Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 7

Naha Sadérék Ngahargaan Kahirupan Saperti Allah?

Naha Sadérék Ngahargaan Kahirupan Saperti Allah?

”Gusti teh sumbering hirup sadaya mahluk.”​—JABUR 36:10.

1, 2. (a) Kurnia luar biasa naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa? (b) Naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa sangkan urang miboga kahirupan nu panghadéna?

 YÉHUWA masihan kurnia nu luar biasa ka unggal jalma, nyaéta kahirupan. (Kajadian 1:27) Mantenna hoyong urang miboga kahirupan nu panghadéna. Ku kituna, Mantenna nyadiakeun prinsip-prinsip nu bisa mantuan urang nyieun putusan nu alus. Urang kudu ngagunakeun prinsip-prinsip ieu pikeun ”ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat”. (Ibrani 5:14) Ku kituna, panalar urang dilatih ku Yéhuwa. Beuki ngalarapkeun prinsip Alkitab sarta ningali mangpaatna, urang beuki paham sakumaha alusna prinsip-prinsip éta.

2 Kahirupan bisa jadi ruwed. Urang sering nyanghareupan kaayaan nu teu aya hukumna dina Alkitab. Contona, urang sakapeung kudu nyieun putusan ngeunaan pangobatan nu aya patalina jeung getih. Kumaha putusan urang bisa nyenangkeun Yéhuwa? Dina Alkitab, aya prinsip-prinsip nu ngajarkeun cara pandang Yéhuwa kana kahirupan jeung getih. Lamun urang paham kana prinsip-prinsip ieu, urang bisa nyieun putusan nu bijaksana jeung boga haté sanubari nu bersih. (Siloka 2:6-11) Hayu urang bahas sababaraha prinsip éta.

KUMAHA PANDANGAN ALLAH NGEUNAAN KAHIRUPAN JEUNG GETIH?

3, 4. (a) Kumaha Alkitab nyingkabkeun pandangan Allah ngeunaan getih? (b) Naon nu dilambangkeun ku getih?

3 Alkitab ngajarkeun yén getih téh suci sabab ngalambangkeun kahirupan. Pikeun Yéhuwa, kahirupan téh istiméwa. Sanggeus Kain maéhan adina, Yéhuwa nyarios, ”Getih adi maneh sasambat ka Kami di jero taneuh.” (Kajadian 4:10) Getih Habil ngalambangkeun kahirupanana. Ku kituna waktu dipaéhan ku Kain, kahirupan Habil dileungitkeun ku Kain.

4 Sanggeus Caah Gedé di jaman Nuh, Yéhuwa ngidinan manusa ngadahar daging. Tapi, Mantenna jelas-jelas nyarios yén ”daging anu ngandung keneh getih” teu meunang didahar ”lantaran dina getih teh aya dat hirup”. (Kajadian 9:4) Ieu kudu dilarapkeun ku turunan Nuh, kaasup urang. Jadi, Yéhuwa nganggap getih sabagé lambang kahirupan. Kitu ogé sakuduna urang.​—Jabur 36:10.

5, 6. Kumaha Torét Musa némbongkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan kahirupan jeung getih?

5 Dina Torét nu dipasihkeun ka Musa, Yéhuwa nyarios yén jalma nu ”ngadahar daging anu getihna aya keneh bakal diancam ku PANGERAN tur moal diaku deui jadi [”tur bakal dimusnakeun ti antara”, NW] umat Mantenna. Sabab hirupna sakabeh mahluk aya dina getihna”.​—Imamat 17:10, 11.

