Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 5

Carana Tetep Misah ti Dunya

Carana Tetep Misah ti Dunya

”Maraneh . . . geus lain bogana [dunya].”​—YOHANES 15:19.

1. Sateuacanna pupus, naon nu dihariwangkeun ku Yésus?

 DINA peuting sateuacanna pupus, Yésus hariwang lantaran sakeudeung deui anjeunna bakal ninggalkeun murid-muridna. Anjeunna melang, maranéhna bakal kumaha kahareupna. Anjeunna ngélingan, ”Maraneh . . . geus lain bogana [dunya].” (Yohanes 15:19) Anjeunna ogé ngadoakeun maranéhna, ”Sakumaha Abdi sanes gaduhna dunya, maranehna oge sanes gaduhna dunya.” (Yohanes 17:15, 16) Naon maksud Yésus téh?

2. Naon ”dunya” nu dimaksud ku Yésus téh?

2 ”Dunya” téh ngamaksudkeun jalma-jalma nu teu wanoh ka Allah jeung dikawasaan ku Sétan. (Yohanes 14:30; Epesus 2:2; Yakobus 4:4; 1 Yohanes 5:19) Kumaha urang bisa misah ti dunya? Di pasal ieu, urang bakal ngabahas sababaraha carana: Urang kudu satia ka Karajaan Allah jeung tetep nétral, henteu ulubiung dina urusan pulitik. Urang kudu nolak roh dunya. Urang kudu milih papakéan jeung dangdanan nu basajan. Urang kudu boga pandangan nu bener kana duit. Urang gé kudu maké pakarang perang nu disadiakeun ku Allah.​—Tingali Catetan Ahir 16.

SATIA KA KARAJAAN ALLAH

3. Kumaha pandangan Yésus kana pulitik?

3 Basa di bumi, Yésus ningali yén jalma-jalma téh teu gampang hirupna, boga loba masalah. Anjeunna karunyaeun jeung hayang nulungan maranéhna. Naha anjeunna jadi pamingpin pulitik? Henteu. Anjeunna nyaho yén nu dibutuhkeun ku maranéhna téh Karajaan Allah. Ieu hal utama nu diwawarkeun ku Yésus, calon Raja Karajaan éta. (Daniel 7:13, 14; Lukas 4:43; 17:20, 21) Jadi, Yésus teu ulubiung dina urusan pulitik sarta tetep nétral. Basa keur di hareupeun Pontius Pilatus, gupernur Rum, Yésus ngomong, ”Karajaan Kaula sanes ti ieu dunya!” (Yohanes 18:36) Murid-muridna ogé tetep nétral. Dina buku On the Road to Civilization disebutkeun yén urang Kristen di abad kahiji ”embung boga jabatan pulitik”. Urang Kristen kiwari gé sarua. Urang satia ngadukung Karajaan Allah jeung nétral dina urusan pulitik dunya ieu.​—Mateus 24:14.

Naha Sadérék bisa ngajelaskeun alesan Sadérék ngarojong Karajaan Allah?

4. Kumaha urang Kristen sajati ngarojong Karajaan Allah?

4 Utusan atawa duta ngawakilan pamaréntah nagarana di nagara batur. Jadi, manéhna teu ulubiung dina urusan pulitik nagara éta. Kaom nu diistrénan, nu boga harepan pikeun maréntah bareng Yésus di sawarga, saperti duta. Paulus nulis ka urang Kristen nu diistrénan, ”Sim kuring sabatur-batur teh nya utusan-utusan Kristus.” (2 Korinta 5:20) Kaom nu diistrénan ngawakilan pamaréntahan Allah. Maranéhna henteu ulubiung dina urusan pulitik atawa pamaréntahan dunya ieu. (Pilipi 3:20) Sabalikna, maranéhna mantuan jutaan jalma diajar Karajaan Allah. ’Domba-domba lian’, nu boga harepan hirup langgeng di dunya anyar, ngarojong kaom nu diistrénan. Maranéhna ogé tetep nétral. (Yohanes 10:16; Mateus 25:31-40) Jadi, jelas yén urang Kristen sajati mah henteu ulubiung urusan pulitik dunya ieu.​—Baca Yesaya 2:2-4.

