Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 3

Pilih Sobat nu Nyaah ka Allah

Pilih Sobat nu Nyaah ka Allah

”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter.”​—SILOKA 13:20.

1-3. (a) Urang diajar naon tina Siloka 13:20? (b) Ku naon urang kudu bijaksana dina milih sobat?

 NAHA Sadérék merhatikeun yén orok sok merhatikeun kolotna? Sanajan can bisa ngomong, sagala nu ditingali jeung didéngé diserep ku manéhna. Sanggeus beuki gedé, manéhna condong nyonto kolotna. Teu héran, cara pikir jeung laku lampah hiji jalma biasana kapangaruhan ku jalma-jalma nu sering babarengan jeung manéhna.

2 Siloka 13:20 ngajarkeun, ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter.” Maksudna ”nyampur” di dieu téh gaul babarengan jeung hiji jalma. Tapi, teu ngan saukur kitu. Saurang ahli Alkitab ngomong yén ieu téh kaasup nyaah tur raket jeung éta jalma. Nu paling mangaruhan urang nyaéta jalma nu sering babarengan, hususna nu dalit jeung urang.

3 Sobat bisa mawa pangaruh alus atawa goréng. Ceuk Siloka 13:20 saterusna, ”Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.” Dina basa Ibrani, kecap nu ditarjamahkeun jadi ”babaturan” téh hartina ”nyobat”. (Siloka 22:24) Sobat nu nyaah ka Allah bakal ngajurung urang pikeun tetep satia ka Mantenna. Sangkan urang bijaksana dina milih sobat, hayu urang bahas jalma kawas kumaha nu dipilih Yéhuwa jadi sobat-Na.

SAHA SOBAT ALLAH TÉH?

4. Ku naon jadi sobat Allah téh kahormatan nu pohara? Ku naon Yéhuwa nyebut Ibrahim ”sahabat Kami”?

4 Yéhuwa, Pangawasa jagat raya, masihan kasempetan ka urang pikeun jadi sobat-Na. Ieu téh kahormatan nu pohara. Teu kabéh jalma bisa jadi sobat Mantenna, ngan jalma-jalma nu nyaah jeung iman ka Mantenna. Contona Ibrahim. Manéhna réla ngalampahkeun naon waé nu diparéntahkeun ku Allah. Mangkali-kali, Ibrahim némbongkeun yén manéhna satia jeung taat. Malahan, manéhna réla ngorbankeun Ishak, putrana. Ibrahim boga iman yén ”Allah kawasa ngahirupkeun deui Ishak sanajan geus maot”. (Ibrani 11:17-19; Kajadian 22:1, 2, 9-13) Lantaran satia jeung taat, Yéhuwa nyebut Ibrahim ”sahabat Kami”.​—Yesaya 41:8; Yakobus 2:21-23.

5. Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma nu satia ka Mantenna?

5 Yéhuwa ngahargaan sobat-sobat-Na sabab maranéhna ngutamakeun kasatiaan ka Mantenna ti batan nu lianna. (Baca 2 Samuel 22:26.) Maranéhna satia jeung taat lantaran nyaah ka Mantenna. Alkitab nyebutkeun yén jalma nu taat jeung ”satuhu mah jadi kapercayaan Mantenna”. (Siloka 3:32) Yéhuwa ngondang sobat-sobat-Na pikeun jadi sémah di ”Bait Gusti”. Mantenna ngondang maranéhna pikeun ibadah jeung ngadoa ka Mantenna iraha waé.​—Jabur 15:1-5.

6. Kumaha carana urang némbongkeun kanyaah ka Yésus?

6 Sangkan bisa jadi sobat Yéhuwa, urang kudu nyaah ka Yésus jeung ngalampahkeun pangajaranana. Ceuk Yésus, ”Anu mikanyaah ka Kami jeung nurut kana piwuruk Kami mah bakal dipikaasih ku Rama Kami.” (Yohanes 14:23) Misalna, urang taat ka piwuruk Yésus pikeun ngawawarkeun warta hadé jeung ngajadikeun murid. (Mateus 28:19, 20; Yohanes 14:15, 21) Lantaran nyaah ka Yésus, urang nyonto tuladan anjeunna. (1 Petrus 2:21) Yéhuwa bungah lamun urang satékah polah nyonto Putra-Na dina ucap jeung lampah urang.