6 Torét Musa nyebutkeun lamun manusa maéhan sato pikeun didahar, getihna kudu dikucurkeun kana taneuh. Ieu némbongkeun yén kahirupan sato éta dipulangkeun deui ka Nu Nyiptana, Yéhuwa. (Pamindo 12:16; Yeheskel 18:4, NW) Tapi, lain hartina yén getihna kudu bener-bener béak. Lamun getih éta sato geus dikucurkeun sabisa-bisana, urang Israil bisa ngadahar éta daging ku haté sanubari nu bersih. Ku cara ngajénan getih sato, maranéhna ogé ngajénan Sumber kahirupan, Yéhuwa. Torét ogé nyebutkeun yén urang Israil kudu ngorbankeun sato pikeun nebus dosa.​—Tingali Catetan Ahir 19 jeung 20.

7. Naon buktina Daud ngajénan getih?

7 Urang bisa ningali pentingna getih ti pangalaman Daud waktu keur merangan urang Pélisti. Basa ningali Daud keur halabhab, para prajuritna narohkeun nyawa ku cara ngadatangan markas musuh pikeun nyokot cai keur Daud. Tapi lainna diinum, ku Daud éta cai kalah ka ”dibahekeun kana taneuh, dibaktikeun ka PANGERAN”. Ceuk Daud, ”Nun PANGERAN, paliyas abdi nginum ieu cai, margi sami sareng nginum getih eta tilu prajurit anu parantos narohkeun jiwana.” Daud paham kana pentingna kahirupan jeung getih pikeun Allah.​—2 Samuel 23:15-17.

8, 9. Kumaha sakuduna pandangan urang Kristen kiwari ngeunaan getih?

8 Di abad kahiji, urang Kristen teu kudu ngorbankeun sato deui. Tapi, maranéhna kudu tetep miboga pandangan nu bener ngeunaan getih. Hiji bagian tina Torét nu kudu tetep dijalankeun ku urang Kristen nyaéta ”kedah . . . pantrang neda getih”. Ieu sarua pentingna jeung nyingkahan hal nu rucah jeung brahala.​—Rasul 15:28, 29.

Kumaha urang bisa ngajelaskeun putusan urang ngeunaan fraksi getih?

9 Kitu ogé kiwari. Sabagé urang Kristen, urang paham yén Yéhuwa téh Sumber kahirupan, sagala kahirupan milik Mantenna. Urang gé nyaho yén getih téh suci jeung ngalambangkeun kahirupan. Jadi, urang kudu mastikeun heula prinsip-prinsip Alkitab saacan nyieun putusan ngeunaan pangobatan nu aya patalina jeung getih.

GETIH KEUR PANGOBATAN

10, 11. (a) Kumaha pandangan Saksi Yéhuwa ngeunaan getih atawa opat komponén utamana? (b) Putusan ngeunaan naon waé nu kudu dijieun unggal urang Kristen?

10 Saksi Yéhuwa paham yén ”pantrang neda getih” téh teu ngan saukur pantrang dahar atawa nginum getih. Ieu hartina urang teu narima transfusi getih, moal jadi donor getih, jeung teu nyimpen getih urang sorangan pikeun ditransfusikeun. Urang ogé teu narima transfusi opat komponén utama getih, nyaéta sél getih beureum, sél getih bodas, trombosit, jeung plasma.

11 Opat komponén utama getih ieu bisa dibagi-bagi deui jadi leuwih leutik, nu disebut fraksi getih. Unggal urang Kristen kudu mutuskeun rék narima éta fraksi atawa henteu, kitu ogé jeung prosedur médis nu ngagunakeun getihna sorangan. Masing-masing kudu nyieun putusan ngeunaan kumaha getihna bakal digunakeun dina operasi, tés médis, atawa térapi.​—Tingali Catetan Ahir 21.

12. (a) Ku naon putusan urang nu dumasar kana haté sanubari penting pikeun Yéhuwa? (b) Kumaha carana nyieun putusan nu bijaksana ngeunaan hiji pangobatan?

