Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 15

Sing Resep kana Pagawéan Sadérék

Sing Resep kana Pagawéan Sadérék

”Unggal jalma sakuduna . . . ngarasakeun kasukaan tina sagala hasil gawéna.”—PANDITA 3:13, NW.

1-3. (a) Kumaha parasaan kalolobaan jalma ngeunaan pagawéanana? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina ieu pasal?

 JALMA-JALMA di sakuliah dunya kudu banting tulang pikeun nyumponan pangabutuh sorangan jeung kulawargana. Loba nu teu resep malahan ijid kana pagawéanana. Lamun éta nu dirasakeun, kumaha carana sangkan Sadérék bisa boga pikiran nu positif jeung leuwih resep kana pagawéan?

2 Yéhuwa nyarios, ”Unggal jalma sakuduna dahar jeung nginum, sarta ngarasakeun kasukaan tina sagala hasil gawéna. Ieu téh kurnia ti Allah.” (Pandita 3:13, NW) Manusa diciptakeun pikeun digawé. Jadi, Yéhuwa hoyong urang resep kana pagawéan urang.—Baca Pandita 2:24; 5:18 tina catetan handap. *

3 Kumaha carana sangkan leuwih resep kana pagawéan? Pagawéan kawas kumaha nu kudu disingkahan ku urang Kristen? Kumaha carana sangkan pagawéan jeung ibadah ka Yéhuwa tetep saimbang? Pagawéan naon nu pangpentingna?

DUA TULADAN NU PANGUTAMANA

4, 5. Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan pagawéan?

4 Yéhuwa téh Pribadi nu resep barangdamel. Kajadian 1:1 nyebutkeun, ”Allah nyiptakeun jagat raya.” Sanggeus nyiptakeun bumi jeung sagala eusina, éta kabéh ”pohara kamanah-Na”. (Kajadian 1:31) Mantenna sugema pisan kana hasil padamelana-Na.

5 Yéhuwa terus barangdamel. Yésus ngomong, ”Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna.” (Yohanes 5:17) Sanajan urang teu nyaho kabéh hasil padamelan Yéhuwa nu ahéng, urang bisa nyaho sababaraha di antarana. Mantenna milih jalma-jalma nu bakal maréntah bareng jeung Putra-Na, Yésus Kristus, di Karajaana-Na. (2 Korinta 5:17) Yéhuwa ogé salawasna ngabingbing tur nangtayungan manusa. Kagiatan pangwawaran ngabantu jutaan jalma jadi wanoh ka Yéhuwa sarta miboga harepan hirup langgeng di bumi pirdaus.—Yohanes 6:44; Rum 6:23.

6, 7. Kumaha sikep Yésus kana pagawéanana?

6 Siga Bapana, Yésus resep digawé. Saacan ka dunya, Yésus téh ”ahli adegan” nu milu nyiptakeun sagala hal di langit jeung di bumi. (Siloka 8:22-31; Kolosa 1:15-17) Waktu di bumi, Yésus terus digawé. Basa keur ngora, anjeunna diajar jadi tukang kayu nu ahli dina nyieun parabot jeung imah. Lantaran alus pagawéanana, anjeunna kasohor sabagé ”tukang kayu”.—Markus 6:3.

7 Tapi, pagawéan nu pangpentingna pikeun Yésus di bumi téh nyaéta ngawartakeun warta hadé jeung ngajar jalma-jalma ngeunaan Yéhuwa. Anjeunna ngan boga tilu satengah taun pikeun ngaréngsékeun tugas ieu. Jadi, anjeunna getol digawé ti isuk-isuk nepikeun ka peuting. (Lukas 21:37, 38; Yohanes 3:2) Yésus ogé leumpang ratusan kilométer di jalan nu kebul pikeun ngawawar ka saloba-lobana jalma.—Lukas 8:1.

8, 9. Ku naon Yésus resep kana pagawéanana?

8 Ngalampahkeun pagawéan ti Allah téh saperti kadaharan nu méré sumanget jeung kakuatan ka Yésus. Sakitu getolna anjeunna nepi ka poho kana dahar. (Yohanes 4:31-38) Anjeunna ngamangpaatkeun sagala kasempetan pikeun ngajar batur ngeunaan Bapana. Éta sababna Yésus bisa ngomong ka Yéhuwa, ”Kamulyaan Ama ku Abdi parantos dipencarkeun di bumi, padamelan ti Ama parantos beres dilampahkeun sadayana.”—Yohanes 17:4.

9 Jadi jelas yén Yéhuwa jeung Yésus getol barangdamel sarta ngarasa bungah jeung sugema kana padamelana-Na. Urang hayang ”nulad ka Mantenna” sarta nuturkeun ”tuladan” Yésus. (Epesus 5:1; 1 Petrus 2:21) Éta sababna urang getol digawé sarta ngupayakeun nu panghadéna.

KUMAHA SAKUDUNA PANDANGAN URANG NGEUNAAN PAGAWÉAN?

10, 11. Naon nu bisa ngabantu urang boga sikep nu positif kana pagawéan?

