Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 16

Iblis Kudu Dilawan

Iblis Kudu Dilawan

”Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.” —YAKOBUS 4:7.

1, 2. Naon nu perlu urang paham ngeunaan Sétan jeung roh-roh jahat?

 KAHIRUPAN di dunya anyar tangtu bakal pohara éndahna. Ahirna, urang bisa hirup sakumaha tujuan Yéhuwa. Tapi, ayeuna urang masih kénéh hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan jeung roh-roh jahat. (2 Korinta 4:4) Sanajan teu katingali, maranéhna bener-bener aya jeung kuat pisan.

2 Dina pasal ieu, urang bakal ngabahas carana bisa tetep raket ka Yéhuwa jeung nyalindungan diri ti Sétan. Yéhuwa jangji bakal mantuan. Tapi, urang perlu paham siasat nu digunakeun Sétan jeung roh-roh jahat pikeun ngajiret tur nyerang urang.

KAWAS SINGA NU GUAR-GAUR

3. Naon nu rék dilakukeun Sétan ka urang?

3 Sétan nuduh yén manusa ibadah ka Yéhuwa téh lantaran pamrih, jeung urang bakal eureun ngawula Mantenna lamun ngalaman loba pisan kasusah. (Baca Ayub 2:4, 5.) Lamun ningali aya jalma nu hayang diajar ngeunaan Yéhuwa, Sétan jeung roh-roh jahatna bakal ngahalangan. Maranéhna ambek lamun aya jalma nu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Alkitab nyebutkeun yén Iblis téh ”keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun”. (1 Petrus 5:8) Sétan hayang ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa.—Jabur 7:2, 3; 2 Timoteus 3:12.

Sétan ngamuk waktu urang ngabaktikeun diri ka Yéhuwa

4, 5. (a) Sétan teu kawasa ngalakukeun naon? (b) Naon hartina ’ngalawan Iblis’?

4 Tapi, ulah sieun ka Sétan jeung roh-roh jahat. Yéhuwa geus ngawatesan naon nu bisa dilakukeun ku maranéhna. Yéhuwa jangji yén umat-Na nu ”kacida lobana” bakal salamet ngaliwatan mangsa cilaka. (Wahyu 7:9, 14) Iblis teu kawasa ngahalangan hal éta, lantaran Yéhuwa nyalindungan umat-Na.

5 Lamun urang tetep raket ka Yéhuwa, Sétan moal bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Mantenna. Firman Allah ngayakinkeun urang, ”Sapanjang . . . tumut ka PANGERAN, ku Mantenna tangtos disarengan.” (2 Babad 15:2; baca 1 Korinta 10:13.) Loba hamba Allah nu satia di jaman baheula, saperti Habil, Hanok, Nuh, Sarah, jeung Musa, ngalawan Sétan ku cara tetep raket ka Yéhuwa. (Ibrani 11:4-40) Urang gé bisa kitu. Dina Firman Allah dijangjikeun, ”Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun.”—Yakobus 4:7.

URANG KUDU NGALAWAN

6. Kumaha Sétan nyerang urang?

6 Sétan nyaho yén kawasana geus diwatesan ku Yéhuwa, tapi manéhna terus ngupayakeun pikeun ngalemahkeun sosobatan urang jeung Allah. Sétan nyerang urang ku rupa-rupa cara jeung siasat nu geus digunakeun ku manéhna salila rébuan taun. Naon contona?

7. Ku naon Sétan nyerang umat Yéhuwa?

7 Rasul Yohanes nulis, ”Saalam dunya dibawah ku si Jahat.” (1 Yohanes 5:19) Sétan ngawasaan dunya jahat ieu jeung hayang ngawasaan umat Yéhuwa. (Mika 4:1; Yohanes 15:19; Wahyu 12:12, 17) Manéhna nyaho geus téréh dibinasakeun, jadi manéhna ngupayakeun sabisa-bisa sangkan hamba Allah teu satia. Iblis sakapeung ngagunakeun serangan langsung, tapi sakapeung ogé seranganana téh samar.

8. Unggal urang Kristen kudu sadar kana hal naon?

8 Epesus 6:12 nyebutkeun, ”Anu dilawan ku urang teh . . . kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib.” Unggal urang Kristen kudu ngalawan Iblis jeung roh-roh jahat. Urang kudu sadar yén kabéh nu ngabakti ka Yéhuwa milu dina peperangan ieu. Dina suratna ka urang Épésus, mangkali-kali Rasul Paulus mépélingan urang Kristen sangkan ”tagen” jeung ”sayaga”.—Epesus 6:11, 13, 14.

9. Naon nu rék dilakukeun ku Sétan jeung roh-roh jahat ka urang?

9 Sétan jeung roh-roh jahat boga rupa-rupa cara pikeun nipu urang. Sanajan urang geus bisa ngalawan Sétan ku hiji cara, bisa waé urang diéléhkeun manéhna ku cara séjénna. Iblis néangan kalemahan urang sangkan bisa milih jiret nu cocog. Tapi, urang bisa nyingkahan jiret-jiret Sétan lantaran geus dibéré nyaho ku Alkitab. (2 Korinta 2:11; tingali Catetan Ahir 31.) Salah sahijina téh spiritisme.

