Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 12

Pék Omongkeun Hal-Hal ”Anu Mangpa’at”

Pék Omongkeun Hal-Hal ”Anu Mangpa’at”

”Ari ngomong kudu hade pokpokanana, . . . kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.”—EPESUS 4:29.

1-3. (a) Naon salah sahiji kurnia ti Yéhuwa? Kumaha éta bisa disalahgunakeun? (b) Kumaha cara nu bener pikeun ngagunakeunana?

 SAURANG bapa méré sapédah ka budak rumajana. Bapana bungah bisa méré éta hadiah. Tapi, kumaha lamun budakna sologoto, terus nabrak jeung nyilakakeun batur? Kumaha parasaan bapana?

2 Yéhuwa masihan ”kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna” ka manusa. (Yakobus 1:17) Salah sahijina nyaéta kamampuh pikeun ngomong. Ku kamampuh éta, urang bisa ngungkabkeun pikiran jeung parasaan. Urang bisa ngucapkeun hal-hal nu mangpaat jeung nengtremkeun batur. Tapi, urang gé bisa ngucapkeun hal-hal nu goréng jeung nganyenyeri batur.

3 Omongan téh gedé pangaruhna. Ku kituna, Yéhuwa ngajarkeun cara ngagunakeunana. Saur Mantenna, ”Ari ngomong kudu hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.” (Epesus 4:29) Hayu urang bahas carana ngagunakeun kurnia ieu luyu jeung kahoyong Mantenna pikeun ngagedékeun haté batur.

SING ATI-ATI

4, 5. Tina hiji siloka, urang diajar naon ngeunaan omongan?

4 Kekecapan téh gedé pangaruhna, jadi urang kudu ati-ati milih naon nu rék diomongkeun sarta cara ngomongkeunana. Siloka 15:4 nyebutkeun, ”Ucap genah matak seger, ucap anu garihal mah nyentug.” Lir tangkal nu éndah nu bisa nyegerkeun jeung mangpaat keur kahirupan, kekecapan nu genah gé nyegerkeun ka nu ngadéngékeunana. Sabalikna, kekecapan nu kasar bakal nganyenyeri batur.—Siloka 18:21.

Ucap genah matak seger

5 Ceuk Siloka 12:18, ”Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos.” Omongan nu kasar matak ngaraheutan haté jeung ngaruksak sosobatan. Bisa jadi Sadérék inget pernah dinyenyeri ku omongan batur. Tapi, siloka éta gé nambahkeun, ”Omongan anu make akal budi mah jadi tamba.” Omongan nu dipikir bener-bener bisa ngubaran haté nu raheut jeung mulihkeun sosobatan nu ruksak lantaran salah paham. (Baca Siloka 16:24.) Urang bakal ati-ati lamun inget yén omongan urang aya pangaruhna ka batur.

6. Ku naon teu gampang pikeun ngadalikeun omongan urang?

6 Salian ti éta, urang kudu ati-ati lantaran urang teu sampurna. Ceuk Alkitab, ”Pipikiranana [manusa] teh geus kotor.” Biasana, naon nu aya dina pikiran, éta nu kaluar dina omongan. (Kajadian 8:21; Lukas 6:45) Teu gampang pikeun ngadalikeun omongan urang. (Baca Yakobus 3:2-4.) Tapi, urang bisa terus ngupayakeun sangkan omongan urang leuwih genah katarimana.

7, 8. Naon pangaruh omongan kana sosobatan urang jeung Yéhuwa?

7 Urang ogé kudu ati-ati lantaran kudu tanggung jawab ka Yéhuwa ngeunaan naon nu diomongkeun sarta cara ngomongkeunana. Yakobus 1:26 nyebutkeun, ”Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.” Jadi lamun omongan urang teu dipikir heula, sosobatan urang jeung Yéhuwa bisa ruksak, malahan pegat.—Yakobus 3:8-10.

