Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL 8

Yéhuwa Hoyong Umat-Na Bersih

Yéhuwa Hoyong Umat-Na Bersih

”Gusti wening galih ka nu hatena beresih.”​—JABUR 18:27.

1-3. (a) Ku naon indung ngurus budakna supaya tetep bersih? (b) Ku naon Yéhuwa hoyong umat-Na bersih?

 BAYANGKEUN saurang indung nu mantuan budakna siap-siap ka sakola. Budakna dimandian, terus dipakéan baju nu bersih jeung rapih. Ieu téh supaya budakna tetep séhat jeung katingali ku batur yén budakna diurus ku indungna.

2 Bapa urang, Yéhuwa, hoyong urang bersih jeung murni. (Jabur 18:27) Mantenna apal yén bersih téh mangpaat keur urang. Sarta, lamun urang bersih, Mantenna bakal dimulyakeun.​—Yeheskel 36:22; baca 1 Petrus 2:12.

3 Naon maksudna bersih téh? Sarta, ku naon bersih téh mangpaat keur urang? Bari ngabahas pananya-pananya ieu, pék pikirkeun naha aya nu kudu dirobah ku urang.

KU NAON URANG KUDU BERSIH?

4, 5. (a) Ku naon urang kudu bersih? (b) Naon nu diajarkeun alam ngeunaan Yéhuwa?

4 Urang diajar bersih jeung murni ti tuladan Yéhuwa. (Imamat 11:44, 45) Jadi, alesan utama urang kudu bersih téh lantaran urang hayang ”nulad ka Mantenna”.​—Epesus 5:1.

5 Tina ciptaan, urang bisa nyaho kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan kabersihan. Yéhuwa nyiptakeun siklus alam pikeun ngajaga udara jeung cai tetep bersih. (Yermia 10:12) Pék pikirkeun cara-cara bumi ngaleungitkeun polusi, nu seringna mah dibalukarkeun ku manusa. Contona, Yéhuwa nyiptakeun mikroba nu leutik pisan nepi ka ningalina kudu maké mikroskup. Mikroba bisa ngarobah limbah racun jadi jat nu teu bahaya. Ieu téh prosés nu luar biasa. Para ilmuwan ngagunakeun sababaraha mikroba ieu pikeun mersihan polusi.​—Rum 1:20.

6, 7. Conto-conto naon tina Torét Musa nu némbongkeun yén umat Yéhuwa kudu bersih?

6 Urang gé bisa nyaho sakumaha pentingna kabersihan tina Torét nu dipasihan ku Yéhuwa ka bangsa Israil ku jalan Musa. Misalna, jalma-jalma kudu bersih awakna lamun hayang ibadahna ditarima ku Yéhuwa. Dina Poé Pangampura Dosa, imam agung kudu mandi dua kali. (Imamat 16:4, 23, 24) Sarta, saacan imam séjén nyanggakeun kurban, maranéhna kudu ngumbah leungeun jeung suku. (Budalan 30:17-21; 2 Babad 4:6) Dina sababaraha kaayaan, nu ngalanggar hukum kabersihan bisa dihukum pati.​—Imamat 15:31; Bilangan 19:17-20.

7 Kumaha jaman kiwari? Urang bisa diajar loba hal tina Torét. (Malaki 3:6) Jelas yén jalma-jalma nu nyembah Yéhuwa kudu bersih. Papakon Yéhuwa teu barobah. Kiwari ogé, Mantenna tetep miharep umat-Na bersih jeung murni.​—Yakobus 1:27.

NAON MAKSUDNA BERSIH TÉH?

8. Dina hal naon waé urang kudu bersih?

8 Dina pandangan Yéhuwa, bersih téh teu ngan saukur mersihan awak, papakéan, jeung imah. Tapi, ieu ogé kaasup ibadah, lalampahan, jeung pikiran urang. Jelas, dina pandangan Yéhuwa, urang kudu bersih jeung murni dina sagala bagian kahirupan.