JAUHAN ROH-ROH JAHAT

10. (a) Naon spiritisme téh? (b) Kumaha pandangan Yéhuwa kana spiritisme?

10 Spiritisme nyakup hal-hal gaib nu nyababkeun hiji jalma kalibet jeung roh-roh jahat, misalna élmu nujum, sihir, jampé-jampé, atawa komunikasi jeung nu geus maot. Alkitab ngajelaskeun yén Yéhuwa ”mikaijid” hal-hal éta. Urang teu bisa ibadah ka Yéhuwa bari kalibet spiritisme. (Pamindo 18:10-12; Wahyu 21:8) Urang Kristen kudu ngajauhan sagala nu aya patalina jeung spiritisme.—Rum 12:9.

11. Kataji kana hal-hal gaib bisa ngalantarankeun naon?

11 Lamun urang kataji kana hal-hal gaib, urang bakal gampang dijiret ku Sétan pikeun ngalampahkeun spiritisme. Sagala nu kaasup spiritisme bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa.

SÉTAN HAYANG NGAJIRET URANG

12. Kumaha Sétan mangaruhan pikiran urang?

12 Sétan ngabingungkeun pikiran jalma-jalma. Lalaunan, manéhna mangaruhan jalma-jalma sangkan cangcaya kana nu bener, ”goreng disebut hade, hade disebut goreng”. (Yesaya 5:20) Iblis nyebarkeun pandangan yén naséhat Alkitab geus teu guna, yén manusa bakal leuwih bagja lamun ngabaékeun papakon Allah.

13. Ti baheula, kumaha Sétan nyababkeun jalma-jalma jadi cangcaya?

13 Salah sahiji cara Sétan nu paling keuna téh nyaéta nyababkeun jalma-jalma jadi cangcaya. Ieu geus digunakeun ti baheula. Di Taman Éden, Hawa jadi cangcaya waktu ditanya ku Sétan, ”Na enya saur Allah, anjeun teu meunang ngadahar bubuahan nu aya di ieu taman?” (Kajadian 3:1) Ka dieunakeun, dina jaman Ayub, Sétan nanya ka Yéhuwa di hareupeun para malaikat, ”Kumaha lamun teu dibere naon-naon, daekeun gumusti?” (Ayub 1:9) Sanggeus Yésus dibaptis, Sétan nangtang Yésus, ”Anjeun teh Putra Allah? Coba eta batu-batu jadikeun roti.”—Mateus 4:3.

14. Kumaha Sétan nyababkeun jalma-jalma mikir yén spiritisme téh teu bahaya?

14 Kiwari, Iblis terus nyababkeun jalma-jalma jadi cangcaya. Sababaraha bentuk spiritisme dijieun siga nu teu bahaya. Ku kituna, jalma-jalma jadi mikir yén spiritisme téh teu goréng-goréng teuing. Malahan, aya urang Kristen nu teu sadar kana bahayana. (2 Korinta 11:3) Kumaha carana urang nyalindungan diri? Kumaha sangkan urang teu dibobodo ku siasat Sétan? Hayu urang bahas dua hal nu bisa ngalantarankeun urang katipu: hiburan jeung pangobatan.

KAHAYANG URANG DIMANGPAATKEUN KU SÉTAN

15. Kumaha urang bisa kapangaruhan ku roh-roh jahat liwat hiburan?

15 Kiwari, loba film, vidéo, acara TV, game komputer, jeung situs Internét mintonkeun jurig, sihir, jeung hal-hal gaib. Loba nu nganggap yén ieu mah ngan saukur hiburan nu teu bahaya. Maranéhna teu sadar keur ngasupkeun pangaruh roh-roh jahat kana kahirupan maranéhna. Hiji jalma ogé bisa kapangaruhan ku spiritisme liwat ramalan béntang, ramalan gurat leungeun, kartu tarot, jeung bola kristal. Hal-hal éta katingalina teu bahaya, malahan mah asik, pikaresepeun, jeung matak panasaran. Hiji jalma bisa mikir yén nongton film jurig atawa nu gaib-gaib mah teu bahaya salila manéhna teu ngalampahkeun spiritisme. Ku naon pamikiran siga kieu téh bahaya?—1 Korinta 10:12.

16. Ku naon urang kudu nolak hiburan nu aya patalina jeung hal-hal gaib?

16 Sétan jeung roh-roh jahat teu bisa maca pikiran urang. Tapi, maranéhna bisa nyaho kahayang jeung cara pikir urang ku cara merhatikeun pilihan-pilihan urang jeung kulawarga urang, kaasup hiburan nu dipilih ku urang. Lamun urang milih film, musik, atawa buku ngeunaan jimat, jampé-jampé, jalma nu kasurupan, tukang sihir, vampir, atawa nu sarupa kitu, Sétan jeung roh-roh jahat bisa nyaho yén urang téh panasaran kana hal-hal éta. Terus, maranéhna bakal ngupayakeun sangkan urang kalibet leuwih jero dina spiritisme.—Baca Galata 6:7.

