Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 14

Sing Jujur dina Sagala Hal

Sing Jujur dina Sagala Hal

”Sim kuring hayang jujur dina sagala hal.” —IBRANI 13:18, NW.

1, 2. Kumaha parasaan Yéhuwa waktu urang ngupayakeun pikeun jujur?

 HIJI poé pas balik sakola, saurang budak lalaki manggihan dompét nu eusina pinuh ku duit. Bakal dikumahakeun éta dompét? Bisa waé éta dompét dicokot ku manéhna. Tapi, ku manéhna dipulangkeun ka nu bogana. Waktu ngadéngé hal éta, indungna bungah pisan.

2 Kalolobaan kolot pasti bungah lamun budakna jujur. Bapa Yéhuwa di sawarga téh Allah nu ”satuhu sarta saestu”. Jadi, Mantenna bungah lamun urang jujur. (Pamindo 32:4) Urang hayang nyenangkeun Mantenna sarta ”hayang jujur dina sagala hal”. (Ibrani 13:18, NW) Mémang, sakapeung jujur téh teu gampang. Hayu urang bahas perluna kajujuran dina opat widang sarta mangpaatna lamun urang tetep jujur.

JUJUR KA DIRI SORANGAN

3-5. (a) Siga kumaha cara pikir jalma nu ngabobodo manéh? (b) Naon nu bisa ngabantu urang jujur ka diri sorangan?

3 Sangkan bisa jujur ka batur, urang kudu jujur heula ka diri sorangan. Sakapeung, ieu téh teu gampang. Di abad kahiji, sadérék-sadérék di sidang Laodikéa ngabobodo manéh. Ceuk pamikirna mah maranéhna téh geus nyenangkeun Allah padahal henteu. (Wahyu 3:17) Urang gé bisa teu jujur ngeunaan sipat-sipat urang.

4 Yakobus ngajelaskeun, ”Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.” (Yakobus 1:26) Lamun urang mikir yén Allah bakal peureum waktu ningali urang ngabohong atawa ngomong kasar lantaran geus ngalampahkeun kahadéan, urang keur ngabobodo manéh. Kumaha carana sangkan urang teu kitu?

5 Waktu ngaca, urang bisa ningali dangdanan urang. Waktu maca Alkitab, urang bisa ningali batin urang. Alkitab ngabantu urang nyaho kaleuwihan jeung kakurangan urang. Urang jadi nyaho naon nu kudu dirobah tina cara pikir, lalampahan, jeung omongan urang. (Baca Yakobus 1:23-25.) Tapi, lamun urang ngarasa diri teu boga kakurangan, urang moal bisa barobah. Jadi, supaya bisa jujur mariksa diri sorangan, urang kudu ngagunakeun Alkitab. (Tangis Yermia 3:40; Hagai 1:5) Doa ogé bisa ngabantu. Dina doa, urang bisa nyuhunkeun bantuan ti Yéhuwa pikeun mariksa diri sarta ningali kakurangan nu kudu dirobah. (Jabur 139:23, 24) Urang inget yén ”tukang-tukang bohong ku Gusti dibasmi, tukang maehan sareng tukang tipu dihina”.—Jabur 5:7.

JUJUR DINA KULAWARGA

6. Ku naon salaki pamajikan kudu bruk-brak?

6 Kajujuran téh penting pisan dina kulawarga. Lamun salaki pamajikan bruk-brak, maranéhna bisa ngarasa aman jeung silih percaya. Aya rupa-rupa kabohongan dina perkawinan. Contona, hiji jalma nu geus nikah bisa waé nongton pornografi, sarta ngagoda atawa cicing-cicing bobogohan jeung jalma nu lain batur hirupna. Pék inget naséhat nu nulis jabur, ”Abdi tara babaturan sareng tukang tipu, tara campur sareng tukang munapek.” (Jabur 26:4) Lamun Sadérék teu jujur ka batur hirup, sanajan ngan dina pikiran, éta bisa ngaruksak perkawinan.

Geura tampik sagala hal nu bisa ngaruksak perkawinan Sadérék

7, 8. Kumaha Sadérék bisa ngagunakeun Alkitab pikeun ngabantu barudak paham pentingna kajujuran?

7 Barudak ogé kudu diajar yén jujur téh penting. Alkitab bisa ngabantu kolot. Dina Alkitab, aya conto-conto jalma nu teu jujur, saperti Akan nu maling, Géhasi nu ngabohong supaya meunang duit, jeung Yudas nu sok maok duit sarta ngahianat ka Yésus demi 30 geblég pérak.—Yosua 6:17-19; 7:11-25; 2 Raja 5:14-16, 20-27; Mateus 26:14, 15; Yohanes 12:6.

8 Tapi, aya ogé conto-conto jalma nu jujur, saperti Yakub nu nitah barudakna mulangkeun duit nu lain milikna, Yépta jeung budak awéwéna nu nedunan jangji ka Allah, sarta Yésus nu tetep jujur sanajan dina kaayaan sulit. (Kajadian 43:12; Hakim 11:30-40; Yohanes 18:3-11) * Tuladan maranéhna bisa ngabantu barudak paham pentingna kajujuran.

9. Lamun kolot jujur, naon mangpaatna keur barudak?

9 Kolot bisa meunang mangpaat tina prinsip Alkitab ieu, ”Aranjeun ngajar ka batur, tapi ku naon henteu ngajar ka diri sorangan? Aranjeun ngawurukan ’Ulah maling’—ari aranjeun sok maling, tara?” (Rum 2:21) Barudak bakal nyaho lamun kolotna ngan ngomong wungkul tapi teu ngalampahkeun. Lamun urang ngajar barudak pikeun jujur tapi urangna teu jujur, barudak bakal bingung. Barudak nu ningali kolotna sok ngabohong, sanajan dina hal-hal leutik, bakal nurutan. (Baca Lukas 16:10.) Tapi, barudak nu ningali kolotna jujur bisa jadi kolot nu jujur ogé engkéna.—Siloka 22:6; Epesus 6:4.

JUJUR DI SIDANG

10. Kumaha urang bisa jujur waktu ngobrol jeung dulur saiman?

10 Urang ogé kudu jujur ka dulur saiman urang. Obrolan sapopoé téh gampang pisan robah jadi gosip, malah bisa jadi pitnah. Lamun urang neruskeunana saacan mastikeun yén éta téh bener, bisa jadi urang keur nyebarkeun kabohongan. Leuwih hadé lamun urang ngadalikeun omongan. (Siloka 10:19) Jujur téh lain hartina urang nyaritakeun sagala hal nu dipikirkeun, dipikanyaho, atawa didéngé ku urang. Sanajan éta téh bener, bisa jadi éta lain urusan urang atawa teu penting jeung teu pantes pikeun diteruskeun. (1 Tesalonika 4:11) Aya jalma nu ngabéla diri ku cara ngomong, ”Pan abdi kudu jujur.” Tapi, sabagé umat Yéhuwa, urang hayang kekecapan urang pikaresepeun jeung genah kadéngéna.—Baca Kolosa 4:6.

11, 12. (a) Kumaha kaayaan bakal jadi leuwih parah lamun jalma nu dosa nyamunikeun kasalahanana? (b) Lamun sobat urang nyieun dosa gedé, pamikiran salah naon nu kudu disingkahan? (c) Kumaha urang bisa jujur ka organisasi Yéhuwa?

11 Yéhuwa méré tanggung jawab ka kokolot pikeun mantuan sidang. Kokolot leuwih gampang ngabantu lamun urangna jujur. Naon sababna? Lamun Sadérék gering jeung indit ka dokter, naha Sadérék bakal nyamunikeun kanyeri Sadérék? Mun kitu, kumaha manéhna bisa mantuan? Kitu ogé lamun urang nyieun dosa gedé, urang teu meunang nyamunikeunana. Sabalikna, urang kudu datang ka kokolot sarta nyaritakeun sakumaha ayana. (Jabur 12:3; Rasul 5:1-11) Tapi, kumaha lamun Sadérék ningali sobat Sadérék ngalakukeun dosa gedé? (Imamat 5:1) Naha Sadérék bakal mikir, ”Aing pan sobatna, jadi aing moal bébéja ka sasaha”? Atawa naha Sadérék bakal inget yén kokolot bisa mulihkeun jeung nguatkeun hubungan sobat Sadérék jeung Yéhuwa?—Ibrani 13:17; Yakobus 5:14, 15.

12 Urang gé kudu jujur ka organisasi Yéhuwa waktu ngeusian laporan, saperti laporan dines. Kitu ogé, urang kudu jujur waktu ngeusian formulir pikeun jadi panaratas atawa formulir dines séjénna.—Baca Siloka 6:16-19.

13. Kumaha urang bisa jujur waktu bisnis jeung dulur saiman?

13 Sabagé urang Kristen, urang kudu misahkeun urusan bisnis jeung ibadah. Contona, urang moal nguruskeun bisnis waktu keur di Balé Karajaan atawa keur dines. Urang gé moal ngamangpaatkeun dulur saiman dina urusan bisnis. Lamun urang boga pagawé Saksi, ulah telat mayar gajihna sarta jumlahna kudu luyu jeung perjangjian. Cumponan hak manéhna nu geus ditangtukeun ku pamaréntah, misalna asuransi kaséhatan atawa cuti. (1 Timoteus 5:18; Yakobus 5:1-4) Lamun dunungan Sadérék Saksi, ulah hayang diistiméwakeun. (Epesus 6:5-8) Ulah korupsi waktu sarta gawékeun pagawéan nu ditugaskeun ka Sadérék.—2 Tesalonika 3:10.