12 Naha putusan urang nu dumasar kana haté sanubari diperhatikeun ku Yéhuwa? Tangtu, lantaran putusan urang némbongkeun eusi haté urang, sarta Yéhuwa bener-bener minat kana pikiran jeung haté urang. (Baca Siloka 17:3; 24:12.) Ku kituna, saacan nyieun putusan ngeunaan hiji pangobatan, urang kudu nyuhunkeun bingbingan Yéhuwa sarta risét ngeunaan pangobatan éta. Tuluy, urang nyieun putusan ngagunakeun haté sanubari nu geus dilatih ku Alkitab. Urang moal nanya ka batur, maranéhna bakal kumaha lamun ngalaman kaayaan siga urang. Batur gé teu meunang mangaruhan putusan urang. Masing-masing urang Kristen ”kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan”.​—Galata 6:5; Rum 14:12.

HUKUM YÉHUWA NYINGKABKEUN ASIH-NA

13. Tina hukum jeung prinsip sual getih, urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

13 Kabéh paréntah Yéhuwa téh demi kahadéan urang sarta némbongkeun yén Mantenna nyaah ka urang. (Jabur 19:8-12) Tapi, urang taat téh lain ngan lantaran aya mangpaatna keur urang, tapi lantaran nyaah ka Mantenna. Éta kanyaah bakal ngajurung urang pikeun nolak transfusi getih. (Rasul 15:20) Putusan ieu bisa nyalindungan kaséhatan urang. Kiwari, lolobana jalma geus nyaho kana risiko transfusi. Loba dokter gé yakin yén operasi tanpa transfusi leuwih alus keur kaséhatan pasién. Jelas, Yéhuwa téh bijaksana jeung nyaah ka urang.​—Baca Yesaya 55:9; Yohanes 14:21, 23.

14, 15. (a) Hukum-hukum naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa pikeun nyalindungan umat-Na? (b) Kumaha Sadérék ngalarapkeun prinsip tina éta hukum?

14 Hukum Yéhuwa téh salawasna pikeun kahadéan umat-Na. Yéhuwa masihan hukum ka urang Israil di jaman baheula pikeun nyalindungan maranéhna ti sagala cilaka. Contona, aya hukum nu nyebutkeun yén nu boga imah kudu nyieun pager témbok di loténgna sangkan teu aya jalma nu tigubrag ka handap. (Pamindo 22:8) Aya ogé hukum ngeunaan sato. Lamun hiji jalma boga sapi galak nu sok teuteunggar, manéhna kudu mastikeun sangkan éta sato henteu nyilakakeun atawa maéhan batur. (Budalan 21:28, 29) Lamun teu taat, manéhna kudu tanggung jawab waktu aya nu paéh lantaran éta sato.

15 Tina hukum-hukum éta, kabukti yén kahirupan téh istiméwa pikeun Yéhuwa. Kiwari, kumaha urang ngalarapkeun prinsip tina éta hukum? Urang kudu ngajénan kahirupan, éta katingali tina cara urang ngarawat imah, motor, jeung mobil, ogé tina cara urang nyetir, sarta cara urang milih rékréasi. Sababaraha jalma, hususna budak ngora osok ngajago, maranéhna teu sieun kana bahaya. Tapi, Yéhuwa teu hoyong urang siga kitu. Mantenna hoyong urang nganggap kahirupan téh penting, boh hirup urang boh hirup batur.​—Pandita 11:9, 10.

16. Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan aborsi?

16 Kahirupan unggal jalma téh penting pikeun Yéhuwa. Malahan kahirupan orok nu can lahir gé penting pikeun Mantenna. Dina Torét Musa, lamun aya hiji jalma nu nyilakakeun wanita nu keur kakandungan nepi ka éta wanita atawa orokna maot, Yéhuwa nganggap manéhna salah lantaran geus maéhan. Sanajan éta teu dihaja, tetep wé aya nyawa nu leungit sarta éta kudu dibayar. (Baca Budalan 21:22, 23.) Pikeun Allah, orok nu can lahir téh jalma nu hirup. Tina hal ieu, kumaha pandangan Allah ngeunaan aborsi? Kumaha parasaan Mantenna waktu ningali jutaan orok diaborsi unggal taunna?