7. Ku naon urang hayang nyobat jeung sobat-Na Yéhuwa?

7 Yéhuwa resep nyobat jeung jalma nu satia, taat, sarta nu nyaah ka Putra-Na. Naha urang gé milih sobat nu siga kitu? Sobat nu nyonto Yésus jeung sibuk ngajarkeun Karajaan Allah bisa ngajurung Sadérék jadi jalma nu leuwih hadé jeung terus satia ka Yéhuwa.

DIAJAR TINA CONTO SOSOBATAN DINA ALKITAB

8. Naon nu dipikaresep ku Sadérék tina sosobatan Rut jeung Naomi?

8 Dina Alkitab, aya loba conto sosobatan, salah sahijina nyaéta Rut jeung Naomi, mitohana. Nagri jeung budaya maranéhna téh béda, sarta Naomi jauh leuwih kolot ti Rut. Tapi, maranéhna bisa jadi sobat dalit sabab duanana nyaah ka Yéhuwa. Waktu Naomi ninggalkeun Moab rék balik deui ka Israil, Rut embung ninggalkeun Naomi. Ceuk Rut ka Naomi, ”Bangsa Ema bangsa abdi, Allah Ema Allah abdi.” (Rut 1:14, 16) Rut nyaaheun ka Naomi. Basa di Israil, Rut sakuat tanaga digawé keur nganapkahan sobatna. Naomi nyaah pisan ka Rut sarta osok méré naséhat nu alus. Rut daék nurut ka Naomi jeung hasilna maranéhna diberkahan.​—Rut 3:6.

9. Naon nu matak Sadérék kataji tina sosobatan Daud jeung Yonatan?

9 Sosobatan Daud jeung Yonatan ogé conto nu alus lantaran duanana satia ka Yéhuwa. Yonatan kira-kira 30 taun leuwih kolot ti Daud jeung bakal ngawaris tahta raja di Israil. (1 Samuel 17:33; 31:2; 2 Samuel 5:4) Tapi, basa nyaho yén Daud nu dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi raja, Yonatan teu sirik atawa ngarasa kasaingan. Yonatan sabisa-bisa ngarojong Daud. Contona, waktu Daud nyanghareupan bahaya, Yonatan ”ngahatean ka anjeunna kalawan percanten kana pangraksa Allah”. Malah, manéhna réla naruhkeun nyawana demi Daud. (1 Samuel 23:16, 17) Daud ogé sobat nu satia. Jangjina pikeun ngajaga kulawarga Yonatan terus dicekel sanajan Yonatan geus maot.​—1 Samuel 18:1; 20:15-17, 30-34; 2 Samuel 9:1-7.

10. Urang meunang palajaran naon tina sosobatan tilu pamuda Ibrani?

10 Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo téh tilu budak ngora Ibrani nu diboyong ka nagri séjén ti leuleutik. Maranéhna silih kuatkeun pikeun satia ka Yéhuwa sanajan jauh ti kulawargana. Sanggeus maranéhna déwasa, iman maranéhna diuji basa Raja Nébukadnésar nitah maranéhna nyembah ka arca emas. Maranéhna nolak nyembah éta arca tuluy ngomong ka Raja, ”Abdi-abdi tetep moal nyembah ka dewa Kangjeng Raja, moal sujud ngabakti ka eta arca emas kenging Gusti ngadegkeun.” Waktu nyanghareupan ujian iman, tilu sobat ieu tetep satia ka Allah.​—Daniel 1:1-17; 3:12, 16-28.

11. Ku naon Paulus jeung Timoteus bisa jadi sobat?

11 Waktu Paulus panggih jeung Timoteus, manéhna bisa ningali yén Timoteus nyaah ka Yéhuwa jeung perhatian ka sidang. Jadi, Paulus ngalatih Timoteus pikeun mantuan sadérék-sadérék di loba tempat. (Rasul 16:1-8; 17:10-14) Saking getolna Timoteus, Paulus ngomong, ”Timoteus . . . totomplokan digawe babarengan nguarkeun wawaran tea.” Paulus nyaho yén Timoteus téh ”kacida mikamelangna” ka sadérék-sadérék. Paulus jeung Timoteus bisa jadi sobat lantaran babarengan satékah polah ngawula Yéhuwa.​—Pilipi 2:20-22; 1 Korinta 4:17.