9, 10. Naon maksudna ibadah nu bersih téh?

9 Ibadah nu bersih. Urang teu meunang kalibet agama palsu dina sagala hal. Waktu bangsa Israil ditawan di Babul, maranéhna dikurilingan ku jalma-jalma nu nyembah brahala jeung nu cabul lampahna. Nubuat Yésaya nyebutkeun yén maranéhna bakal balik deui ka Israil sarta mulihkeun ibadah nu bersih. Saur Yéhuwa, ”Sing tumaninah kalaluar ti Babul. . . . Ati-ati, bisi antel kana barang larangan, usahakeun supaya maraneh tetep beresih.” Ibadah ka Allah teu bisa dicampur jeung pangajaran, kabiasaan, atawa tradisi nu asalna ti agama palsu Babul.​—Yesaya 52:11.

10 Kiwari, urang Kristen sajati ogé nyingkah ti agama palsu. (Baca 1 Korinta 10:21.) Di sakuliah dunya, aya loba tradisi, kabiasaan, jeung kapercayaan umum nu sumberna ti pangajaran agama palsu. Contona, dina loba kabudayaan, jalma-jalma percaya yén aya kénéh bagian nu tetep hirup sanggeus urang maot, sarta aya loba kabiasaan nu dumasar kana kapercayaan ieu. (Pandita 9:5, 6, 10) Urang Kristen perlu nyingkahan kabiasaan éta. Bisa jadi, anggota kulawarga ngadesek urang pikeun ngalampahkeunana. Tapi, lantaran hayang bersih dina pandangan Yéhuwa, urang moal nyerah.​—Rasul 5:29.

11. Naon maksudna lalampahan urang kudu bersih?

11 Lalampahan nu bersih. Supaya bersih di pandangan Yéhuwa, urang kudu nyingkahan sagala lalampahan nu cabul. (Baca Epesus 5:5.) Dina Alkitab, Yéhuwa maréntahkeun urang, ”Pahing lacur!” Mantenna nandeskeun yén jalma-jalma cabul nu teu tobat ”moal jadi umat Karajaan Allah”.​—1 Korinta 6:9, 10, 18; tingali Catetan Ahir 22.

12, 13. Ku naon pikiran urang kudu bersih?

12 Pikiran nu bersih. Naon nu dipikirkeun biasana bakal dilampahkeun. (Mateus 5:28; 15:18, 19) Pikiran nu bersih bakal ngahasilkeun lalampahan nu bersih. Lantaran urang teu sampurna, urang osok miboga pikiran nu salah. Urang kudu geura miceun pikiran éta. Lamun diantep, haté urang ahirna teu bersih deui. Lila-lila urang hayang ngalampahkeun naon nu terus dipikirkeun. Urang kudu ngeusian pikiran ku hal-hal nu bersih. (Baca Pilipi 4:8.) Jadi, urang tangtu nyingkahan hiburan nu rucah atawa telenges. Urang ogé ati-ati dina milih bacaan, tongtonan, jeung bahan obrolan.​—Jabur 19:9, 10.

13 Ibadah, lalampahan, sarta pikiran urang kudu bersih sangkan tetep dipikaasih ku Allah. Tapi dina pandangan Yéhuwa, kabersihan jasmani gé penting.

KUMAHA CARANA NGAJAGA KABERSIHAN JASMANI?