17. Naon nu bisa ngagedékeun haté hiji awéwé nu ngalakukeun aborsi saacan wanoh ka Yéhuwa?

17 Kumaha lamun hiji awéwé ngalakukeun aborsi saacan paham kana pandangan Yéhuwa? Manéhna bisa yakin yén Yéhuwa tangtu ngahampura ku lantaran tebusan Yésus. (Lukas 5:32; Epesus 1:7) Manéhna teu perlu terus rumasa salah lamun geus bener-bener tobat. ”Estu PANGERAN teh welas asih . . . Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.”​—Jabur 103:8-14.

PICEUN KANGÉWA TINA HATÉ

18. Ku naon urang kudu satékah polah miceun kangéwa?

18 Urang kudu ngajénan kurnia kahirupan ti Allah bener-bener tina haté. Ieu gé mangaruhan parasaan urang ka batur. Ceuk Rasul Yohanes, ”Sing saha anu ngewa ka dulur, eta teh maehan.” (1 Yohanes 3:15) Urang bisa jadi teu sadar waktu parasaan teu resep tumuwuh jadi kangéwa. Lantaran ngéwa, urang hésé ngajénan batur, mitnah manéhna, atawa malahan ngarepkeun manéhna paéh. Yéhuwa apal kana parasaan dina haté urang. (Imamat 19:16; Pamindo 19:18-21; Mateus 5:22) Lamun urang boga kangéwa, urang kudu satékah polah miceun parasaan éta.​—Yakobus 1:14, 15; 4:1-3.

19. Naon cara séjén pikeun ngahargaan kahirupan?

19 Aya cara séjén pikeun ngahargaan kahirupan. Jabur 11:5 (NW) nyebutkeun yén Yéhuwa ”mikangéwa jalma nu resep kana kakerasan”. Lamun urang milih hiburan nu mintonkeun kakerasan, éta hartina urang resep kana kakerasan. Naha urang daék ngasupkeun kekecapan, pamikiran, jeung gambar nu némbongkeun kakerasan kana pikiran urang? Tangtu henteu, urang hayang ngasupkeun pamikiran nu murni jeung nengtremkeun haté.​—Baca Pilipi 4:8, 9.

KALUAR TI ORGANISASI NU TEU NGAJÉNAN KAHIRUPAN

20-22. (a) Kumaha pandangan Yéhuwa kana dunya Sétan? (b) Kumaha umat Allah némbongkeun yén maranéhna ”sanes gaduhna dunya”?

20 Dina pandangan Yéhuwa, dunya Sétan henteu ngajénan kahirupan lantaran geus maéhan loba jalma. Geus ratusan taun, kawasa pulitik nyababkeun jutaan jalma maot, kaasup loba hamba Yéhuwa. Dina Alkitab, kawasa ieu, atawa pamaréntahan, diibaratkeun sabagé sato nu galak jeung telenges. (Daniel 8:3, 4, 20-22; Wahyu 13:1, 2, 7, 8) Kiwari, dagang senjata téh jadi bisnis gedé. Jalma-jalma meunang loba untung ti dagang senjata. Jelas pisan ”saalam dunya dibawah ku si Jahat”.​—1 Yohanes 5:19.

21 Urang Kristen sajati mah ”sanes gaduhna dunya”. Maranéhna nétral dina urusan pulitik jeung perang. Maranéhna teu daék maéhan atawa ngadukung organisasi nu maéhan jalma-jalma. (Yohanes 15:19; 17:16) Waktu dikaniaya, urang Kristen moal ngabales ku kakerasan sabab Yésus ngajarkeun sangkan urang mikanyaah musuh.​—Mateus 5:44; Rum 12:17-21.