CARANA MILIH SOBAT

12, 13. (a) Ku naon urang kudu ati-ati dina milih sobat sanajan di sidang? (b) Ku naon Rasul Paulus méré pépéling di 1 Korinta 15:33?

12 Di sidang, urang bisa nyonto tuladan dulur-dulur saiman jeung silih kuatkeun pikeun terus satia. (Baca Rum 1:11, 12.) Tapi, di sidang ogé urang kudu ati-ati dina milih sobat dalit. Saperti buah perlu waktu pikeun jadi asak, kitu ogé hiji jalma perlu waktu dina nguatkeun sosobatanana jeung Yéhuwa. Dulur-dulur saiman urang aya nu geus mangtaun-taun ngagabung jeung sidang, tapi aya ogé nu kakara ngagabung. Maranéhna ogé asalna ti rupa-rupa sélér jeung budaya. Ku kituna urang kudu sabar, silih pikanyaah, jeung bijaksana dina milih sobat.​—Rum 14:1; 15:1; Ibrani 5:12–6:3.

13 Sakapeung, bisa waé aya masalah di sidang, ku kituna urang kudu leuwih ati-ati. Misalna, aya dulur saiman nu ngalakukeun hal nu dilarang Alkitab. Atawa, aya jalma nu resep ngiritik nu bisa ngaruksak sidang. Urang teu héran lantaran di sidang abad kahiji gé sakapeung aya masalah. Paulus ngingetan Timoteus, ”Ulah kabobodo. Sabab, ’Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.’” (1 Korinta 15:12, 33) Timoteus ogé diingetan sangkan ati-ati dina milih sobat dalit. Kitu ogé urang ayeuna.​—Baca 2 Timoteus 2:20-22.

14. Kumaha sobat nu dipilih bisa mangaruhan sosobatan urang jeung Yéhuwa?

14 Sosobatan urang jeung Yéhuwa kudu dijaga sabab ieu téh pohara pentingna. Ku kituna, urang moal nyobat jeung jalma nu bisa ngalemahkeun iman sarta ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Ieu ibarat spon nu dianclomkeun kana cuka, spon éta moal kaeusian ku cai. Kitu ogé, lamun urang nyobat jeung nu kalakuanana goréng, urang moal kajurung pikeun ngalakukeun nu hadé. Urang kudu ati-ati dina milih sobat.​—1 Korinta 5:6; 2 Tesalonika 3:6, 7, 14.

Sadérék bisa manggihan sobat nu nyaah ka Yéhuwa

15. Kumaha carana boga sobat di sidang?

15 Di sidang, Sadérék bisa manggihan jalma-jalma nu bener-bener nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna bisa dijadikeun sobat. (Jabur 133:1) Ulah ngan nyobat jeung nu sapantaran atawa nu budaya tur sélérna sarua jeung Sadérék. Yonatan gé jauh leuwih kolot ti Daud sarta Rut jauh leuwih ngora ti Naomi. Urang hayang nuturkeun pituduh Alkitab, ”Hate aranjeun oge sing laluasa.” (2 Korinta 6:13, SF; baca 1 Petrus 2:17.) Lamun Sadérék terus nyonto Yéhuwa, batur bakal leuwih kataji pikeun nyobat jeung Sadérék.

WAKTU AYA MASALAH

16, 17. Lamun di sidang aya nu ngajéngkélkeun urang, naon nu ulah dilakukeun?

16 Dina unggal kulawarga, anggotana boga sipat, cara pikir, jeung kabiasaan nu béda-béda. Kitu ogé di sidang. Tapi, ieu nu matak hirup urang bungah lantaran urang bisa diajar ti batur. Sakapeung, hal ieu bisa nyababkeun salah paham. Urang bisa jadi jéngkél, kasinggung, malah nepi ka nyeri haté ka dulur saiman. (Siloka 12:18) Naha urang jadi leutik haté jeung ngajauhan sidang?

