Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 2

Haté Sanubari nu Bersih di Payuneun Allah

Haté Sanubari nu Bersih di Payuneun Allah

”Dibarung ku hate anu beresih.”​—1 PETRUS 3:16, SF.

1, 2. Ku naon Sadérék butuh bingbingan di tempat nu teu dikenal? Pikeun ngabingbing urang, Yéhuwa masihan naon?

 BAYANGKEUN Sadérék keur leumpang di gurun keusik. Lantaran anginna tarik, gundukan keusik bisa robah bentukna. Hésé lamun rék nyirian hiji tempat, Sadérék bisa gampang kasasab. Kumaha carana bisa nepi ka tujuan? Kudu aya nu ngabingbing Sadérék. Bisa waé éta téh kompas, panonpoé jeung béntang, peta, GPS (Global Positioning System), atawa malahan jalma nu bener-bener apal daérah éta. Bantuan éta penting pisan lantaran bisa nyalametkeun hirup Sadérék.

2 Urang kabéh nyanghareupan loba tangtangan dina kahirupan, jeung sakapeung ngarasa kaleungitan arah. Tapi, Yéhuwa masihan haté sanubari pikeun ngabingbing urang. (Yakobus 1:17) Hayu urang bahas naon haté sanubari téh jeung kumaha cara digawéna. Terus, urang gé bakal diajar kumaha cara ngalatihna, ku naon urang kudu ngajénan haté sanubari batur, sarta kumaha haté sanubari nu bersih bisa leuwih ngabagjakeun kahirupan.

NAON HATÉ SANUBARI TÉH JEUNG KUMAHA CARA DIGAWÉNA?

3. Naon haté sanubari téh?

3 Haté sanubari téh kurnia nu pohara ti Yéhuwa. Ieu téh parasaan ngeunaan bener salahna hiji hal. Kecap Yunani pikeun ”haté sanubari” dina Alkitab ngahartikeun ”pangaweruh nu aya dina diri urang”. Lamun haté sanubari urang alus, urang jadi nyaho jalma nu kawas kumaha urang téh. Urang bisa jujur dina mariksa pikiran jeung parasaan. Éta bisa nungtun urang ka nu hadé jeung nyingkahan nu goréng. Éta gé bisa ngabagjakeun urang lamun nyieun putusan nu bijaksana atawa nyalahkeun urang lamun nyieun putusan nu salah.​—Tingali Catetan Ahir 5.

4, 5. (a) Naon balukarna waktu Adam jeung Hawa ngabaékeun haté sanubari? (b) Kumaha Alkitab nyebutkeun cara digawéna haté sanubari?

4 Urang masing-masing bisa milih rék ngadéngékeun haté sanubari atawa henteu. Adam jeung Hawa ngabaékeun haté sanubarina, tuluy ahirna ngalampahkeun dosa. Sanggeusna, maranéhna rumasa salah, tapi geus telat. Maranéhna geus teu taat ka Yéhuwa. (Kajadian 3:7, 8) Sanajan boga haté sanubari nu sampurna jeung nyaho yén teu taat téh salah, maranéhna ngahaja ngabaékeun haté sanubarina.

5 Sabalikna, loba manusa nu teu sampurna ngadéngékeun haté sanubarina. Contona Ayub. Lantaran nyieun putusan nu bener, manéhna bisa ngomong, ”Haté abdi moal nyalahkeun abdi salila hirup abdi.” (Ayub 27:6, NW) ”Haté” nu dimaksud Ayub téh haté sanubari, parasaan manéhna ngeunaan bener salahna hiji hal. Tapi, Daud pernah ngabaékeun haté sanubarina jeung teu taat ka Yéhuwa. Sanggeusna, Daud ”ratug manahna” lantaran rumasa salah. (1 Samuel 24:5) Haté sanubari Daud ngabéjaan yén manéhna téh salah. Lantaran ngadéngékeun haté sanubarina, Daud diajar pikeun henteu nyieun kasalahan éta deui.

6. Naon buktina yén haté sanubari téh kurnia ti Allah keur kabéh manusa?

6 Jalma nu teu wanoh ka Yéhuwa gé biasana sadar aya hal-hal nu bener jeung nu salah. Alkitab nyebutkeun, ”Maranehanana sakapeung sok dibenerkeun, sakapeung sok disalahkeun ku pikiranana.” (Rum 2:14, 15) Misalna, kalolobaan jalma nyaho yén maéhan atawa maok téh salah. Bisa jadi maranéhna teu sadar éta téh sora haté sanubarina, kamampuh nu dipasihan ku Yéhuwa. Maranéhna ogé teu sadar geus nuturkeun prinsip-prinsip Allah, atawa bebeneran dasar nu disadiakeun ku Yéhuwa pikeun nyieun putusan nu bener dina kahirupan.

7. Ku naon haté sanubari urang sakapeung bisa salah?

7 Tapi, haté sanubari urang sakapeung bisa salah. Haté sanubari bisa diruksak ku pikiran jeung parasaan urang nu teu sampurna. Balukarna, urang dibingbing ka arah nu salah. Haté sanubari téh teu ujug-ujug alus, kudu dilatih. (Kajadian 39:1, 2, 7-12) Ku kituna, Yéhuwa masihan roh suci jeung prinsip-prinsip Alkitab. (Rum 9:1) Hayu urang bahas kumaha cara ngalatihna.

CARANA NGALATIH HATÉ SANUBARI

8. (a) Kumaha parasaan mangaruhan haté sanubari urang? (b) Pananya naon nu kudu dilenyepan saacan nyieun putusan?

8 Aya nu mikir yén ngadéngékeun haté sanubari téh saukur nuturkeun parasaan. Maranéhna nyangka bisa ngalampahkeun naon waé sakahayangna nu dirasa bener. Tapi, parasaan urang téh teu sampurna, jadi bisa nyasabkeun. Parasaan urang bisa méré pangaruh nu kuat pisan ka haté sanubari. Ceuk Alkitab, ”Saha nu ngarti kana hate manusa? Pinuh ku tipu daya, taya papadana.” (Yermia 17:9) Urang jadi mikir yén hiji hal téh bener padahal salah. Contona, saacan Paulus jadi urang Kristen, manéhna nganiaya umat Allah kalawan kejem sarta nyangka éta téh bener. Ceuk manéhna mah haté sanubarina bersih. Tapi, ka dieunakeun manéhna ngomong, ”Ceuk rarasaan mah sim kuring beresih, tapi tacan tangtu teu boga salah. Anu kawasa nangtukeun ngan Pangeran.” (1 Korinta 4:4; Rasul 23:1; 2 Timoteus 1:3) Basa Paulus nyaho kumaha parasaan Yéhuwa kana lalampahanana, manéhna sadar kudu barobah. Jadi, saacan nyieun putusan, urang kudu ngalenyepan, ’Yéhuwa hoyong abdi ngalampahkeun naon?’

9. Naon hartina sieun ka Allah?

9 Sadérék tangtu moal nganyenyeri jalma nu dipikanyaah. Lantaran mikanyaah Yéhuwa, urang gé moal nganyenyeri Mantenna. Rasa sieun nganyenyeri Mantenna kudu kuat. Éta nu dilampahkeun Néhémia. Manéhna embung nyalahgunakeun jabatanana salaku gupernur pikeun jadi beunghar. Ku naon? Ceuk manéhna, ”Sim kuring mah jelema anu sieun ku Allah.” (Nehemia 5:15) Néhémia embung ngalampahkeun hal-hal nu nganyenyeri Yéhuwa. Siga Néhémia, urang sieun nganyenyeri Mantenna lamun ngalampahkeun nu salah. Urang bisa nyaho hal-hal nu nyukakeun Mantenna tina Alkitab.​—Tingali Catetan Ahir 6.

10, 11. Prinsip Alkitab naon nu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana ngeunaan alkohol?

10 Misalna, saurang Kristen bisa jadi kudu mutuskeun rék nginum alkohol atawa henteu. Prinsip-prinsip naon nu bisa ngabantu manéhna? Alkitab henteu ngalarang urang nginum alkohol. Malahan, anggur téh pamasihan Yéhuwa. (Jabur 104:14, 15) Tapi, Yésus mépélingan murid-muridna sangkan teu ”mabok-mabok”. (Lukas 21:34, SF) Paulus ogé ngingetan urang Kristen, ”Ulah pepestaan bae, ulah mabok.” (Rum 13:13) Manéhna ngajéntrékeun yén tukang mabok ”moal meunang asup ka Karajaan Allah”.​—1 Korinta 6:9, 10, SF.