17. Kumaha Sétan bisa ngamangpaatkeun kahayang urang pikeun terus séhat?

17 Sétan ogé ngamangpaatkeun kahayang urang pikeun terus séhat. Ayeuna, loba nu boga masalah kaséhatan. Hiji jalma bisa waé nyoba rupa-rupa pangobatan bari teu hasil. (Markus 5:25, 26) Manéhna bisa jadi aral terus daék ngalampahkeun naon waé. Tapi sabagé urang Kristen, urang kudu ati-ati sangkan teu milih pangobatan nu aya patalina jeung ”kakuatan gaib”.—Yesaya 1:13, NW.

Andelkeun Yéhuwa waktu keur gering

18. Pangobatan nu kawas kumaha nu kudu disingkahan ku urang Kristen?

18 Di Israil kuno, aya sababaraha jalma nu ngagunakeun ”kakuatan gaib”. Yéhuwa nyarios ka maranéhna, ”Kami arek ngabalieur lamun maraneh nadahkeun doa. Rek ngadaroa sakumaha rosana ge ku Kami moal ditolih.” (Yesaya 1:15) Bayangkeun, Yéhuwa teu kersa ngadangukeun doa maranéhna! Urang tangtu teu hayang lalampahan urang nyababkeun sosobatan jeung Yéhuwa jadi ruksak nepi ka Mantenna moal nulungan urang deui, utamana waktu urang keur gering. (Jabur 41:4) Jadi, urang kudu mariksa naha hiji pangobatan téh aya patalina jeung spiritisme atawa kakuatan gaib. (Mateus 6:13) Lamun urang teu pati yakin, éta kudu disingkahan!—Tingali Catetan Ahir 32.

CARITA-CARITA NGEUNAAN ROH JAHAT

19. Naon nu nyababkeun loba jalma jadi sieun ka Iblis?

19 Sanajan aya nu nganggap Iblis jeung roh-roh jahat téh teu nyata, aya ogé nu yakin yén maranéhna téh bener-bener aya lantaran geus ngalaman sorangan. Loba jalma hirupna diganggu ku roh-roh jahat sarta sieun ku tahayul. Nu séjénna nyingsieunan batur ku carita-carita ngeunaan jurig nu jahat ka manusa. Biasana, jalma-jalma téh resep kana carita éta jeung sumanget nyaritakeunana deui ka batur. Éta matakna loba jalma jadi sieun ka Iblis.

20. Kumaha urang bisa nepi ka pipilueun nyebarkeun kabohongan Sétan?

20 Pék pikirkeun, Sétan hayang jalma-jalma sieun ka manéhna. (2 Tesalonika 2:9, 10) Sétan téh tukang bohong nu nyaho carana mangaruhan pikiran jalma-jalma nu resep spiritisme sangkan maranéhna percaya kana hal-hal nu can tangtu bener. Bisa jadi maranéhna nyaritakeun pangalaman ningali atawa ngadéngé hal-hal gaib nu sigana bener. Beuki dicaritakeun, éta beuki digedé-gedékeun. Urang moal ngabantu Sétan nyebarkeun kasieun ku cara nyaritakeun deui carita siga kitu.—Yohanes 8:44; 2 Timoteus 2:16.

21. Ti batan nyebarkeun carita ngeunaan roh-roh jahat, naon nu bisa dicaritakeun ku urang?

21 Lamun saurang hamba Yéhuwa pernah boga pangalaman jeung roh-roh jahat, manéhna moal nyaritakeunana deui ka batur. Umat Yéhuwa teu perlu sieun kana naon nu bisa dilakukeun Iblis jeung roh-roh jahat. Sabalikna, urang kudu terus inget ka Yésus jeung kawasa nu dipasihkeun Yéhuwa ka anjeunna. (Ibrani 12:2) Yésus tara nyaritakeun roh-roh jahat ka murid-muridna. Anjeunna ngan nyaritakeun warta Karajaan jeung ”padamelan Allah anu arajaib”.—Rasul 2:11; Lukas 8:1; Rum 1:11, 12.

22. Naon tékad Sadérék?

22 Ulah poho yén Sétan hayang ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Manéhna bakal satékah polah ngupayakeunana. Tapi, urang apal kana cara-cara Sétan jeung boga tékad pikeun nolak sagala nu aya patalina jeung spiritisme. ”Ulah mere kasempetan ka Iblis” pikeun ngalemahkeun tékad urang. (Baca Epesus 4:27.) Lamun urang terus ngalawan Iblis, urang moal kajiret ku manéhna sarta ditangtayungan ku Yéhuwa.—Epesus 6:11.