Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 4

Ku Naon Urang Kudu Ngajénan Wewenang?

Ku Naon Urang Kudu Ngajénan Wewenang?

”Kudu ngajenan ka unggal jelema, kudu nyaah ka papada batur sakapercayaan, kudu sieun ku Allah, kudu hormat ka Prabu.”​—1 PETRUS 2:17.

1, 2. (a) Pituduh saha nu kudu dituturkeun ku urang? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina pasal ieu?

 BASA keur leutik kénéh, tangtu Sadérék pernah teu daék nurut ka kolot. Sadérék nyaah ka kolot jeung nyaho kudu taat ka maranéhna. Tapi, tetep wé Sadérék henteu salawasna daék nurut.

2 Urang nyaho yén Bapa Yéhuwa nyaah ka urang. Mantenna ngajaga tur masihan sagala hal sangkan urang ngarasakeun nikmatna hirup. Mantenna ogé masihan pituduh sangkan urang suksés. Sakapeung, éta dipasihan liwat jalma séjén. Urang kudu ngajénan wewenang Yéhuwa. (Siloka 24:21) Tapi, ku naon urang sakapeung sok hésé narima pituduh? Ku naon Yéhuwa miharep urang nuturkeun pituduh-Na? Sarta, kumaha carana urang ngajénan wewenang-Na?​—Tingali Catetan Ahir 9.

KU NAON HÉSÉ?

3, 4. Ku naon manusa jadi teu sampurna? Ku naon urang hésé narima pituduh ti batur?

3 Sipat bawaan manusa téh teu nurut. Ieu katingali basa pasangan manusa nu mimiti, Adam jeung Hawa, ngalampahkeun dosa. Sanajan maranéhna diciptakeun sampurna, maranéhna ngalawan wewenang Allah. Ti harita, kabéh manusa teu sampurna ti barang lahir. Ieu téh hiji alesan ku naon urang hésé narima pituduh ti Yéhuwa jeung ti batur. Alesan séjénna nyaéta jalma nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun méré pituduh gé manusa nu teu sampurna.​—Kajadian 2:15-17; 3:1-7; Jabur 51:7; Rum 5:12.

4 Lantaran teu sampurna, urang sok jadi sombong. Sipat ieu nu nyababkeun urang hésé narima pituduh. Contona, di Israil kuno, Yéhuwa milih Musa pikeun mingpin umat-Na. Tapi, Korah nu geus ngawula mangtaun-taun jadi sombong tur teu ngajénan pisan ka Musa. Sanajan Musa téh pamingpin umat Allah, manéhna teu sombong. Justru, manéhna disebut sabagé priya nu paling rendah haté harita. Korah teu daék narima pituduh ti Musa. Manéhna kalah ka mangaruhan loba jalma pikeun ngabarontak ka Musa. Naon nu kaalaman ku maranéhna? Maranéhna dipaéhan. (Bilangan 12:3; 16:1-3, 31-35) Dina Alkitab, aya loba conto nu ngingetan urang yén sombong téh bahaya.​—2 Babad 26:16-21; tingali Catetan Ahir 10.

5. Béré conto manusa nu nyalahgunakeun kakawasaanana.

5 Sadérék bisa jadi pernah ngadéngé aya nu ngomong, ”Kakawasaan téh ngaruksak.” Sapanjang sajarah, loba manusa nyalahgunakeun kakawasaanana. (Baca Pandita 8:9.) Contona, Saul tadina bageur jeung rendah haté basa dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi raja Israil. Tapi, sipat sombong jeung sirik tumuwuh dina haténa. Éta sababna manéhna nindes Daud nu teu boga salah. (1 Samuel 9:20, 21; 10:20-22; 18:7-11) Ka dieunakeun, Daud jadi raja, salah sahiji raja nu panghadéna di Israil. Tapi, Daud ogé pernah nyalahgunakeun kakawasaanana. Manéhna jinah jeung Batséba, pamajikan Uria. Sangkan teu kanyahoan dosana, Uria dikirim ka pangperangan ambéh tiwas.​—2 Samuel 11:1-17.