11 Urang bisa ngalenyepan: ’Sakumaha pentingna alkohol keur abdi? Naha abdi kudu nginum heula sangkan tenang atawa percaya diri? Naha abdi bisa ngadalikeun sakumaha lobana jeung seringna abdi nginum? * Naha abdi masih bisa tetep bungah ngariung jeung sobat sanajan euweuh alkohol?’ Urang bisa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun nyieun putusan nu bijaksana. (Baca Jabur 139:23, 24.) Ku cara kitu, urang ngalatih haté sanubari sangkan saluyu jeung prinsip Alkitab. Tapi, aya deui nu perlu dipikirkeun.

ALESANANA URANG NGAJÉNAN HATÉ SANUBARI BATUR

12, 13. Ku naon haté sanubari urang bisa béda jeung batur? Kumaha sakuduna sikep urang?

12 Haté sanubari unggal jalma téh béda-béda. Sadérék bisa waé teu rumasa salah ngalampahkeun hiji hal, tapi batur mah ngarasa kaganggu. Misalna, Sadérék nginum alkohol, tapi batur mah embungeun. Ku naon bisa béda?

Haté sanubari nu kalatih bisa ngabantu Sadérék mutuskeun rék nginum alkohol atawa henteu

13 Haté sanubari hiji jalma biasana dipangaruhan ku tempat manéhna digedékeun, pandangan kulawargana, pangalaman hirupna, jeung hal-hal séjén. Jalma nu baheulana teu bisa ngadalikeun nginum alkohol, bisa waé mutuskeun henteu nginum deui. (1 Raja 8:38, 39) Jadi, lamun manéhna nolak ditawaran alkohol ku Sadérék, kumaha sikep Sadérék? Naha Sadérék bakal kasinggung? Bakal maksa? Bakal terus nanya alesanana? Henteu, lantaran Sadérék ngajénan haté sanubari manéhna.

14, 15. Aya masalah naon di jaman Paulus? Manéhna méré naséhat naon?

14 Di jaman Rasul Paulus, muncul masalah ngeunaan haté sanubari. Sababaraha daging nu dijual di pasar geus disuguhkeun heula ka brahala. (1 Korinta 10:25) Paulus teu ngarasa salah lamun meuli jeung ngadahar éta daging. Keur manéhna mah kabéh dahareun asalna ti Yéhuwa. Tapi, sababaraha sadérék nu baheulana nyembah brahala boga parasaan nu béda. Maranéhna ngarasa salah lamun ngadahar éta daging. Naha Paulus mikir: ’Ah, da haté sanubari urang mah teu nanaon. Hak urang rék ngadahar naon waé gé’?

15 Paulus henteu mikir kitu. Parasaan dulur saimanna sakitu pentingna keur manéhna nepi ka daék ngorbankeun hak pribadina. Paulus méré naséhat ka urang, ”Ulah hayang ngeunah sorangan bae. Kristus oge henteu senang-senang nyalira.” (Rum 15:1, 3) Saperti Yésus, Paulus leuwih mentingkeun batur ti batan dirina sorangan.​—Baca 1 Korinta 8:13; 10:23, 24, 31-33.

16. Ku naon urang sakuduna henteu ngahakiman lalampahan batur?

16 Tapi, kumaha lamun haté sanubari urang nu kaganggu ningali lalampahan batur? Urang kudu ati-ati pisan sangkan henteu ngiritik batur sarta keukeuh urang nu bener, manéhna nu salah. (Baca Rum 14:10.) Yéhuwa masihan haté sanubari téh pikeun ngahakiman diri sorangan, lain ngahakiman batur. (Mateus 7:1) Urang teu hayang pilihan pribadi urang ngaruksak kasatunggalan sidang. Sabalikna, urang ngupayakeun sangkan silih pikanyaah jeung ngahiji.​—Rum 14:19.