17 Moal. Sanajan aya nu nguciwakeun, urang moal ngajauh ti sidang sabab lain Yéhuwa nu nganyenyeri urang. Mantenna geus masihan kahirupan jeung hal-hal séjénna. Geus sakuduna urang nyaah jeung satia ka Mantenna. (Wahyu 4:11) Sidang mangrupa kurnia ti Yéhuwa nu bisa ngajaga iman urang tetep kuat. (Ibrani 13:17) Ku kituna, urang moal nolak kurnia éta ngan pédah aya nu nguciwakeun urang.​—Baca Jabur 119:165.

18. (a) Naon nu bisa ngabantu urang akur jeung dulur saiman? (b) Ku naon urang kudu ngahampura batur?

18 Urang nyaah ka kabéh dulur saiman sarta hayang ngaraket ka maranéhna. Lamun Yéhuwa waé teu ngarepkeun kasampurnaan ti manusa, urang gé tangtu moal. (Siloka 17:9; 1 Petrus 4:8) Urang kabéh bisa nyieun kasalahan, tapi kanyaah bisa ngajurung urang pikeun ”daek silih hampura”. (Kolosa 3:13) Lantaran nyaah, urang moal bakal ngagedé-gedékeun masalah. Mémang waktu aya nu nganyenyeri, urang teu gampang mopohokeunana. Urang leuwih gampang ambek jeung ngunek-ngunek. Tapi, ieu bakal nyababkeun urang jadi sedih jeung teu bagja. Sabalikna lamun urang ngahampura batur, pikiran urang bakal tengtrem, bisa ngahiji jeung sidang, sarta nu pangpentingna, bisa nyobat jeung Yéhuwa.​—Mateus 6:14, 15; Lukas 17:3, 4; Rum 14:19.

WAKTU AYA NU DIPECAT

19. Dina kaayaan naon urang ulah campur jeung salah sahiji anggota sidang?

19 Dina kulawarga nu silih pikanyaah, unggal anggotana kudu resep silih senangkeun. Tapi, kumaha lamun aya nu baragajul? Kabéh geus upaya pikeun ngabantu manéhna, tapi manéhna tetep nolak. Bisa jadi manéhna nu hayang indit ti imah, atawa kapala kulawarga nu ménta manéhna indit. Di sidang ogé, bisa siga kitu. Bisa waé hiji jalma keukeuh ngalakukeun hal nu dilarang ku Yéhuwa jeung mawa pangaruh goréng ka sidang. Manéhna embung dibantu sarta laku lampahna ngabuktikeun yén manéhna teu hayang jadi anggota sidang deui. Bisa jadi manéhna sorangan nu ninggalkeun sidang, atawa manéhna kudu dipecat. Dina kaayaan ieu, Alkitab méré pituduh nu jéntré sangkan urang ”ulah campur” jeung manéhna. (Baca 1 Korinta 5:11-13; 2 Yohanes 9-11) Ieu téh hésé pisan lamun manéhna sobat atawa anggota kulawarga urang. Tapi dina kaayaan ieu, kasatiaan urang ka Yéhuwa kudu nu pangutamana.​—Tingali Catetan Ahir 8.

20, 21. (a) Ku naon dipecatna hiji jalma mangrupakeun aturan nu némbongkeun kaasih? (b) Ku naon urang kudu ati-ati dina milih sobat?

20 Dipecatna hiji jalma mangrupakeun aturan nu némbongkeun kaasih Yéhuwa. Sidang jadi aman ti jalma-jalma nu nyapirakeun papakon Yéhuwa. (1 Korinta 5:7; Ibrani 12:15, 16) Ieu kasempetan urang pikeun némbongkeun kanyaah ka nami suci Yéhuwa, ka papakon-Na nu luhur, jeung ka Yéhuwa. (1 Petrus 1:15, 16) Aturan ieu ogé némbongkeun kanyaah ka jalma nu dipecat ti sidang. Disiplin nu tegas ieu bisa nyadarkeun manéhna kana dosana jeung ngajurung manéhna pikeun barobah. Loba nu geus dipecat ka dieunakeun balik deui ka Yéhuwa jeung dibagéakeun ku anggota sidang.​—Ibrani 12:11.

21 Daék teu daék, sobat mangaruhan urang. Jadi, urang kudu ati-ati dina milih sobat. Lamun urang nyaah ka jalma-jalma nu dipikanyaah ku Yéhuwa, urang bakal boga sobat-sobat nu ngabantu urang satia ka Yéhuwa salalawasna.