8 Lantaran hal-hal ieu, jelas urang kudu ati-ati milih naon nu rék diomongkeun sarta cara ngomongkeunana. Sangkan omongan urang leuwih luyu jeung kahoyong Yéhuwa, urang kudu nyaho omongan kawas kumaha nu kudu disingkahan.

OMONGAN NU NGARUKSAK

9, 10. (a) Kiwari, omongan nu kawas kumaha nu jamak téh? (b) Ku naon urang kudu nyingkahan omongan kotor?

9 Kiwari, omongan nu kotor, atawa jorang, téh geus jamak. Loba nu mikir yén maranéhna kudu ngomong kotor jeung kasar pikeun ngungkabkeun maksudna. Tukang ngabodor osok maké bobodoran jorang jeung omongan kotor sangkan batur sareuri. Tapi, ceuk Rasul Paulus, ”Piceun kabiasaan kitu teh ayeuna mah. Ulah ngumbar amarah, ulah unek-unekeun, ulah nurutkeun kangewa, ulah supu-sapa, ulah ngomong kotor.” (Kolosa 3:8) Manéhna ogé nyebutkeun yén bobodoran nu jorang atawa ”cawokah” ”ulah disebut-sebut acan” ku urang Kristen.—Epesus 5:3, 4.

10 Omongan kotor téh dipikaijid ku Yéhuwa jeung hamba-hamba-Na. Ieu téh kaaéban, nu dina Alkitab kaasup ”napsu badan”. (Galata 5:19-21) Kaaéban nyakup rupa-rupa dosa. Hiji kalakuan aéb bisa ngajurung kana kalakuan aéb nu leuwih parah. Lamun saurang jalma biasa ngalampahkeun kaaéban nu parah, ngomong kotor, jeung teu daék barobah, manéhna bisa waé dikaluarkeun ti sidang.—2 Korinta 12:21; Epesus 4:19; tingali Catetan Ahir 23.

11, 12. (a) Naon gosip nu jahat téh? (b) Ku naon pitnah kudu disingkahan?

11 Urang ogé kudu nyingkahan gosip nu jahat. Wajar lamun urang boga minat jeung silih carita ngeunaan sobat tur kulawarga. Dina abad kahiji gé, urang Kristen hayang nyaho kaayaan dulur-dulur saimanna sangkan bisa nulungan maranéhna. (Epesus 6:21, 22; Kolosa 4:8, 9) Tapi, obrolan siga kitu bisa gancang barobah jadi gosip nu jahat. Urang moal neruskeun gosip siga kitu nu nyaritakeun hal-hal nu teu bener jeung rasiah batur. Lamun urang teu ati-ati, obrolanana bisa beuki parah, nu ahirna jadi tuduhan palsu, atawa pitnah. Contona, urang Parisi mitnah Yésus ku tuduhan nu salah. (Mateus 9:32-34; 12:22-24) Pitnah téh ngaruksak ngaran batur, nganyenyeri haté batur, ngalantarankeun paséa, jeung megatkeun sosobatan.—Siloka 26:20.

12 Yéhuwa hoyong omongan urang ngagedékeun haté batur, lainna nyieun sobat jadi musuh. Yéhuwa ijid ka ”jelema anu ngadu-ngadukeun babaturan”. (Siloka 6:16-19) Nu mimiti jadi tukang mitnah téh nyaéta Sétan Si Iblis, nu mitnah Allah. (Wahyu 12:9, 10) Kiwari, geus jamak lamun jalma-jalma ngabohong ngeunaan baturna. Tapi, di sidang Kristen mah teu meunang kitu. (Galata 5:19-21) Jadi, urang kudu ati-ati milih naon nu diomongkeun jeung mikir heula saacanna ngomong. Saacan neruskeun béja ngeunaan batur, pék pikirkeun, ’Naha éta téh bener? Naha ieu omongan nu alus? Naha ieu aya mangpaatna? Kumaha lamun jalma nu keur diomongkeun ngadéngé omongan ieu? Kumaha parasaan abdi lamun diomongkeun siga kieu?’—Baca 1 Tesalonika 4:11.