MANGPAATNA HATÉ SANUBARI NU BERSIH

17. Naon nu kaalaman ku haté sanubari jalma-jalma?

17 Rasul Pétrus nulis sangkan urang ngajaga ”hate anu beresih”. (1 Petrus 3:16, SF) Lamun jalma-jalma terus ngabaékeun prinsip-prinsip Yéhuwa, ahirna haté sanubarina moal ngingetan deui. Ceuk Paulus, haté sanubari sarupa kitu téh ”ibarat geus tutung ku beusi hurung”. (1 Timoteus 4:2) Naha pernah aya bagian awak Sadérék nu kabeuleum? Lamun kabeuleumna parah, bagian éta bakal jadi baal. Jalma nu terus ngalampahkeun nu salah, haté sanubarina bisa baal, tuluy ahirna ruksak.

Haté sanubari nu alus bisa ngabingbing hirup urang sarta mawa kabagjaan tur katengtreman batin

18, 19. (a) Naon hartina lamun urang rumasa salah atawa éra? (b) Sanggeus tobat, urang kudu kumaha lamun terus rumasa salah ku kasalahan nu baheula?

18 Waktu urang rumasa salah, bisa jadi haté sanubari keur ngélingan yén urang geus ngalampahkeun nu salah. Urang dibantu pikeun mariksa lalampahan urang sarta eureun ngalampahkeunana. Urang moal nyieun deui kasalahan nu sarua. Contona, basa Raja Daud ngalampahkeun dosa, haté sanubarina ngageuing manéhna pikeun tobat. Manéhna jadi ijid kana dosana jeung boga tékad pikeun taat ka Yéhuwa saterusna. Dumasar kana pangalamanana, Daud bisa nyebutkeun yén Yéhuwa téh ”langsar manah, jembar hampura”.​—Jabur 51:1-21; 86:5; tingali Catetan Ahir 7.

19 Tapi, aya ogé jalma nu terus rumasa salah sanajan geus lila tobat tina dosana nu baheula. Manéhna bisa jadi kasiksa ku parasaan éta jeung ngarasa euweuh hargaan. Lamun Sadérék sakapeung ngarasa kitu, inget yén nu geus kaliwat teu bisa dirobah. Teu sual baheulana Sadérék paham éta téh salah atawa henteu, Yéhuwa geus ngahampura sagemblengna, éta dosa geus dipupus. Ayeuna, Sadérék bersih di payuneun Allah jeung yakin keur ngalampahkeun nu bener. Bisa waé haté Sadérék masih nyalahkeun, tapi Alkitab nyebutkeun, ”Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang.” (Baca 1 Yohanes 3:19, 20.) Ieu hartina kanyaah jeung pangampura Mantenna leuwih kuat ti batan parasaan salah atawa kaéra urang. Sing yakin yén Yéhuwa geus ngahampura Sadérék. Lamun saurang jalma narima pangampura Yéhuwa, haté sanubarina bakal tengtrem jeung manéhna bisa bagja ngawula Yéhuwa.​—1 Korinta 6:11; Ibrani 10:22.

20, 21. (a) Buku ieu dirancang pikeun naon? (b) Kabébasan naon nu dipasihan ku Yéhuwa? Kumaha cara urang ngagunakeunana?

20 Buku ieu dirancang pikeun ngabantu Sadérék ngalatih haté sanubari supaya Sadérék bisa diélingan jeung dijaga dina ahir jaman nu beuki susah. Sadérék ogé bakal dibantu pikeun ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab dina rupa-rupa kaayaan. Buku ieu tangtuna moal ngarinci kabéh aturan pikeun unggal kaayaan. Urang ngajalankeun ”hukum Kristus” nu dumasar kana prinsip-prinsip Allah. (Galata 6:2) Teu ayana hukum nu rinci lain alesan pikeun ngalampahkeun nu salah. (2 Korinta 4:1, 2; Ibrani 4:13; 1 Petrus 2:16) Sabalikna, urang ngagunakeun kabébasan urang pikeun némbongkeun kanyaah ka Yéhuwa.

21 Ku cara ngalenyepan prinsip Alkitab jeung ngalarapkeunana, urang diajar ngagunakeun pamahaman sarta boga cara pikir nu sarua jeung Yéhuwa. (Ibrani 5:14) Hasilna, haté sanubari nu geus kalatih bakal ngabingbing hirup urang jeung ngabantu urang tetep dipikaasih ku Allah.

^ Ceuk loba dokter, jalma nu kacanduan alkohol hésé ngadalikeun lobana alkohol nu diinum. Saran maranéhna mah ulah nginum alkohol barang saeutik gé.