ALESAN URANG NGAJÉNAN YÉHUWA

6, 7. (a) Lantaran nyaah ka Yéhuwa, urang kajurung pikeun ngalampahkeun naon? (b) Naon nu ngabantu urang basa ngarasa hésé pikeun taat?

6 Urang ngajénan pituduh ti Yéhuwa lantaran nyaah ka Mantenna. Lantaran urang nyaah ka Yéhuwa leuwih ti sagala-galana, urang hayang nyenangkeun Mantenna. (Baca Siloka 27:11; Markus 12:29, 30.) Ti saprak pasangan manusa nu mimiti hirup di Taman Éden, Sétan geus mangaruhan manusa supaya cangcaya ka wewenang Yéhuwa. Manéhna hayang urang mikir yén Yéhuwa teu boga hak masihan pituduh ka urang. Tapi, urang nyaho éta téh salah. Urang satuju jeung kekecapan ieu, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.”​—Wahyu 4:11.

7 Basa keur leutik kénéh, Sadérék diajar pikeun nurut ka kolot sanajan sakapeung Sadérék teu daék. Kitu ogé, hamba-hamba Allah sakapeung ngarasa hésé rék taat téh. Tapi lantaran nyaah jeung ngajénan Yéhuwa, urang satékah polah taat ka Mantenna. Yésus méré tuladan. Anjeunna taat ka Yéhuwa sanajan paréntah-Na teu gampang. Ceuk anjeunna, ”Ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.”​—Lukas 22:42; tingali Catetan Ahir 11.

8. Kumaha carana Yéhuwa ngabingbing urang? (Tingali kotak ” Regepkeun Naséhat”.)

8 Kiwari, Yéhuwa ngabingbing urang ku rupa-rupa cara. Misalna, Mantenna masihan Alkitab. Mantenna ogé masihan para kokolot sidang. Lamun urang ngajénan wewenang Yéhuwa, urang bakal ngajénan jalma-jalma nu digunakeun Yéhuwa pikeun ngabingbing urang. Nolak bantuan maranéhna téh sarua jeung nolak Yéhuwa. Basa urang Israil nolak Musa, Yéhuwa nganggap éta téh kasalahan nu sérius, nu sarua jeung nolak Mantenna.​—Bilangan 14:26, 27; tingali Catetan Ahir 12.

9. Ku naon urang kajurung pikeun nuturkeun pituduh lamun boga kanyaah?

9 Ku cara ngajénan wewenang, urang gé némbongkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman. Ibaratna kieu: Waktu keur aya musibat alam, tim SAR sabilulungan nulungan saloba-lobana jalma. Sangkan bisa hasil, kudu aya nu ngatur sarta unggal anggotana kudu nuturkeun pituduhna. Kumaha lamun aya hiji anggota nu teu nurut jeung sakarepna baé? Sanajan manéhna boga niat nu alus, ieu bisa nyababkeun batur satimna keuna masalah, malah nyilakakeun maranéhna. Kitu ogé lamun urang teu nuturkeun pituduh Yéhuwa jeung jalma-jalma nu dibéré wewenang, nu lianna bakal katempuhan. Tapi ku cara taat ka Yéhuwa, urang nyaah ka dulur saiman jeung ngajénan aturan Yéhuwa.​—1 Korinta 12:14, 25, 26.

10, 11. Naon nu bakal dibahas ayeuna?

10 Sagala paménta Yéhuwa téh demi mangpaat urang. Lamun urang ngajénan wewenang di kulawarga, di sidang, jeung wewenang pajabat pamaréntah, kabéh bakal meunang mangpaat.​—Pamindo 5:16; Rum 13:4; Epesus 6:2, 3; Ibrani 13:17.

11 Urang bakal leuwih gampang ngajénan wewenang lamun urang paham ku naon Yéhuwa hoyong urang ngalampahkeunana. Hayu urang bahas leuwih jéntré kumaha urang bisa ngajénan wewenang dina tilu kaayaan.