13, 14. (a) Siga kumaha sentak sengor téh? (b) Naon hartina ngahina? Ku naon urang Kristen teu meunang boga kabiasaan ieu?

13 Sakapeung, urang kaduhung lantaran geus ngiritik atawa ngomong kasar ka batur. Tapi, urang embung boga kabiasaan ngomong siga kitu. Urang Kristen teu meunang sentak sengor. Ceuk Paulus, ”Ulah nyerian hate, ulah ngunek-ngunek, ulah ngumbar amarah. Ulah sentak sengor, ulah aya rasa kangewa.” (Epesus 4:31) Dina Alkitab séjén, ”sentak sengor” téh ditarjamahkeun ogé jadi ”ngucapkeun kekecapan nu jahat”, ”nganyenyeri ku omongan”, jeung ”ngarendahkeun batur”. Sentak sengor téh bisa ngarendahkeun martabat batur jeung nyababkeun manéhna ngarasa euweuh hargaan. Biasana, parasaan barudak gampang dinyenyeri. Jadi, urang hayang ngajaga omongan urang sangkan teu ngancurkeun parasaan maranéhna.—Kolosa 3:21.

14 Aya deui omongan nu dicaram ku Alkitab kalawan tegas nyaéta kabiasaan ngahina. Éta téh hartina teterusan ngarendahkeun batur bari boga niat nganyenyeri manéhna. Kacida pisan lamun saurang jalma siga kitu ka batur hirup atawa anakna! Malahan, jalma nu teu daék eureun ngahina moal bisa deui jadi anggota sidang. (1 Korinta 5:11-13; 6:9, 10, NW) Sakumaha nu dibahas tadi, omongan nu kotor, pitnah, jeung omongan nu kasar bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa sarta batur.

OMONGAN NU NGAGEDÉKEUN HATÉ

15. Omongan nu kawas kumaha nu bisa nguatkeun sosobatan?

15 Kumaha sangkan omongan urang luyu jeung kahoyong Yéhuwa? Alkitab mémang teu ngajéntrékeun hiji-hiji naon nu meunang diomongkeun jeung nu henteu, tapi ngajurung urang pikeun ngomongkeun hal ”anu mangpa’at”. (Epesus 4:29) Omongan nu mangpaat nyaéta nu bersih, alus, jeung bener. Yéhuwa miharep urang ngagedékeun haté batur. Ieu bisa jadi hésé. Urang butuh upaya pikeun ngomongkeun hal-hal nu positif lainna omongan nu teu dipikir heula jeung jahat. (Titus 2:8) Hayu urang bahas sababaraha cara ngagedékeun haté batur ku kekecapan urang.

16, 17. (a) Ku naon urang perlu muji batur? (b) Saha waé nu bisa dipuji?

16 Boh Yéhuwa boh Yésus resep masihan pujian. Urang hayang nyonto Aranjeunna. (Mateus 3:17; 25:19-23; Yohanes 1:47) Sangkan bisa méré pujian nu ngagedékeun haté, urang kudu bener-bener mikirkeun jalmana. Siloka 15:23 nyebutkeun, ”Pohara nyugemakeunana mere jawaban nu nya cocog ucapna nya cocog jeung kaayaan.” Urang ngarasa gedé haté lamun aya nu muji upaya urang atawa ngahargaan naon nu dilakukeun ku urang.—Baca Mateus 7:12; tingali Catetan Ahir 27.

17 Lamun urang biasa merhatikeun kahadéan batur, urang bakal leuwih gampang méré pujian nu sapinuh haté. Misalna, Sadérék merhatikeun di sidang aya nu enya-enya nyiapkeun hutbahna atawa ngupayakeun méré koméntar. Sadérék gé nyaho aya budak ngora nu ngabéla imanna di sakola, atawa aya sadérék nu geus kolot rutin ngawawar. Pujian Sadérék dibutuhkeun ku maranéhna. Penting ogé sangkan salaki ngungkabkeun kanyaah jeung panghargaanana ka pamajikanana. (Siloka 31:10, 28) Saperti pepelakan nu butuh cahaya jeung cai, jalma-jalma ogé butuh dihargaan, hususna budak leutik. Téangan kasempetan pikeun muji sipat-sipat hadé jeung upaya maranéhna. Ku kituna, maranéhna bakal teger, percaya diri, jeung leuwih sumanget ngalampahkeun nu bener.

