Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 17

Tetep Dipikaasih ku Allah

Tetep Dipikaasih ku Allah

”Masing ajeg ngadeg dina kayakinan iman . . . Sing hirup nyalindung kana asihing Allah.”—YUDAS 20, 21.

1, 2. Kumaha carana sangkan tetep dipikaasih ku Allah?

 KABÉH jalma hayang kuat jeung séhat. Éta sababna urang ngadahar dahareun nu séhat, getol olahraga, jeung ngarawat awak urang. Mémang ieu perlu upaya, tapi mun ningali hasilna urang tangtu daék ngalakukeunana. Salian ti éta, urang ogé kudu kuat jeung séhat sacara rohani.

2 Sanajan urang ayeuna geus ngaraket ka Yéhuwa, urang kudu terus nguatkeun sosobatan jeung Mantenna. Yudas ngajurung urang Kristen, ”Sing hirup nyalindung kana asihing Allah.” Manéhna ogé ngajelaskeun carana, ”Masing ajeg ngadeg dina kayakinan iman.” (Yudas 20, 21) Jadi, kumaha carana ngawangun iman nu ajeg jeung kuat?

TERUS KUATKEUN IMAN SADÉRÉK

3-5. (a) Sétan hayang urang boga pamikiran naon ngeunaan papakon Yéhuwa? (b) Kumaha parasaan Sadérék kana hukum jeung prinsip-prinsip Yéhuwa?

3 Penting sangkan Sadérék sorangan yakin yén pituduh-pituduh Yéhuwa téh nu panghadéna. Sétan hayang Sadérék mikir yén papakon ti Allah téh hésé pisan dilampahkeunana sarta Sadérék bakal leuwih bagja lamun bisa mutuskeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. Ti saprak di Taman Éden, Sétan geus ngupayakeun hal ieu. (Kajadian 3:1-6) Komo deui ayeuna.

4 Naha Sétan téh bener? Naha papakon Allah ngawatesan teuing? Henteu. Pék bayangkeun, Sadérék keur leuleumpangan di taman nu éndah tuluy ningali aya pager nu ngahalangan ka hiji tempat. Bisa jadi Sadérék mikir, ’Keur naon sih aya pager?’ Tapi, harita ogé aya singa ngagaur di tukangeun éta pager. Kumaha parasaan Sadérék ayeuna? Tangtu Sadérék nganuhunkeun ku ayana éta pager. Éta singa moal bisa ngahakan Sadérék! Prinsip-prinsip Yéhuwa ibarat pager, Sétan ibarat singa. Firman Allah mépélingan urang, ”Sing caringcing taki-taki, sabab Iblis musuh aranjeun keur guar-gaur kawas singa, kukulayaban neangan leglegeun.”—1 Petrus 5:8.

5 Yéhuwa hoyong urang hirup bagja. Mantenna teu hoyong urang dibobodo ku Sétan. Éta sababna urang dipasihan hukum jeung prinsip nu nyalindungan sarta ngabagjakeun urang. (Epesus 6:11) Ceuk Yakobus, ”Sabalikna anu nengetkeun hukum anu sampurna . . . reujeung prakna ngalampahkeun, lampah kitu bakal diberkahan ku Allah.”—Yakobus 1:25.

6. Kumaha carana sangkan urang yakin yén pituduh Yéhuwa téh nu panghadéna?

6 Lamun urang nuturkeun pituduh Yéhuwa, kahirupan urang jadi leuwih hadé sarta urang jadi leuwih raket ka Mantenna. Misalna, urang ngarasakeun mangpaatna sering ngadoa ka Mantenna. (Mateus 6:5-8; 1 Tesalonika 5:17) Urang ogé bakal bagja lamun nurut kana pituduh-Na pikeun ibadah babarengan, silih gedékeun haté, sarta getol dina ngawarta jeung ngajar. (Mateus 28:19, 20; Galata 6:2; Ibrani 10:24, 25) Ku cara ngalenyepan mangpaat tina hal-hal ieu, iman urang bakal tetep kuat sarta urang ogé beuki yakin yén pituduh Yéhuwa téh nu panghadéna.

7, 8. Kumaha sangkan urang teu hariwang kana gogoda dina mangsa kahareup?

7 Urang bisa jadi hariwang bakal nyanghareupan gogoda nu beurat pisan dina mangsa kahareup. Lamun kitu, sing inget kana jangji Yéhuwa ieu, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina. Coba mun maraneh narurut kana timbalan-timbalan Kami, tan wande meunang nugraha jeung berkah [”katengtreman”, NW] anu ngocor lir walungan anu tara saat! Tan wande kaunggulan [”lalampahan nu bener”, NW] teh mapag lir ombak muru basisir.”—Yesaya 48:17, 18.

