Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Surat ti Badan Pingpinan

Surat ti Badan Pingpinan

Ka sadaya nu mikanyaah Yéhuwa jeung Firman-Na, Alkitab:

Yésus jangji yén Sadérék bakal dimerdékakeun lamun apal kana bebeneran. (Yohanes 8:32, NW) Inget-inget deui kumaha parasaan Sadérék basa mimiti diajar bebeneran Alkitab! Bungah rasana bisa diajar bebeneran sanajan hirup di dunya nu pinuh kabohongan.​—2 Timoteus 3:1.

Allah Yéhuwa hoyong urang apal kana bebeneran. Urang ogé hayang nyaritakeun bebeneran ka batur lantaran nyaah ka maranéhna. Tapi, aya deui cara pikeun ngawula Yéhuwa. Urang kudu sabisa-bisa hirup luyu jeung prinsip-prinsip Yéhuwa. Yésus nyebutkeun cara nu penting pikeun ngabuktikeun kanyaah ka Allah, ”Lamun narurut kana parentah Kami tangtu tetep ku Kami dipikanyaah, sakumaha Kami tetep dipikaasih ku Rama lantaran nurut kana timbalana-Na.”​—Yohanes 15:10.

Yésus daék ngalakukeun sagala paménta Bapana lantaran nyaah pisan ka Bapana. Lamun nyonto Yésus dina kahirupan, urang bakal dipikanyaah ku Yéhuwa jeung bener-bener bagja. Ceuk Yésus ogé, ”Lamun hal eta geus kahalarti, estu bagja maraneh lamun daraek ngalampahkeunana!”​—Yohanes 13:17.

Mugia buku ieu ngabantu Sadérék diajar hirup luyu jeung bebeneran Alkitab sarta nyobat jeung Allah. Abdi sadaya ngadoa sangkan Sadérék beuki nyaah ka Allah sarta tetep ’nyalindung kana asihing Allah anu baris nyandak urang kana hirup langgeng’.​—Yudas 21.

Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa