Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 11

Sanggeusna Nikah

Sanggeusna Nikah

”Kanyaah teh sipatna langgeng.”​—1 KORINTA 13:8.

1, 2. Lamun aya masalah, naha éta hartina perkawinan téh geus gagal? Pék jelaskeun.

 PERKAWINAN téh kurnia ti Yéhuwa nu bisa leuwih ngabagjakeun kahirupan. Tapi, unggal perkawinan boga masalahna sorangan, malah katingalina éta teu aya anggeusna. Salaki pamajikan bisa waé jadi paanggang, teu deukeut kawas saacanna.

2 Urang teu héran lamun aya waé masalah dina perkawinan. Tapi, ieu lain hartina perkawinan urang geus gagal. Pasangan nu nyanghareupan masalah nu gedé gé bisa mulihkeun sarta nguatkeun deui hubunganana. Kumaha carana?

LEUWIH RAKET KA ALLAH JEUNG KA BATUR HIRUP

3, 4. Masalah naon nu bisa muncul dina perkawinan?

3 Perkawinan téh ngahijikeun dua jalma nu béda, béda karesepna, cara pikirna, jeung kabiasaanana. Salaki pamajikan ogé bisa béda budaya jeung kasang tukang. Butuh waktu jeung upaya sangkan maranéhna silih wanoh jeung silih ngarti.

4 Lila-lila, salaki pamajikan bisa paanggang lantaran ulukutek dina urusanana masing-masing. Maranéhna siga hirup di dua dunya nu béda. Naon nu bisa ngaraketkeun deui maranéhna?

Naséhat Alkitab téh mangpaat pikeun perkawinan

5. (a) Naon nu bisa ngaraketkeun deui salaki pamajikan? (b) Numutkeun Ibrani 13:4, kumaha sakuduna urang nganggap perkawinan?

5 Yéhuwa nyadiakeun naséhat nu alus pisan pikeun ngaraketkeun deui Sadérék jeung batur hirup. (Jabur 25:4; Yesaya 48:17, 18) Saur Yéhuwa, ”Ajenan perkawinan.” (Ibrani 13:4) Hal-hal nu diajénan bakal dianggap penting jeung dihargaan. Éta bakal dijaga jeung moal disapirakeun. Yéhuwa miharep urang nganggap perkawinan siga kitu.

KANYAAH KA YÉHUWA BISA NGUATKEUN PERKAWINAN

6. Tina Mateus 19:4-6, kumaha pandangan Allah ngeunaan perkawinan?

6 Yéhuwa nu ngarancang perkawinan nu mimiti. Ceuk Yésus, putra-Na, ”Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe? Jeung Allah nimbalan, ’Ku hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’ Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.” (Mateus 19:4-6) Ti mimiti gé, Yéhuwa boga tujuan sangkan perkawinan langgeng. Mantenna miharep unggal kulawarga jadi raket jeung bagja.

7. Kumaha salaki pamajikan bisa nguatkeun perkawinan?

7 Tapi kiwari, pasangan salaki pamajikan nyanghareupan leuwih loba masalah jeung tangtangan. Sakapeung, masalahna beurat pisan nepi ka maranéhna hayang nyerah waé, hayang pepegatan. Tapi, urang bisa nyanghareupanana lamun paham kana pandangan Allah ngeunaan perkawinan.​—1 Yohanes 5:3.

8, 9. (a) Dina kaayaan naon urang kudu nuturkeun pituduh Yéhuwa ngeunaan perkawinan? (b) Kumaha urang ngabuktikeun yén perkawinan téh penting?

8 Bingbingan Yéhuwa alus keur urang. Sakumaha tadi disebutkeun, Mantenna ngajurung urang, ”Ajenan perkawinan.” (Ibrani 13:4; Pandita 5:4) Lamun urang nuturkeun pituduh ti Yéhuwa dina kaayaan sulit, urang pasti narima mangpaatna.​—1 Tesalonika 1:3; Ibrani 6:10.

9 Lantaran nganggap perkawinan téh penting, urang bakal nyingkahan ucapan jeung lalampahan nu bisa ngaruksak perkawinan. Urang tangtu hayang nguatkeun hubungan urang jeung batur hirup. Kumaha carana?