8 Lamun urang taat ka Yéhuwa, katengtreman urang bakal siga walungan nu tara saat, sarta lalampahan urang nu bener gé moal eureun siga ombak muru basisir. Teu sual naon nu kaalaman ku urang bisa tetep satia. Alkitab jangji, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.”—Jabur 55:23.

”SING NEPI KA ASAK” ROHANI

9, 10. Naon hartina asak atawa kuat sacara rohani?

9 Beuki kuat sosobatan urang jeung Yéhuwa, beuki ”asak” karohanian urang. (Ibrani 6:1) Naon hartina asak sacara rohani téh?

10 Urang Kristen nu asak atawa kuat rohani lain diukur tina umurna. Sangkan kuat rohani, urang kudu ngajadikeun Yéhuwa Sobat dalit jeung boga cara pikir saperti Mantenna. (Yohanes 4:23) Paulus nulis, ”Anu hirupna nurutkeun tabeat sorangan, anu dipikiranana oge dipangaruhan ku tabeatna sorangan. Sabalikna anu hirupna nurutkeun Roh Allah, anu dipikiranana oge hal-hal anu jadi pangersa Roh Allah.” (Rum 8:5) Jalma nu kuat rohani teu mentingkeun kasenangan atawa harta banda. Sabalikna, manéhna mentingkeun pangawulaan ka Yéhuwa jeung bisa nyieun putusan nu bijaksana. (Siloka 27:11; baca Yakobus 1:2, 3.) Jalma nu kuat rohani moal daék dipangaruhan pikeun ngalampahkeun nu salah, tapi nyaho mana nu bener jeung boga tékad pikeun ngalampahkeunana.

11, 12. (a) Ceuk Paulus, kudu dikumahakeun kamampuh urang pikeun ”ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat”? (b) Kumaha jadi urang Kristen nu kuat rohani téh ampir sarua jeung jadi atlét?

11 Butuh upaya sangkan kuat rohani. Rasul Paulus nulis, ”Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.” (Ibrani 5:14) Dina basa aslina, ”boga pangalaman” téh ditarjamahkeun ogé jadi ”kalatih”. Ieu téh sarua siga latihan nu dijalankeun ku saurang atlét.

12 Saurang atlét butuh waktu jeung latihan sangkan jadi atlét nu hébat. Manéhna teu dilahirkeun sabagé atlét. Orok nu kakara lahir teu nyaho carana ngagerakkeun leungeun jeung sukuna. Tapi lila-lila, manéhna bisa nyekel hiji barang jeung bisa leumpang. Lamun terus dilatih, manéhna bisa jadi atlét. Kitu ogé, butuh waktu jeung latihan pikeun jadi urang Kristen nu kuat rohani.

13. Kumaha urang bisa diajar cara pikir Yéhuwa?

13 Dina ieu buku, urang geus ngabahas carana miboga cara pikir jeung pandangan Yéhuwa. Urang gé geus diajar pikeun ngahargaan jeung mikanyaah papakon Yéhuwa. Waktu kudu nyieun putusan, urang bisa ngalenyepan, ’Hukum atawa prinsip Alkitab naon nu cocog dina kaayaan ieu? Kumaha ngalarapkeunana? Yéhuwa hoyong abdi ngalampahkeun naon?’—Baca Siloka 3:5, 6; Yakobus 1:5.

14. Naon nu dibutuhkeun pikeun nguatkeun iman urang?

14 Ulah eureun nguatkeun iman ka Yéhuwa. Ngadahar dahareun nu loba gizi bisa nguatkeun awak urang, kitu ogé diajar ngeunaan Yéhuwa bisa nguatkeun iman urang. Waktu mimiti diajar Alkitab, urang diajar bebeneran dasar ngeunaan Yéhuwa jeung pituduh-Na. Tapi beuki lila, urang butuh pamahaman nu leuwih jero. Ieu nu dimaksud ku Paulus basa ngomong, ”Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur.” Urang gé bisa meunangkeun hikmat lamun ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun ka urang. Alkitab nyebutkeun, ”Meunangkeun hikmah teh usaha pangpentingna.”—Siloka 4:5-7; 1 Petrus 2:2.

15. Sakumaha pentingna kanyaah ka Yéhuwa jeung ka dulur saiman?

15 Saurang jalma bisa waé geus kuat jeung séhat awakna. Tapi, sangkan bisa tetep kitu manéhna kudu terus ngarawat dirina. Kitu ogé jeung jalma rohani, manéhna sadar yén butuh upaya pikeun ngajaga sosobatanana jeung Yéhuwa tetep kuat. Paulus ngingetan urang, ”Pek mariksa maneh, nguji maneh, percaya keneh ka Kristus?” (2 Korinta 13:5) Tapi, iman nu kuat wungkul teu cukup. Kanyaah urang ka Yéhuwa jeung dulur saiman ogé kudu beuki kuat. Ceuk Paulus, ”Sanajan upama sim kuring . . . sugih ku pangarti, . . . boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.”—1 Korinta 13:1-3.