10 Salaku umat Yéhuwa, urang getol digawé pikeun nyumponan pangabutuh urang jeung kulawarga. Urang hayang mikaresep pagawéan urang, tapi ieu téh teu gampang. Jadi, kumaha carana supaya urang resep?

Sikep positif bisa ngabantu urang jadi leuwih resep kana pagawéan naon waé

11 Boga sikep nu positif. Urang mémang teu bisa sangeunahna gunta-ganti pagawéan, tapi urang bisa ngarobah sikep urang. Éta bisa dilampahkeun lamun urang paham naon nu dipiharep Yéhuwa. Contona, Yéhuwa miharep kapala kulawarga sabisa-bisa nyumponan pangabutuh kulawargana. Malah, Alkitab nyebutkeun yén jalma nu teu nganapkahan kulawargana ”leuwih jahat ti batan anu teu boga iman”. (1 Timoteus 5:8) Sabagé kapala kulawarga, Sadérék kudu getol digawé pikeun nganapkahan kulawarga. Teu sual Sadérék resep kana pagawéan Sadérék atawa henteu, Sadérék kamanah ku Yéhuwa lantaran geus nyadiakeun pangabutuh kulawarga.

12. Naon mangpaatna lamun urang getol digawé jeung jujur?

12 Sing getol tur jujur. Ieu bisa ngabantu Sadérék resep kana pagawéan. (Siloka 12:24; 22:29) Sadérék ogé bakal dipercaya ku dunungan. Dunungan ngahargaan pagawé nu jujur lantaran tara puak-paok duit, barang, atawa waktu. (Epesus 4:28) Nu leuwih penting, Yéhuwa merhatikeun upaya jeung kajujuran Sadérék. Sadérék ogé bakal boga haté sanubari nu bersih lantaran nyaho geus kamanah ku Allah nu dipikanyaah ku Sadérék.—Ibrani 13:18; Kolosa 3:22-24.

13. Naon deui hasil tina kajujuran urang di pagawéan?

13 Lalampahan Sadérék bisa ngamulyakeun Yéhuwa. Ieu téh alesan séjénna pikeun mikaresep pagawéan urang. (Titus 2:9, 10) Malahan bisa jadi salah saurang batur gawé daék diajar Alkitab lantaran ningali lalampahan Sadérék nu hadé.—Baca Siloka 27:11; 1 Petrus 2:12.

KUDU MILIH PAGAWÉAN NU KAWAS KUMAHA?

14-16. Naon nu kudu dilenyepan saacan milih pagawéan?

14 Alkitab henteu ngajéntrékeun pagawéan naon waé nu alus jeung henteu keur urang Kristen. Tapi, aya prinsip-prinsip nu bisa ngabantu urang milih pagawéan. (Siloka 2:6) Bari mikirkeun prinsip-prinsip Alkitab, pék lenyepan pananya-pananya ieu.

Téangan pagawéan nu teu papalingpang jeung papakon Yéhuwa

15 Naha pagawéan ieu ngawajibkeun abdi ngalakukeun nu salah dina pandangan Yéhuwa? Urang geus diajar lalampahan naon waé nu dipikaijid ku Yéhuwa, contona puak-paok jeung ngabohong. (Budalan 20:4; Rasul 15:29; Epesus 4:28; Wahyu 21:8) Jadi, urang bakal nyingkahan sagala pagawéan nu papalingpang jeung papakon Yéhuwa.—Baca 1 Yohanes 5:3.

16 Naha pagawéan ieu ngarojong lalampahan nu salah dina pandangan Yéhuwa? Misalna, Sadérék ditawaran jadi résépsionis di klinik aborsi. Jadi résépsionis mémang teu salah, tapi Sadérék apal pandangan Yéhuwa ngeunaan aborsi. Sanajan Sadérék teu milu ngagugurkeun kandungan, bisa jadi Sadérék rumasa salah geus ulubiung dina kagiatan nu dilarang ku Yéhuwa.—Budalan 21:22-24.

17. Naon nu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu kamanah ku Allah?

17 Ibrani 5:14 nyebutkeun, ”Anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.” Lamun ngagunakeun prinsip-prinsip ti Allah, urang bisa jadi jalma nu siga kitu. Pék lenyepan, ’Mun abdi narima pagawéan ieu, naha ieu bakal nganyenyeri haté sanubari batur? Naha abdi kudu pindah ka luar nagri tuluy ninggalkeun batur hirup jeung barudak? Engké, maranéhna bakal kumaha?’

PASTIKEUN HAL-HAL ”ANU PANGHADENA”

18. Ku naon miheulakeun ibadah téh teu gampang?

18 Bisa jadi teu gampang pikeun miheulakeun ibadah ka Yéhuwa di jaman nu ”loba kasukeran” ieu. (2 Timoteus 3:1) Néangan gawé jeung mertahankeunana ogé hésé pisan. Tapi, urang nyaho yén urang kudu miheulakeun ibadah bari kudu nganapkahan kulawarga. Harta banda teu meunang jadi nu pangpentingna. (1 Timoteus 6:9, 10) Jadi, kumaha urang bisa mastikeun hal-hal ”anu panghadena” bari nyumponan pangabutuh kulawarga urang?—Pilipi 1:10.

19. Kumaha ngandelkeun Yéhuwa bisa ngabantu urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan?

19 Sing ngandel ka Yéhuwa sagemblengna. (Baca Siloka 3:5, 6.) Urang yakin yén Allah apal naon pangabutuh urang sarta nyaah pisan ka urang. (Jabur 37:25; 1 Petrus 5:7) Firman-Na méré nyaho, ”Kana duit ulah nepi ka kaedanan, tarimakeun milik anu geus aya. Sabab dawuhan Allah, ’Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.’” (Ibrani 13:5) Yéhuwa teu hoyong urang teterusan hariwang ngeunaan pangabutuh urang. Geus mangkali-kali Mantenna ngabuktikeun yén Mantenna bisa nyumponan pangabutuh umat-Na. (Mateus 6:25-32) Teu sual kumaha kaayaan di tempat gawé, urang kudu rutin diajar Firman Allah, ngawawarkeun warta hadé, sarta hadir di pasamoan Kristen.—Mateus 24:14; Ibrani 10:24, 25.

20. Kumaha carana ngajaga hirup urang tetep saderhana?

20 Ulah disimpangkeun. (Baca Mateus 6:22, 23.) Ngajaga panon Sadérék tetep cékas téh hartina ngajaga hirup Sadérék tetep saderhana sangkan henteu disimpangkeun dina ngawula Yéhuwa. Teu bijaksana lamun urang leuwih mentingkeun harta banda, hirup genah, atawa alat éléktronik nu panganyarna ti batan sosobatan urang jeung Allah. Jadi, kumaha carana miheulakeun hal-hal nu leuwih penting? Sabisa-bisa urang ulah nepi ka ngahutang. Lamun kudu ngahutang gé, jieun rencana pikeun nyicil atawa ngalunasan éta hutang. Lamun teu ati-ati, harta banda bisa méakkeun waktu jeung tanaga urang, jadina urang teu boga waktu pikeun ngadoa, diajar, atawa ngawawar. Ti batan diririweuh ku harta banda, urang kudu diajar ngarasa puas ku hal-hal dasar, saperti kadaharan jeung papakéan. (1 Timoteus 6:8) Teu sual kumaha kaayaan urang, alus lamun urang rutin mariksa naha urang bisa ngawula Yéhuwa leuwih sapinuhna.

21. Naon nu kudu diheulakeun ku urang? Naon sababna?

21 Heulakeun nu leuwih penting. Urang kudu bijaksana dina ngagunakeun waktu, tanaga, jeung harta banda. Lamun henteu, hal-hal nu teu pati penting, saperti pendidikan atawa duit, bisa méakkeun waktu urang. Ceuk Yésus, ”Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah.” (Mateus 6:33) Pilihan urang, kabiasaan, kagiatan sapopoé, jeung cita-cita urang némbongkeun naon nu diutamakeun ku urang.

PAGAWÉAN URANG NU PANGPENTINGNA

22, 23. (a) Pagawéan naon nu pangpentingna keur urang Kristen? (b) Kumaha urang bisa resep kana pagawéan?

22 Pagawéan urang nu pangpentingna téh nyaéta ngawula Yéhuwa jeung ngawawarkeun warta hadé. (Mateus 24:14; 28:19, 20) Siga Yésus, urang hayang satékah polah ngalakukeunana. Aya nu pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Aya deui nu diajar basa séjén pikeun ngawawar. Pék ngobrol jeung sadérék-sadérék nu geus ngalampahkeunana. Terus, tanyakeun pangalaman maranéhna. Maranéhna bakal nyarita yén kahirupanana leuwih bagja jeung sugema.—Baca Siloka 10:22.

Ngawula Yéhuwa téh pagawéan nu pangpentingna keur urang

23 Kiwari, loba nu kudu sapoé jeput digawé di hiji tempat atawa malahan di sababaraha tempat pikeun nyumponan pangabutuh kulawargana. Yéhuwa merhatikeun sarta ngahargaan upaya urang pikeun ngurus kulawarga. Jadi teu sual naon pagawéan urang, hayu urang nulad ka Yéhuwa jeung Yésus ku cara getol digawé. Mugia urang inget yén pagawéan nu pangpentingna téh ngawula Yéhuwa jeung ngawawarkeun Karajaan Allah. Hal ieu bakal mawa kabagjaan sajati.

^ Pandita 2:24 (NW): ”Pikeun manusa, taya deui nu leuwih hadé salian ti dahar jeung nginum, sarta ngarasakeun kasukaan tina hasil gawéna. Kuring sadar yén ieu gé datangna ti panangan Allah nu sajati.”

Pandita 5:18 (NW): ”Kuring ningali yén hal ieu nu hadé jeung pantes téh: Jalma sakuduna dahar jeung nginum, sarta ngarasakeun kasukaan tina sagala hasil gawé jeung usahana di handapeun panonpoé salila kahirupanana nu singget nu dipasihan ku Allah nu sajati. Éta ganjaranana.”