22 Agama-agama ogé jadi dalang paéhna jutaan jalma. Waktu ngajelaskeun ngeunaan Babul Raya, nyaéta agama palsu sadunya, Alkitab nyebutkeun, ”Di eta kota kanyahoan loba getih nabi-nabi, loba getih umat-umat Allah, cindekna getih jelema-jelema anu diparaehan di bumi.” Naha Sadérék paham ku naon Yéhuwa maréntahkeun urang, ”He umat Kami, geura budal ti dinya”? Kabéh nu nyembah Yéhuwa moal jadi bagian agama palsu.​—Wahyu 17:6; 18:2, 4, 24.

23. Naon waé nu kaasup ”budal” ti Babul Raya?

23 Pikeun ”budal” ti Babul Raya, urang kudu jelas ngabuktikeun yén urang geus kaluar ti agama palsu. Contona, urang kudu mastikeun yén ngaran urang geus teu aya dina daptar kaanggotaanana. Tapi, éta gé teu cukup. Urang ogé kudu ijid jeung nyingkahan rupa-rupa kabiasaanana nu goréng. Agama palsu ngidinan jeung ngajurung jalma-jalma miluan pulitik, sarakah, jeung ngalampahkeun nu rucah. (Baca Jabur 97:10; Wahyu 18:7, 9, 11-17) Mangtaun-taun, jutaan nyawa jadi korbanna.

24, 25. Ku naon wanoh ka Yéhuwa bisa mawa katengtreman jeung haté sanubari nu bersih?

24 Saacan wanoh ka Yéhuwa, urang bisa waé pernah ngarojong hal-hal goréng nu dilakukeun ku dunya Sétan. Tapi, urang ayeuna geus barobah. Urang narima korban tebusan jeung ngabaktikeun diri ka Allah. Ku kituna, urang ”dihampura” ku Yéhuwa. Lantaran bisa nyenangkeun Allah, haté sanubari urang jadi tengtrem jeung bersih.​—Rasul 3:19; Yesaya 1:18.

25 Sanajan urang pernah ngagabung jeung organisasi nu teu ngajénan kahirupan, Yéhuwa bisa ngahampura urang ku jalan tebusan. Urang bener-bener nganuhunkeun ka Yéhuwa pikeun kurnia kahirupan. Urang némbongkeunana ku cara satékah polah mantuan jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa, kaluar ti dunya Sétan, sarta nyobat jeung Allah.​—2 Korinta 6:1, 2.

ÉMBARKEUN BEBENERAN KARAJAAN

26-28. (a) Yéhuwa masihan tugas husus naon ka Yéhéskél? (b) Yéhuwa masihan tugas naon ka urang ayeuna?

26 Di Israil jaman baheula, Yéhuwa nitah Nabi Yéhéskél pikeun mépélingan jalma-jalma yén Yérusalém téréh dibinasakeun. Manéhna ogé kudu ngajarkeun carana sangkan bisa salamet. Lamun éta teu dilakukeun jeung jalma-jalma paraéh, Yéhéskél nu kudu tanggung jawab ka Yéhuwa. (Yeheskel 33:7-9) Yéhéskél kabukti ngahargaan kahirupan ku cara satékah polah ngémbarkeun warta penting éta.

27 Yéhuwa gé masihan tugas ka urang pikeun mépélingan jalma-jalma yén dunya Sétan téréh dibinasakeun. Urang kudu ngajarkeun carana wanoh ka Yéhuwa jeung carana asup ka dunya anyar. (Yesaya 61:2; Mateus 24:14) Urang hayang satékah polah ngémbarkeun warta ieu. Jadi, urang bisa ngomong saperti Paulus, ”Geus henteu jadi tanggungan sim kuring deui. Sabab sakabeh tujuan Allah ku sim kuring geus ditepikeun ka aranjeun.”​—Rasul 20:26, 27.

28 Dina pasal saterusna, urang bakal ngabahas carana tetep bersih dina hal-hal séjénna.