14. Naon nu kudu dilakukeun ku urang Kristen saacan bisnis babarengan?

14 Kumaha lamun urang bisnis jeung dulur saiman, misalna pikeun invéstasi atawa nginjeum duit? Dina kaayaan saperti kitu, aya prinsip Alkitab nu mangpaat pisan: Jieun surat perjangjian! Basa Nabi Yérmia meuli lahan, manéhna nyieun surat perjangjian nu dicap di hareupeun para saksi sarta nyieun salinanana. Tuluy duanana disimpen pikeun jadi bukti dina mangsa kahareup. (Yermia 32:9-12; tingali ogé Kajadian 23:16-20.) Tapi, aya nu sieun nyieun surat saperti kitu bisi dianggap teu percaya ka dulur saiman. Padahal kanyataanana, ku ayana surat éta, urang bisa nyegah kasalahpahaman, parasaan kuciwa, jeung cékcok. Dina urusan bisnis gé, urang kudu tetep inget yén karukunan di sidang leuwih penting ti batan perjangjian bisnis.—1 Korinta 6:1-8; tingali Catetan Ahir 30.

JUJUR DINA KAHIRUPAN SAPOPOÉ

15. Kumaha parasaan Yéhuwa lamun urang teu jujur dina bisnis?

15 Urang kudu jujur ka saha waé, kaasup ka nu lain Saksi Yéhuwa. Ieu téh penting keur Yéhuwa. ”PANGERAN mikangewa ka nu make timbangan curang. Mantenna misuka ka nu nimbangna bener.” (Siloka 11:1; 20:10, 23) Dina jaman Alkitab, timbangan sering dipaké keur bisnis. Tapi, aya padagang nu sok ngalicikan nu meuli, misalna timbanganana dikurangan atawa hargana dilipet sabaraha kalieun. Siga di jaman baheula, ayeuna gé loba jalma teu jujur dina bisnis. Baheula, Yéhuwa ijid kana kabohongan, ayeuna gé kitu.

16, 17. Kabohongan nu siga kumaha nu kudu disingkahan ku urang?

16 Urang kabéh bisa nyanghareupan kaayaan nu nguji kajujuran, saperti ngalamar pagawéan, ngeusian formulir ti pamaréntah, atawa ujian di sakola. Loba nu mikir yén teu salah lamun ngabohong, ngaleuwih-leuwihkeun carita, atawa méré jawaban nu samar. Ieu geus teu anéh, sabab Alkitab nyebutkeun yén dina ahir jaman ”jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah”.—2 Timoteus 3:1-5.

17 Sakapeung, jalma nu teu jujur katingali suksés di dunya ieu. (Jabur 73:1-8) Ari urang Kristen mah bisa kaleungitan pagawéan, ditipu duitna, atawa dipikangéwa ku batur gawé lantaran jujur. Tapi, éta téh teu cumah. Naon sababna?

BERKAHNA LAMUN JUJUR

18. Naon mangpaatna lamun urang dikenal jujur?

18 Dikenal sabagé jalma nu jujur, bisa dipercaya, sarta bisa diandelkeun téh hal nu istiméwa jeung langka. Urang masing-masing boga kasempetan pikeun dikenal sabagé jalma nu siga kitu. (Mika 7:2) Mémang lantaran Sadérék jujur, bisa jadi aya jalma nu ngaléléwé atawa nganggap Sadérék bodo. Tapi, Sadérék bakal dihargaan jeung dipercaya ku nu séjén. Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya kasohor ku sipat jujurna. Loba pangusaha néangan pagawé Saksi lantaran Saksi mah jujur. Sarta, waktu pagawé séjén dipecat lantaran teu jujur, biasana mah pagawé Saksi bisa tetep digawé.

Lamun getol digawé, urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa

19. Lamun Sadérék jujur, naon pangaruhna kana sosobatan jeung Yéhuwa?

19 Jujur dina sagala hal ngahasilkeun haté sanubari nu bersih jeung katengtreman. Urang bisa saperti Paulus nu nulis, ”Sim kuring yakin miboga haté sanubari nu jujur.” (Ibrani 13:18; NW) Nu pangutamana, Bapa Yéhuwa bakal ningali jeung ngahargaan upaya urang pikeun jujur dina sagala hal.—Baca Jabur 15:1, 2; Siloka 22:1.

^ Dina basa Ibranina, ayat Hakim 11:30-40 nyebutkeun yén budakna Yépta ngalalayanan jeung cicing di tabernakel saumur hirupna sarta teu nikah.