Epesus 5:5; 1 Timoteus 1:5, 19) Naha abdi bisa laluasa ngadoa ka Yéhuwa, atawa rumasa salah? Naha abdi jadi mikirkeun hal-hal nu telenges jeung rucah? (Mateus 12:33; Markus 7:20-23) Lantaran hiburan éta, naha abdi jadi ”miluan adat kabiasaan ieu dunya”?’ (Rum 12:2) Ku cara jujur ngajawab pananya-pananya éta, urang bisa nyaho naon nu kudu dilakukeun sangkan sosobatan jeung Yéhuwa tetep kuat. Urang hayang ngadoa saperti nu nulis jabur, ”Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana.” *Jabur 119:37.

PUTUSAN URANG MANGARUHAN BATUR

20, 21. Ku naon urang kudu mikirkeun parasaan batur waktu milih hiburan?

20 Prinsip séjén nu kudu diinget nyaéta, ”Henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung. Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.” (1 Korinta 10:23, 24) Urang mémang boga kabébasan, tapi lain hartina urang bisa sakarepna. Urang kudu mikirkeun enya-enya kumaha putusan urang mangaruhan dulur saiman.

21 Unggal jalma boga haté sanubari nu béda-béda. Contona, haté sanubari Sadérék teu kaganggu waktu lalajo hiji acara TV. Terus, Sadérék nyaho yén acara éta ngaganggu haté sanubari batur. Sadérék bakal kumaha? Sanajan boga hak, Sadérék bisa waé mutuskeun henteu lalajo acara éta deui. Ku naon? Lantaran Sadérék teu hayang ”dosa ka dulur saiman”, atawa malahan ”dosa ka Kristus”. (1 Korinta 8:12, NW) Urang teu hayang nganyenyeri haté sanubari batur.​—Rum 14:1; 15:1; 1 Korinta 10:32.

22. Kumaha urang némbongkeun sikep asup akal lamun béda pilihan jeung dulur saiman?

22 Sabalikna, kumaha lamun haté sanubari Sadérék nu kaganggu waktu ningali naon nu ditongton atawa dibaca ku batur? Lantaran nyaah jeung ngajénan manéhna, Sadérék moal maksa manéhna milih hiburan nu sarua jeung Sadérék. Éta sarua jeung supir nu nyaho yén kabéh supir di jalan raya téh bisaeun nyetir, sanajan aya nu leuwih gancang atawa leuwih laun. Kitu ogé, Sadérék jeung dulur Sadérék sarua nuturkeun prinsip Alkitab, tapi bisa boga pandangan nu béda ngeunaan hiburan nu pantes.​—Pandita 7:16; Pilipi 4:5, NW.

23. Naon nu bisa ngabantu urang bijaksana dina milih hiburan?

23 Jadi, naon nu bisa ngabantu urang bijaksana dina milih hiburan? Urang bisa bijaksana milihna lamun ngagunakeun haté sanubari nu dilatih prinsip Alkitab sarta mikirkeun parasaan dulur saiman. Ku kituna, urang bakal bungah lantaran geus ngalakukeun sagala hal ”pikeun kamulyaan Allah”.

^ Prinsip-prinsip séjén ngeunaan milih hiburan aya di Siloka 3:31; 13:20; Epesus 5:3, 4; jeung Kolosa 3:5, 8, 20.