AJÉNAN PERKAWINAN KU UCAP JEUNG LAMPAH

10, 11. (a) Aya masalah gedé naon dina sababaraha perkawinan? (b) Ku naon carana urang ngomong ka batur hirup téh penting?

10 Hiji jalma bisa nganyenyeri batur hirupna ku loba cara. Urang Kristen nyaho yén maranéhna teu meunang neunggeul atawa telenges ka batur hirupna. Tapi, ucapan urang ogé bisa nganyenyeri batur hirup, seukeut kawas péso. Hiji wanoja ngomong, ”Salaki abdi ngomongna kasar, asa keur diteunggeulan. Sanajan teu katingali raheutna, tapi haté abdi dijejewét. Manéhna sok ngomong ka abdi, ’Sia mah beban keur aing!’ jeung ’Teu guna pisan!’” Aya ogé hiji salaki nu ngomong yén pamajikanana sok ngahina jeung méré julukan. Ceuk manéhna, ”Saking kasarna, abdi teu kuat nyaritakeunana. Matakna abdi embung ngobrol jeung manéhna, mending kénéh lembur di tempat gawé. Leuwih aman di ditu.” Kiwari, ucapan kasar nu nganyenyeri haté geus lumrah.

11 Lamun salaki pamajikan osok sentak sengor, parasaan maranéhna bakal raheut, lila cageurna. Tangtu, ieu lain nu dipiharep Yéhuwa. Tapi, bisa waé Sadérék teu sadar geus nganyenyeri batur hirup. Sanajan Sadérék ngarasa geus bageur, naha batur hirup gé ngarasa kitu? Lamun ucapan Sadérék nganyenyeri manéhna, naha Sadérék daék barobah?​—Galata 5:15; baca Epesus 4:31.

12. Naon nu bisa mangaruhan hubungan salaki atawa pamajikan jeung Yéhuwa?

12 Cara Sadérék ngomong ka batur hirup, rék di tempat umum atawa keur duaan, diperhatikeun ku Yéhuwa. (Baca 1 Petrus 3:7.) Yakobus 1:26 mépélingan urang, ”Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.”

13. Naon deui nu bisa nganyenyeri batur hirup?

13 Salaki atawa pamajikan kudu ati-ati sangkan teu nganyenyeri batur hirupna. Misalna, kumaha parasaan batur hirup lamun Sadérék méakkeun loba waktu jeung nu séjén? Sanajan alesanana alus, saperti dines atawa mantuan ngaréngsékeun masalah, naha éta bisa nganyenyeri batur hirup? Saurang pamajikan ngomong, ”Lamun salaki abdi méakkeun loba teuing waktu jeung méré perhatian ka sadérék istri di sidang, haté abdi nyeri pisan. Abdi asa disapirakeun.”

14. (a) Bebeneran dasar naon nu aya di Kajadian 2:24? (b) Naon nu kudu dilenyepan ku urang?

14 Sabagé urang Kristen, urang mémang kudu merhatikeun kolot jeung dulur saiman di sidang. Tapi, lamun urang geus nikah, nu paling kudu diperhatikeun téh batur hirup urang. Yéhuwa nyarios yén salaki bakal ”ngahiji jeung bojona”. (Kajadian 2:24) Parasaan manéhna penting pisan keur urang. Pék lenyepan, ’Naha abdi méré waktu, perhatian, sarta kanyaah nu dibutuhkeun jeung nu sakuduna ditarima ku batur hirup?’

15. Ku naon jalma nu geus nikah teu meunang deukeut teuing jeung nu lain batur hirupna?

15 Lamun urang deukeut teuing jeung lawan jenis nu lain batur hirup, hubungan jeung batur hirup bisa tegang. Lila-lila, urang bisa teterusan mikiran nepi ka bogoh ka jalma éta. (Mateus 5:28) Parasaan éta bisa beuki jero jeung ngajurung Sadérék pikeun ngalampahkeun tindakan nu ngarendahkeun perkawinan.

”LAKI RABI SING PADA-PADA SATIA”

16. Naon nu diparéntahkeun dina Alkitab ngeunaan perkawinan?

16 Sanggeus maréntahkeun, ”Ajenan perkawinan,” Alkitab nyebutkeun, ”Laki rabi sing pada-pada satia. Anu nyelewer atawa jinah tangtu dihukum ku Allah.” (Ibrani 13:4) Hubungan séksual téh ngan keur salaki jeung pamajikan. (Siloka 5:18) Kumaha carana urang ngajénan hal ieu?

