Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 12

Kumaha Supaya Anjeun Teu Eureun Diajar Alkitab?

Kumaha Supaya Anjeun Teu Eureun Diajar Alkitab?

Diajar Alkitab téh loba mangpaatna. Tapi, kadang éta téh teu gampang. Meureun anjeun mikir, ’Bisa teu nya abdi terus diajar Alkitab?’ Ku naon upaya anjeun pikeun terus diajar Alkitab téh moal percumah? Terus mun ka hareupna aya tangtangan, kumaha supaya anjeun teu eureun diajar Alkitab?

1. Ku naon diajar Alkitab téh loba mangpaatna?

”Firman Allah téh nya hirup, nya gedé kawasana.” (Ibrani 4:12) Ku kituna, mun urang diajar Alkitab, urang bakal meunang loba mangpaat. Misalna, urang jadi apal Yéhuwa téh nyaah ka urang. Urang gé jadi ngarti naon nu dipikirkeun ku Yéhuwa. Urang teu ngan saukur meunang pamahaman, tapi urang gé jadi bijaksana jeung boga harepan. Terus nu pangpentingna, urang bisa jadi sobatna Yéhuwa. Mun urang diajar Alkitab, kahirupan urang bakal leuwih bagja.

2. Sakumaha penting pangajaran Alkitab téh?

Pangajaran dina Alkitab téh ibarat harta. Ceuk Alkitab, urang kudu ”meuli bebeneran jeung ulah dijual deui”. (Siloka 23:23, NW) Mun urang ngarti sakumaha pentingna nu diajarkeun ku Alkitab, urang bakal upaya pikeun terus diajar Alkitab, najan aya tangtangan.​—Baca Siloka 2:4, 5.

3. Kumaha Yéhuwa mantuan anjeun supaya bisa terus diajar Alkitab?

Yéhuwa téh Nu Nyipta jeung Sobat urang. Yéhuwa hayang urang diajar ngeunaan Anjeunna. Anjeunna bisa méré ”kahayang jeung kakuatan pikeun ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku Anjeunna”. (Baca Filipi 2:13.) Jadi, mun sakapeung anjeun rada horéam diajar Alkitab atawa ngarasa hésé ngajalankeun naon nu geus diajarkeun, Yéhuwa pasti mantuan anjeun. Terus mun anjeun keur boga masalah atawa tangtangan, Yéhuwa pasti nulungan anjeun. Pék terus ngadoa ka Yéhuwa ngarah anjeun bisa terus diajar Alkitab.​—1 Tésalonika 5:17.

HAYU NGULIK

Bisa jadi anjeun téh sibuk pisan. Atawa, meureun aya nu teu resep ningali anjeun diajar Alkitab. Lamun kitu, anjeun kudu kumaha supaya bisa terus diajar Alkitab? Terus, kumaha Yéhuwa mantuan anjeun supaya teu eureun diajar Alkitab?

4. Diajar Alkitab téh kudu jadi hal nu penting keur anjeun

Kadang, urang téh sibuk pisan nepi ka teu boga waktu pikeun diajar Alkitab. Mun kitu, urang kudu kumaha? Baca Filipi 1:10, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, naon ”hal-hal nu leuwih penting” dina kahirupan téh?

  • Anjeun kudu kumaha supaya diajar Alkitab téh jadi hal nu penting keur anjeun?

  1. Mun anjeun ngeusian wadah ku keusik heula kakara ngasupkeun batu, wadahna moal mahi

  2. Tapi mun anjeun ngeusian wadah ku batu heula, engké ampir kabéh keusikna gé bisa diasupkeun. Kitu ogé, mun anjeun miheulakeun ”hal-hal nu leuwih penting” dina kahirupan, engké hal-hal éta bakal bérés. Anjeun gé boga kénéh waktu pikeun ngagawékeun nu séjénna

Manusa téh boga kabutuhan rohani, maksudna urang perlu kenal jeung ibadah ka Allah. Nah, mun urang diajar Alkitab, kabutuhan éta téh kacumponan. Baca Matius 5:3, terus bahas:

  • Lamun urang nganggap diajar Alkitab téh penting, naon mangpaatna?

5. Terus diajar sanajan aya tangtangan

Bisa jadi, aya nu ngahalang-halang anjeun pikeun diajar Alkitab. Coba perhatikeun pangalamanana Francesco. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Sanggeus apal Francesco diajar Alkitab, babaturan jeung indungna jadi kumaha?

  • Lantaran terus diajar Alkitab, Francesco meunang berkah naon?

Baca 2 Timotius 2:24, 25, terus bahas:

  • Pas apal anjeun diajar Alkitab, kumaha sikep kulawarga jeung babaturan anjeun?

  • Ceuk ayat tadi, mun aya nu teu resep ningali anjeun diajar Alkitab, anjeun kudu kumaha? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

6. Andelkeun Yéhuwa

Mun urang beuki deukeut jeung Yéhuwa, urang pasti bakal beuki hayang nyenangkeun Anjeunna. Tapi, bisa jadi aya kénéh cara hirup urang nu teu sajalan jeung kahayang-Na. Mun anjeun ngarasa hésé ngarobahna, ulah nyerah. Yéhuwa pasti nulungan anjeun. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Jim nyieun parobahan naon supaya bisa nyenangkeun Yéhuwa?

  • Naon nu paling dipikaresep ku anjeun tina pangalaman hirup Jim?

Baca Ibrani 11:6, terus bahas:

  • Ka jelema ”nu bener-bener néangan Anjeunna” sabab hayang kenal jeung nyenangkeun Anjeunna, Yéhuwa bakal kumaha?

  • Ceuk ayat tadi, kumaha parasaan Yéhuwa waktu ningali upaya anjeun pikeun diajar Alkitab?

MUN AYA NU NANYA: ”Jang naon manéh diajar Alkitab?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Diajar Alkitab téh bisa jadi teu gampang. Tapi lamun anjeun terus diajar, anjeun bisa hirup bagja salilana. Pék terus andelkeun Yéhuwa, engké Anjeunna bakal ngaberkahan anjeun.

Nu geus dibahas

  • Ku naon nu diajarkeun ku Alkitab téh penting?

  • Mun anjeun nganggap diajar Alkitab téh penting, anjeun bakal kumaha?

  • Ku naon anjeun kudu ménta bantuan Yéhuwa supaya teu eureun diajar Alkitab?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Perhatikeun opat hal nu dilakukeun ku jalma-jalma supaya bisa ngagunakeun waktu sacara bijaksana.

”Bijaksana dina Ngatur Waktu” (Éling! Pébruari 2014)

Tingali kumaha Yéhuwa mantuan saurang awéwé nu salakina teu ngadukung manéhna pikeun nyenangkeun Allah.

Yéhuwa Nguatkeun Urang Sangkan Bisa Nyanghareupan Tangtangan (5:05)

Saurang salaki meunang mangpaat naon lantaran pamajikanana teu nyerah pikeun diajar Alkitab?

Abdi Nguji Bebeneran (6:30)