NGAJÉNAN WEWENANG DI KULAWARGA

12. Kumaha salaki némbongkeun yén manéhna ngajénan wewenang?

12 Yéhuwa nyiptakeun kulawarga. Unggal anggota kulawarga dibéré tugas. Lamun masing-masing paham naon nu dipiharep Yéhuwa ti maranéhna, kulawarga bakal lancar jeung suksés. (1 Korinta 14:33) Yéhuwa netepkeun salaki sabagé kapala kulawarga. Mantenna miharep manéhna ngurus jeung ngabingbing pamajikan tur budakna. Jadi, manéhna kudu tanggung jawab ka Yéhuwa. Salaki kudu hadé haté jeung nyaahan ka kulawargana sakumaha Yésus ka sidang Kristen. Ku cara kieu, salaki némbongkeun yén manéhna ngajénan Yéhuwa.​—Epesus 5:23; tingali Catetan Ahir 13.

Bapa nu ngurus kulawargana kudu nyonto Kristus

13. Kumaha pamajikan némbongkeun yén manéhna ngajénan wewenang?

13 Pamajikan ogé boga tugas nu penting jeung mulya. Manéhna ngarojong salakina nu ngupayakeun jadi kapala kulawarga nu hadé. Bareng jeung salakina, manéhna boga tanggung jawab pikeun ngadidik budak. Ku cara ngajénan wewenang, manéhna méré tuladan ka barudakna. (Siloka 1:8) Manéhna ngajénan salakina jeung ngarojong putusanana. Sanajan teu satuju kana putusan salakina, manéhna bakal ngungkabkeun pandanganana ku cara nu sopan jeung lemah lembut. Sadérék istri nu salakina lain Saksi Yéhuwa boga tangtangan husus. Tapi lamun manéhna terus nyaah jeung ngajénan salakina, bisa jadi salakina bakal hayang diajar ngeunaan Yéhuwa jeung nyembah ka Mantenna.​—Baca 1 Petrus 3:1.

14. Kumaha barudak némbongkeun yén maranéhna ngajénan wewenang?

14 Barudak dianggap penting ku Yéhuwa. Maranéhna butuh bingbingan jeung panyalindungan. Lamun barudak taat, kolotna bakal senang. Nu leuwih penting, maranéhna ngajénan jeung nyenangkeun Yéhuwa. (Siloka 10:1) Di loba kulawarga, barudak digedékeun ku kolot nu kari sabeulah. Ieu téh teu gampang boh keur kolotna boh keur budakna. Tapi lamun maranéhna taat jeung ngarojong indung atawa bapana, kaayaan kulawarga bakal leuwih alus. Rék kumaha waé kaayaanana, teu aya kulawarga nu sampurna. Tapi, kabéh kulawarga bisa leuwih bagja lamun unggal anggotana nuturkeun pituduh Yéhuwa. Éta bakal ngamulyakeun Yéhuwa, Nu Nyiptakeun kulawarga.​—Epesus 3:14-16.

NGAJÉNAN WEWENANG DI SIDANG

15. Kumaha carana urang ngajénan wewenang di sidang?

15 Yéhuwa ngagunakeun sidang Kristen pikeun ngabingbing urang. Mantenna geus sapinuhna masrahkeun sidang ka Yésus. (Kolosa 1:18) Terus, Yésus méré tanggung jawab ka ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun ngurus umat Allah di bumi. (Mateus 24:45-47) Ayeuna, ”gandek satia jeung bijaksana” téh Badan Pingpinan. Badan Pingpinan nyadiakeun dahareun rohani pikeun nguatkeun iman urang pas dina waktuna. Kokolot, palayan sidang, jeung pangawas wilayah ngalalayanan sidang-sidang sakuliah dunya sarta narima pituduh ti Badan Pingpinan. Kabéh sadérék ieu boga tanggung jawab pikeun ngurus karohanian urang. Maranéhna kudu tanggung jawab ka Yéhuwa. Jadi lamun urang ngajénan maranéhna, urang gé ngajénan Yéhuwa.​—Baca 1 Tesalonika 5:12; Ibrani 13:17; tingali Catetan Ahir 14.