17. (a) Kumaha pandangan dunya ieu ngeunaan jinah? (b) Kumaha sakuduna pandangan urang Kristen?

17 Sababaraha jalma kiwari nganggap yén teu satia ka batur hirup téh teu salah. Urang kudu nolak pamikiran siga kitu. Yéhuwa jelas-jelas ijid kana kalakuan cabul jeung jinah. (Baca Rum 12:9; Ibrani 10:31; 12:29) Urang ngarendahkeun perkawinan lamun ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain batur hirup. Éta ngabuktikeun yén urang teu ngajénan papakon Yéhuwa sarta ngaruksak hubungan urang jeung Mantenna. Jadi, ulah ngamimitian tindakan nu ahirna ngabalukarkeun jinah, misalna ngalamunkeun jalma séjén.​—Ayub 31:1.

18. (a) Ku naon jinah bisa disaruakeun jeung nyembah brahala? (b) Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan jinah?

18 Numutkeun Hukum Musa keur bangsa Israil kuno, jinah téh dosa gedé, sarua jeung nyembah brahala. Hukumanana ogé sarua nyaéta hukuman pati. (Imamat 20:2, 10) Kumaha jinah bisa disaruakeun jeung nyembah brahala? Lamun urang Israil nyembah allah palsu, manéhna teu nedunan jangji satia ka Yéhuwa. Lamun manéhna jinah, manéhna teu nedunan jangji satia ka batur hirupna. (Budalan 19:5, 6; Pamindo 5:9; baca Malaki 2:14.) Jadi jelas yén di jaman baheula, Yéhuwa nganggap jinah téh dosa gedé.

19. Naon nu bakal nguatkeun tékad urang pikeun nyingkahan jinah?

19 Kumaha di jaman ayeuna? Sanajan urang teu kudu ngalampahkeun Hukum Musa, pandangan Yéhuwa ngeunaan jinah teu barobah. Urang moal nyembah allah palsu, ku kituna urang gé moal jinah. (Jabur 51:2, 3, 6; Kolosa 3:5) Jinah téh bakal ngarendahkeun perkawinan sarta Allah urang, Yéhuwa.​—Tingali Catetan Ahir 26.

CARA NGUATKEUN PERKAWINAN

20. Naon mangpaatna hikmah pikeun perkawinan?

20 Kumaha carana nguatkeun perkawinan? Firman Allah nyebutkeun, ”Hikmah jeung pangarti teh dasar ajegna rumah tangga.” (Siloka 24:3) Ibaratna siga imah, aya imah nu kosong jeung matak keueung, tapi aya ogé imah nu ngeunaheun jeung aman. Kitu ogé jeung perkawinan. Jalma nu boga hikmah bakal ngawangun perkawinan nu kuat, ayem tengtrem, jeung bagja.

21. Naon mangpaatna pangaweruh pikeun perkawinan?

21 Alkitab gé neruskeun, ”Jalma nu boga kanyaho mah kamarna dieusi ku barang-barang anu aralus, marahal.” (Siloka 24:4) Pangaweruh Firman Allah bisa ningkatkeun kualitas perkawinan. (Rum 12:2; Pilipi 1:9) Waktu maca Alkitab jeung publikasi bareng jeung batur hirup, bahas ogé kumaha cara ngalarapkeunana. Masing-masing bisa mikirkeun carana pikeun mikanyaah, ngajénan, bageur, jeung rasrasan. Suhunkeun pitulung Yéhuwa pikeun mekarkeun sipat-sipat nu bisa nguatkeun perkawinan sarta bisa leuwih dipikanyaah ku batur hirup.​—Siloka 15:16, 17; 1 Petrus 1:7.

Suhunkeun bingbingan Yéhuwa waktu ibadah kulawarga

22. Ku naon urang kudu mikanyaah jeung ngajénan batur hirup?

22 Urang kudu satékah polah mikanyaah jeung ngajénan batur hirup. Hasilna, perkawinan bakal leuwih bagja jeung kuat. Utamana, urang bakal nyukakeun Yéhuwa.​—Jabur 147:11; Rum 12:10.