14. Ku naon kabersihan jasmani téh penting?

14 Lamun urang ngajaga awak sarta lingkungan tetep bersih, urang sarta jalma di sakurilingeun urang bakal meunang mangpaat. Urang ngarasa leuwih genah, nu lian gé resepeun ka urang. Tapi, aya nu leuwih penting. Kabersihan urang ngamulyakeun Yéhuwa. Pék pikirkeun, lamun ningali budak nu unggal poéna caludih, pasti Sadérék mikir yén kolotna teu bisa ngurus éta budak. Kitu ogé lamun urang teu ngarawat diri jeung teu merhatikeun kabersihan, batur bisa jadi boga pamikiran nu goréng ngeunaan Yéhuwa. Ceuk Paulus, ”Sim kuring teu ngarepkeun aya jalma anu nyalahkeun kana pagawean sim kuring. Jadi sim kuring geus ihtiar sangkan ulah matak ngahalang-halang ka batur. Sabalikna, dina sagala hal sim kuring sabatur-batur nembongkeun yen jadi abdi-abdi Allah.”​—2 Korinta 6:3, 4.

Sabagé umat Yéhuwa, urang hayang ngajaga kabersihan diri jeung lingkungan

15, 16. Kumaha carana ngajaga diri urang bersih?

15 Awak jeung papakéan. Ngajaga kabersihan diri téh kudu jadi kabiasaan sapopoé. Contona, urang ngupayakeun mandi unggal poé. Urang ngumbah leungeun ku cai jeung sabun, hususna saacan masak atawa dahar sarta sanggeusna ti jamban atawa nyabak nu kotor. Ngumbah leungeun téh katingalina mah teu sapira, tapi ieu penting sangkan baktéri jeung panyakit henteu nyebar. Ieu malahan bisa nyalametkeun nyawa. Lamun urang teu boga jamban atawa saluran pamiceunan kokotor, urang masih bisa néangan cara séjén. Bangsa Israil kuno teu boga saluran pamiceunan, jadi kokotor maranéhna dikubur dina taneuh, jauh ti imah jeung sumber cai.​—Pamindo 23:12, 13.

16 Papakéan urang teu kudu méwah, mahal, atawa nurutan modél nu panganyarna. Nu penting mah rapih jeung bersih. (Baca 1 Timoteus 2:9, 10.) Urang hayang dangdanan urang ngamulyakeun Yéhuwa.​—Titus 2:10.

17. Ku naon urang hayang ngajaga imah jeung lingkungan tetep bersih?

17 Imah jeung lingkungan. Teu sual matuh di mana, urang hayang ngajaga imah tetep bersih. Urang gé hayang mastikeun yén mobil, motor, sapédah, jeung nu séjénna tetep bersih, utamana lamun dipaké ku urang ka pasamoan atawa dines. Dina dines, urang nyaritakeun ngeunaan kahirupan di bumi pirdaus nu bersih. (Lukas 23:43; Wahyu 11:18) Jadi, imah sarta lingkungan urang kudu némbongkeun yén urang siap pikeun hirup bersih di dunya anyar.

18. Ku naon urang hayang ngajaga tempat ibadah urang bersih?

18 Tempat ibadah. Urang ogé hayang ngajaga kabersihan tempat ibadah urang, boh di Balé Karajaan boh di gedong kongrés. Waktu aya nu mimiti datang ka Balé Karajaan, manéhna sering kataji ningali kabersihanana. Ieu ngamulyakeun Yéhuwa. Sabagé anggota sidang, urang boga kasempetan pikeun mersihan jeung ngarawat Balé Karajaan.​—2 Babad 34:10.

NGEUREUNKEUN KABIASAAN NU KOTOR

19. Naon nu kudu disingkahan ku urang?

19 Alkitab teu nyebutkeun kabéh kabiasaan goréng nu kudu disingkahan, tapi aya prinsip-prinsip nu ngabantu urang paham kana pandangan Yéhuwa. Mantenna teu hoyong urang udud atawa nyalahgunakeun alkohol jeung narkoba. Lamun urang sobat Yéhuwa, urang bakal nyingkahan kabiasaan éta. Ku naon? Lantaran urang ngajénan pisan kahirupan. Kabiasaan ieu bisa mondokan umur, ngaruksak kaséhatan, jeung ngabahayakeun batur. Demi kaséhatanana, loba nu hayang eureun tina kabiasaan-kabiasaan ieu. Tapi, sabagé sobat Yéhuwa, urang boga alesan nu panghadéna, nyaéta nyaah ka Allah. Hiji awéwé nyarita, ”Ku bantuan Yéhuwa, hirup abdi jadi bersih jeung bébas tina kacanduan. . . . Abdi moal bisa nyieun parobahan ieu ku upaya sorangan.” Hayu urang bahas lima prinsip Alkitab nu bisa ngageuing hiji jalma eureun tina kabiasaan-kabiasaan goréng ieu.

20, 21. Yéhuwa hoyong urang eureun tina kabiasaan naon?

20 ”Eta jangji-jangji teh kabeh ditujukeunana ka urang. Ku sabab kitu urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih jeung kudu ajrih ka Allah.” (2 Korinta 7:1) Yéhuwa hoyong urang eureun tina kabiasaan nu ngaruksak pikiran atawa awak urang.

21 Hiji alesan penting pikeun ”miceun sagala rereged” disebutkeun di 2 Korinta 6:17, 18. Yéhuwa maréntahkeun, ”Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis.” Tuluy, Mantenna jangji, ”Tangtu maraneh ditarima ku Kami. Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami.” Yéhuwa bakal mikanyaah urang saperti saurang bapa ka anak lamun urang nyingkahan sagala hal nu ngalantarankeun urang teu bersih jeung teu murni di pandangan Mantenna.

22-25. Prinsip-prinsip Alkitab naon nu ngabantu urang nyingkahan kabiasaan nu kotor?

22 ”Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.” (Mateus 22:37) Ieu hukum nu pangpentingna. (Mateus 22:38) Yéhuwa layak narima kanyaah urang sagemblengna. Kumaha urang bisa sagemblengna mikanyaah Mantenna lamun urang ngalampahkeun hal-hal nu bisa mondokan umur atawa ngaruksak pikiran urang? Tangtu urang bakal satékah polah ngajénan kahirupan nu dipasihkeun ku Mantenna.

23 ”Mantenna anu maparin hirup sareng ambekan katut salian ti eta ka manusa.” (Rasul 17:24, 25) Lamun Sadérék dibéré hadiah, naha éta bakal dipiceun atawa diruksak? Kahirupan téh kurnia nu istiméwa ti Yéhuwa. Urang ngajénan pisan kurnia ieu. Jadi, urang bakal ngagunakeun hirup urang pikeun ngamulyakeun Mantenna.​—Jabur 36:10.

24 ”Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.” (Mateus 22:39) Kabiasaan nu kotor lain ngabahayakeun urang wungkul, tapi ogé jalma-jalma di sakurilingeun urang, biasana nu dipikanyaah. Contona, jalma nu saimah jeung tukang udud bakal gering lantaran nyeuseupan haseupna. Lamun urang eureun tina éta kabiasaan, urang nyaah ka maranéhna.​—1 Yohanes 4:20, 21.

25 ”Jalma-jalma teh ingetan . . . yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara.” (Titus 3:1) Loba nagara ngalarang rahayatna boga atawa ngagunakeun sababaraha obat-obatan. Tangtu urang daék taat lantaran Yéhuwa maréntahkeun pikeun ngajénan pamaréntah.​—Rum 13:1.

Lamun urang ngajaga kabersihan, urang ngamulyakeun Yéhuwa

26. (a) Urang kudu kumaha sangkan ibadah urang ditarima ku Yéhuwa? (b) Ku naon urang hayang satékah polah ngajaga kabersihan?

26 Lamun urang hayang jadi sobat Yéhuwa, bisa jadi urang perlu nyieun sababaraha parobahan. Ulah diengké-engké. Mémang, ngeureunkeun kabiasaan nu kotor téh teu gampang, tapi urang pasti bisa! Yéhuwa jangji bakal mantuan urang, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.” (Yesaya 48:17) Lamun urang satékah polah ngajaga kabersihan, urang bakal ngamulyakeun Yéhuwa.