16. Kumaha carana kokolot jeung palayan sidang dilantik ku roh suci?

16 Kokolot jeung palayan sidang ngabantu sidang sangkan tetep satia tur ngahiji. Tangtu, maranéhna téh manusa nu teu sampurna siga urang. Jadi, kumaha cara maranéhna dipilih? Sadérék-sadérék ieu kudu nyumponan sarat-sarat nu aya dina Alkitab. (1 Timoteus 3:1-7, 12; Titus 1:5-9) Yéhuwa ngagunakeun roh suci pikeun ngabingbing nu nulis Alkitab nuliskeun sarat-sarat éta. Kokolot sidang ngadoa ka Yéhuwa nyuhunkeun roh suci-Na waktu ngabahas saha nu cocog dilantik sabagé kokolot atawa palayan sidang. Jadi jelas, sidang dibingbing ku Yésus jeung Yéhuwa. (Rasul 20:28) Sadérék-sadérék nu ngalalayanan jeung merhatikeun karohanian urang téh kurnia ti Allah.​—Epesus 4:8, 11.

17. Pikeun némbongkeun pangajén, naon nu sakapeung kudu dilakukeun ku sadérék istri?

17 Sakapeung, teu aya kokolot atawa palayan sidang nu bisa ngajalankeun tugas di sidang. Sadérék pameget nu geus dibaptis bisa ngabantu. Tapi mun teu aya, sadérék istri bisa ngajalankeun tugas nu sakuduna dijalankeun ku sadérék pameget. Lamun kitu, sadérék istri éta kudu maké tiung, misalna syal atawa topi. (1 Korinta 11:3-10) Ku kituna, manéhna némbongkeun pangajén kana aturan Yéhuwa ngeunaan wewenang boh di kulawarga boh di sidang.​—Tingali Catetan Ahir 15.

NGAJÉNAN WEWENANG PAMARÉNTAH

18, 19. (a) Urang diajar naon ti Rum 13:1-7 ngeunaan pamaréntah? (b) Kumaha carana urang ngajénan pamaréntah?

18 Kiwari, Yéhuwa ngidinan pamaréntahan manusa pikeun ngajalankeun wewenang nu kudu diajénan ku urang. Maranéhna ngaorganisasi nagara jeung masarakat sangkan tartib sarta nyadiakeun palayanan masarakat. Urang Kristen kudu taat ka pituduh di Rum 13:1-7. (Baca.) Urang ngajénan ”pamarentah” sarta taat ka hukum nagara atawa lingkungan tempat matuh urang. Hukum-hukum ieu mangaruhan kulawarga, bisnis, atawa harta banda urang. Misalna, urang bakal mayar pajeg jeung nyadiakeun katerangan nu dibutuhkeun ku pamaréntah. Tapi, kumaha lamun pamaréntah nitah urang ngalampahkeun hiji hal nu ngalanggar hukum Allah? Ceuk Rasul Pétrus, ”Sim kuring sadaya ngaraos wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.”​—Rasul 5:28, 29.

19 Lamun urang kudu ngadep pajabat pamaréntah, saperti hakim atawa pulisi, urang bakal némbongkeun pangajén. Barudak ngora gé bakal ngajénan guru jeung karyawan sakola séjénna. Di tempat gawé, urang gé bakal ngajénan dunungan urang sanajan pagawé nu séjén mah henteu. Lamun kitu, urang keur nyonto Rasul Paulus nu ngajénan para pajabat sanajan sakapeung hésé némbongkeunana. (Rasul 26:2, 25) Sanajan batur teu bageur ka urang, urang tetep ngajénan maranéhna.​—Baca Rum 12:17, 18; 1 Petrus 3:15, 16.

20, 21. Naon waé mangpaatna lamun urang ngajénan batur?

20 Di sakuliah dunya, jalma-jalma beuki teu ngajénan sasama. Tapi, umat Yéhuwa mah béda. Urang ngupayakeun pikeun ngajénan saha waé. Urang nuturkeun pituduh ti Rasul Pétrus, ”Kudu ngajenan ka unggal jelema.” (1 Petrus 2:17) Batur gé bakal nyahoeun lamun urang ngajénan maranéhna. Ceuk Yésus, ”Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh.”​—Mateus 5:16.

21 Lamun urang némbongkeun pangajén di kulawarga, di sidang, jeung dina kaayaan séjén, tuladan urang bakal ngageuing batur pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. Salian ti éta, ku cara ngajénan batur, urang ngajénan Yéhuwa. Mantenna bakal bungah sarta kaciri yén urang téh nyaah ka Mantenna.