SING TERUS INGET KANA HAREPAN

16. Sétan hayang urang boga pamikiran siga kumaha?

16 Sétan hayang urang mikir yén urang moal bisa nyenangkeun Yéhuwa. Manéhna hayang urang leutik haté jeung aral. Manéhna ogé teu hayang urang percaya ka dulur saiman jeung teu hayang urang bagja. (Epesus 2:2) Sétan nyaho yén pikiran nu négatif bisa ngaruksak diri urang sarta sosobatan urang jeung Allah. Tapi, Yéhuwa masihan bantuan pikeun ngalawan pikiran nu négatif, nyaéta harepan.

17. Sakumaha pentingna harepan téh?

17 Di 1 Tesalonika 5:8, harepan disaruakeun jeung balakutak atawa hélem nu nyalindungan sirah prajurit nu keur perang. Harepan ngeunaan jangji-jangji Yéhuwa bakal nyalindungan pikiran jeung ngabantu urang ngalawan pikiran négatif.

18, 19. Harepan naon waé nu nguatkeun Yésus?

18 Yésus bisa kuat lantaran boga harepan. Dina peuting saacanna pupus, anjeunna nyanghareupan runtuyan masalah. Anjeunna dihianatan ku sobatna. Nu séjénna api-api teu wawuh. Aya deui nu kabur jeung ninggalkeun anjeunna. Bangsana sorangan hayang anjeunna dihukum pati dina tihang siksaan. Naon nu nguatkeun anjeunna? Anjeunna kuat nandangan kasangsaraan jeung hinaan nepi ka maotna ”lantaran emut kana kabagjaan nu bakal datang. Ayeuna Anjeunna geus linggih di tengeneun tahta Allah”.—Ibrani 12:2.

19 Yésus apal yén lamun satia, anjeunna bakal ngamulyakeun Bapana jeung ngabuktikeun Sétan tukang bohong. Harepan ieu ngajadikeun anjeunna gumbira. Anjeunna gé apal yén moal lila deui bakal babarengan jeung Bapana di sawarga. Harepan ieu ngajadikeun anjeunna tabah. Urang bisa nyonto Yésus nu terus inget kana harepan. Ku kituna, urang bisa terus tabah teu sual naon kasusah urang.

20. Naon nu bisa ngabantu Sadérék tetep positif?

20 Yéhuwa merhatikeun iman jeung katabahan Sadérék. (Yesaya 30:18; baca Malaki 3:10.) Yéhuwa jangji yén ”angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan”. (Jabur 37:4) Jadi, sing terus inget kana harepan Sadérék. Sétan hayang Sadérék pegat harepan jeung ngarasa jangji Allah moal ngawujud. Tapi, ulah nepi ka boga pikiran négatif siga kitu! Lamun harepan Sadérék jadi samar, suhunkeun bantuan Yéhuwa. Inget kana kekecapan di Pilipi 4:6, 7, ”Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima. Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.”

21, 22. (a) Naon kahoyong Yéhuwa pikeun bumi? (b) Naon tékad Sadérék?

21 Sing rutin ngalenyepan mangsa kahareup nu éndah. Moal lila deui, kabéh manusa bakal ibadah ka Yéhuwa. (Wahyu 7:9, 14) Pék bayangkeun kahirupan di dunya anyar. Kanyataanana bakal leuwih alus ti batan naon nu dibayangkeun! Sétan, roh-roh jahat, jeung sagala kajahatan bakal musna. Sadérék moal gering deui, malahan moal maot. Waktu hudang saré unggal poé, Sadérék bakal ngarasa seger jeung sumanget. Kabéh jalma bakal digawé sauyunan ngarobah bumi jadi pirdaus. Bakal aya loba dahareun nu ngarareunah jeung imah nu genah pikeun sadaya. Moal aya jalma nu jahat jeung telenges, nu aya ngan jalma-jalma nu bageur. Ahirna, kabéh manusa bakal dimerdékakeun sabagé ”putra-putra Allah”.—Rum 8:21, NW.

22 Yéhuwa hoyong Sadérék nyobat jeung Mantenna. Jadi, sing satékah polah taat ka Yéhuwa jeung ngaraket ka Mantenna unggal poé. Mugia urang sadaya dipikaasih ku Allah salalanggengna!—Yudas 21.