5. Naon salah sahiji alesan urang Kristen teu miluan perang?

5 Urang Kristen sajati nganggap dulur saimanna sabagé kulawarga. Maranéhna ngahiji teu sual nagara atawa budayana. (1 Korinta 1:10) Lamun urang miluan perang, éta sarua jeung ngalawan kulawarga, atawa dulur saiman urang. Padahal Yésus maréntahkeun urang pikeun mikanyaah maranéhna. (Yohanes 13:34, 35; 1 Yohanes 3:10-12) Malahan, Yésus maréntahkeun murid-muridna pikeun nyaah ka musuh.​—Mateus 5:44; 26:52.

6. Kumaha pandangan hamba-hamba nu ngabakti ka Yéhuwa ngeunaan pamaréntah?

6 Sanajan tetep nétral, urang Kristen sabisa-bisana jadi warga nagara nu bageur. Contona, urang ngajénan pamaréntah ku cara taat hukum jeung mayar pajeg. Tapi, urang gé salawasna hayang mayar ”ka Allah nu kagungan Allah”. (Markus 12:17; Rum 13:1-7; 1 Korinta 6:19, 20) ”Nu kagungan Allah” téh kaasup kanyaah, kataatan, jeung ibadah urang. Urang réla kaleungitan nyawa ti batan teu taat ka Yéhuwa.​—Lukas 4:8; 10:27; baca Rasul 5:29; Rum 14:8.

TOLAK ”ROH DUNYA”

7, 8. Naon ”roh dunya” téh, sarta naon pangaruhna ka jalma-jalma?

7 Misah ti dunya Sétan téh hartina urang kudu nolak ”roh dunya”. Ieu téh cara pikir jeung lalampahan nu asalna ti Sétan. Roh ieu ngadalikeun jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa. Urang Kristen mah embung dikadalikeun ku roh ieu. Ceuk Paulus, ”Anu dipaparinkeun ka urang lain roh dunya ieu, tapi Roh asal ti Allah.”​—1 Korinta 2:12; Epesus 2:2, 3; tingali Catetan Ahir 17.

8 Roh dunya ieu nyababkeun jalma-jalma jadi mentingkeun diri, adigung, jeung resep barontak. Maranéhna jadi nganggap yén taat ka Allah téh teu perlu. Sétan resep lamun jalma-jalma ngalampahkeun naon waé sakahayangna tanpa mikirkeun balukarna. Manéhna hayang jalma-jalma ngutamakeun kahayangna sorangan. (1 Yohanes 2:16; 1 Timoteus 6:9, 10) Si Iblis satékah polah nyasabkeun hamba-hamba Allah jeung nipu urang sangkan boga cara pikir siga manéhna.​—Yohanes 8:44; Rasul 13:10; 1 Yohanes 3:8.

9. Kumaha carana roh dunya mangaruhan urang?

9 Saperti udara, roh dunya téh aya di mana-mana. Lamun teu satékah polah nolak roh ieu, urang bakal kapangaruhan. (Baca Siloka 4:23.) Pangaruhna téh osok teu karasa, misalna liwat cara pikir jeung laku lampah jalma-jalma nu teu nyembah Yéhuwa. (Siloka 13:20; 1 Korinta 15:33) Tapi, bisa ogé urang kapangaruhan ku hal-hal saperti pornografi, jalma-jalma murtad, atawa olahraga nu ngabahayakeun kahirupan.​—Tingali Catetan Ahir 18.

10. Kumaha carana nolak roh dunya?

10 Kumaha carana sangkan urang teu dikadalikeun ku roh dunya? Urang kudu ngaraket ka Yéhuwa jeung dibingbing ku hikmat-Na. Urang kudu rutin nyuhunkeun roh suci-Na sarta sibuk dina palayanan. Yéhuwa téh Pribadi nu pangkawasana di jagat raya. Urang yakin Mantenna bisa ngabantu urang nolak roh dunya.​—1 Yohanes 4:4.

PILIH PAPAKÉAN NU NGAMULYAKEUN ALLAH

11. Kumaha cara pikir dunya mangaruhan cara papakéan loba jalma?

11 Tina papakéan jeung dangdanan, urang bisa nunjukkeun yén urang téh lain bogana dunya. Loba jalma di dunya milih papakéan nu mikat perhatian batur, ngahudang pikiran nu rucah, némbongkeun sumanget barontak, atawa mamérkeun kakayaanana. Nu séjénna teu paduli kana dangdanan, papakéanana awut-awutan jeung kotor. Urang embung nurutan maranéhna dina milih papakéan jeung dangdanan.

Naha cara papakéan urang ngamulyakeun Yéhuwa?

12, 13. Prinsip-prinsip naon nu bisa ngabingbing urang dina milih papakéan?

12 Salaku hamba Yéhuwa, urang hayang milih papakéan nu rapih, bersih, merenah, tur cocog jeung kaayaan. Papakéan urang kudu ”sameujeuhna ulah kaleuleuwihi” atawa basajan pikeun némbongkeun yén urang téh jalma nu ”ibadah ka Allah”.​—1 Timoteus 2:9, 10; Yudas 21.

13 Papakéan urang bisa mangaruhan cara pandang batur ka Yéhuwa jeung umat-Na. Urang hayang ngalakukeun sagala hal ”reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah”. (1 Korinta 10:31) Papakéan nu basajan téh nu ngajénan parasaan jeung pandangan batur. Jadi, waktu milih papakéan atawa dangdanan, inget yén pilihan urang bisa mangaruhan batur.​—1 Korinta 4:9; 2 Korinta 6:3, 4; 7:1.

14. Naon nu kudu dipikirkeun waktu milih papakéan keur kagiatan rohani?

14 Kumaha sakuduna papakéan urang waktu keur di pasamoan atawa keur dines? Naha éta jadi sorotan batur? Naha batur jadi karagok ningalina? Naha urang ngarasa cara papakéan urang lain urusan batur? (Pilipi 2:4; 1 Petrus 5:6) Tangtu wajar lamun urang hayang katingali geulis atawa kasép, tapi nu matak batur kataji téh saenyana sipat-sipat Kristen urang. Ieu nu ditingali ku Yéhuwa ti umat-Na, ”kageulisan sajati . . . anu dipandang utama ku Allah”.​—1 Petrus 3:3, 4.

15. Ku naon Yéhuwa teu ngajéntrékeun aturan ngeunaan papakéan?

15 Yéhuwa teu ngajéntrékeun aturan ngeunaan papakéan. Tapi, Mantenna masihan prinsip-prinsip Alkitab nu bisa ngabingbing urang dina nyieun putusan nu bener. (Ibrani 5:14) Mantenna hoyong putusan urang, boh nu leutik boh nu gedé, dumasar kana kanyaah ka Mantenna jeung ka sasama. (Baca Markus 12:30, 31.) Di sakuliah dunya, cara papakéan umat Yéhuwa téh béda-béda, gumantung kana budaya jeung karesepna. Tapi, hal éta malah katingali alus jeung éndah.

PANDANGAN NU BENER KANA DUIT

16. Naon bédana pandangan dunya jeung pangajaran Yésus ngeunaan duit? Pananya naon waé nu kudu dilenyepan ku urang?

16 Sétan hayang manusa yakin yén konci kabagjaan téh duit jeung harta banda. Tapi, hamba-hamba Yéhuwa nyaho éta téh salah. Urang percaya kana omongan Yésus, ”Hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.” (Lukas 12:15) Duit moal bisa bener-bener ngabagjakeun urang. Éta moal bisa meuli sosobatan nu sajati, katengtreman pikiran, atawa hirup langgeng. Mémang urang boga pangabutuh jeung hayang hirup genah. Tapi, Yésus ngajarkeun yén urang bisa bener-bener bagja lamun nyobat jeung Yéhuwa sarta ngutamakeun ibadah dina kahirupan. (Mateus 5:3; 6:22) Pék lenyepan, ’Naha urang geus kapangaruhan ku cara pandang dunya kana duit? Naha éta wungkul nu dipikirkeun jeung diobrolkeun ku urang?’​—Lukas 6:45; 21:34-36; 2 Yohanes 6.