Urang bisa ngagedékeun haté jeung ngalilipur batur ku omongan jeung cara ngomongkeunana

18, 19. Ku naon urang kudu sabisa-bisa ngagedékeun haté jeung ngalilipur batur? Kumaha carana?

18 Yéhuwa nyaah ka jalma-jalma ”anu rarendah hate jeung tarobat”. (Yesaya 57:15) Urang nyonto Mantenna lamun ngagedékeun haté jeung ngalilipur maranéhna. Yéhuwa miharep urang ”silih tegeran” jeung ’ngahatean nu borangan’. (1 Tesalonika 5:11, 14) Yéhuwa merhatikeun jeung ngahargaan upaya urang dina ngalampahkeun hal ieu.

19 Lamun Sadérék merhatikeun di sidang aya nu leutik haté atawa sedih, Sadérék bakal ngomong naon ka manéhna? Bisa jadi Sadérék teu bisa ngaréngsékeun masalahna, tapi Sadérék bisa némbongkeun perhatian. Contona, Sadérék bisa ngabaturan manéhna. Sadérék ogé bisa macakeun ayat Alkitab nu ngagedékeun haté atawa ngadoa babarengan. (Jabur 34:19; Mateus 10:29-31) Yakinkeun yén sadérék-sadérék di sidang nyaah ka manéhna. (1 Korinta 12:12-26; Yakobus 5:14, 15) Manéhna kudu bisa ningali jeung yakin yén Sadérék téh sapinuh haté ngomongna.—Baca Siloka 12:25.

20, 21. Saran nu siga kumaha nu gampang katarima?

20 Urang gé ngagedékeun haté batur waktu méré saran nu alus. Sabagé manusa nu teu sampurna, urang kabéh sering butuh saran. Siloka 19:20 nyebutkeun, ”Denge nu mere nasehat, sing daek mulungan luang, tangtu baris boga pangabisa.” Lain kokolot sidang wungkul nu bisa méré saran atawa naséhat. Indung bapa kudu ngabingbing barudakna. (Epesus 6:4) Sadérék istri bisa méré saran ka sadérék istri séjénna. (Titus 2:3-5) Lantaran urang nyaah ka dulur saiman, carana urang méré saran moal nyababkeun manéhna rumasa salah. Kumaha carana?

21 Bisa jadi Sadérék pernah dibéré saran alus ku cara nu hadé nu matak gampang katarimana. Naon sababna? Bisa jadi lantaran manéhna bener-bener nyaah, atawa ngomongna ku cara nu merenah. (Kolosa 4:6) Bisa ogé saranna dumasar kana Alkitab. (2 Timoteus 3:16) Teu sual urang nyutat tina Alkitab atawa henteu, saran urang sakuduna dumasar kana Alkitab. Teu aya nu meunang maksakeun pandangan pribadi ka batur atawa nyalahgunakeun ayat Alkitab pikeun ngadukung pandangan pribadi. Cara batur méré saran ka Sadérék bisa diconto.

22. Kumaha Sadérék bakal ngagunakeun kamampuh ngomong Sadérék?

22 Kamampuh ngomong téh kurnia ti Yéhuwa. Lantaran nyaah ka Mantenna, urang hayang ngagunakeun kamampuh ieu ku cara nu bener. Inget yén kekecapan bisa nganyerikeun atawa ngagedékeun haté. Ku kituna, hayu urang satékah polah ngagunakeun omongan pikeun nguatkeun jeung ngagedékeun haté batur.