17. Bakal kumaha hirup Sadérék lamun nolak cara pikir dunya ngeunaan duit?

17 Hirup urang bakal bagja lamun sibuk ngawula Yéhuwa jeung nolak cara pikir dunya ieu ngeunaan duit. (Mateus 11:29, 30) Urang bakal sugema sarta ngarasakeun katengtreman haté jeung pikiran. (Mateus 6:31, 32; Rum 15:13) Urang gé moal hariwang teuing mikiran harta banda. (Baca 1 Timoteus 6:9, 10.) Urang bakal ngarasakeun yén leuwih bagja méré ti batan nampa. (Rasul 20:35) Urang gé bakal boga leuwih loba waktu pikeun jalma nu dipikanyaah. Malahan, urang leuwih tibra saréna.​—Pandita 5:12.

”PAKE PAKARANG PERANG TI ALLAH”

18. Naon nu diupayakeun ku Sétan?

18 Sétan nyieun upaya pikeun ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa, ku kituna urang kudu satékah polah ngajagana. Urang kudu bajoang ngalawan ”kakuatan roh-roh jahat”. (Epesus 6:12) Sétan jeung roh-roh jahat teu hayang urang bagja jeung hirup langgeng. (1 Petrus 5:8) Sanajan musuh-musuh éta kuat, Yéhuwa siap nulungan urang sangkan meunang!

19. Naon nu dijelaskeun ku Epesus 6:14-18 ngeunaan ”pakarang perang” pikeun urang Kristen?

19 Baheula, prajurit kudu maké pakarang perang pikeun nyalindungan diri. Kitu ogé, urang kudu maké ”pakarang perang” nu dipasihan ku Yéhuwa pikeun nyalindungan urang. (Epesus 6:13) Ieu dijelaskeun di Epesus 6:14-18, ”Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena, sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna. Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat. Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna. Lampahkeun eta sakabehna dibarengan ku paneda nyambat pitulung Allah. Dina sagala perkara kudu neneda nurutkeun pituduh Roh Allah.”

20. Urang kudu kumaha sangkan ”pakarang perang” aya mangpaatna?

20 Lamun saurang prajurit poho maké hiji pakarang, aya bagian awak nu teu katutupan. Bagian éta nu bakal diserang ku musuhna. Kitu ogé supaya aman, urang teu meunang poho maké hiji ”pakarang perang” ogé. Urang kudu maké kabéh pakarang jeung ngajagana tetep alus. Urang bakal terus bajoang nepi ka dunya Sétan diancurkeun sarta Sétan jeung roh-roh jahatna dileungitkeun ti bumi ieu. (Wahyu 12:17; 20:1-3) Jadi, ulah nyerah lamun urang ayeuna keur bajoang ngalawan kalemahan atawa kahayang nu salah!​—1 Korinta 9:27.

21. Kumaha carana urang bisa meunang ngalawan Sétan?

21 Ku kakuatan sorangan mah urang moal bisa ngéléhkeun Sétan. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa! Urang kudu ngadoa ka Yéhuwa, diajar Firman-Na, sarta campur gaul jeung dulur saiman. (Ibrani 10:24, 25) Hal-hal ieu bisa ngabantu urang sangkan tetep satia ka Allah jeung siap ngabéla iman.

SIAP NGABÉLA IMAN

22, 23. (a) Kumaha sangkan urang bisa terus siap ngabéla iman? (b) Naon nu bakal dibahas di pasal saterusna?

22 Iraha waé, urang kudu siap ngabéla iman. (Yohanes 15:19) Dina sababaraha hal, Saksi Yéhuwa boga pamadegan nu béda pisan jeung kalolobaan jalma. Pék lenyepan, ’Naha abdi bener-bener paham alesan tina pamadegan ieu? Naha abdi yakin yén naséhat ti Alkitab jeung gandék nu satia jeung bijaksana téh bener? Naha abdi reueus jadi salah saurang Saksi Yéhuwa? (Jabur 34:3; Mateus 10:32, 33) Naha abdi bisa ngajelaskeun kapercayaan abdi ka batur?’​—Mateus 24:45; Yohanes 17:17; baca 1 Petrus 3:15.

23 Dina loba kaayaan, jelas pisan naon nu kudu dilampahkeun sangkan misah ti dunya Sétan. Tapi sakapeung, éta teu pati jelas. Sétan ngajiret urang ku rupa-rupa cara. Salah sahijina nyaéta liwat hiburan. Kumaha urang bisa bijaksana dina milih hiburan? Ieu bakal dibahas dina pasal saterusna.