Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Nu Geus Dibahas dina Bagian 1

Nu Geus Dibahas dina Bagian 1

Bahas pananya-pananya ieu bareng jeung Saksi nu ngabantu anjeun diajar Alkitab:

  1. Jangji naon waé dina Alkitab nu dipikaresep ku anjeun?

    (Tingali Bab 02.)

  2. Ku naon anjeun yakin yén Alkitab téh amanat ti Allah?

    (Tingali Bab 03 jeung 05.)

  3. Ku naon urang kudu nyebutkeun nami Allah?

    (Tingali Bab 04.)

  4. Ceuk Alkitab, Allah téh ’sumber hirup sadaya mahluk’. (Jabur 36:10) Na anjeun satuju?

    (Tingali Bab 06.)

  5. Baca Siloka 3:32.

    • Ku naon Yéhuwa bisa jadi Sobat urang nu panghadéna?

    • Naon anu dipiharep ku Yéhuwa ti sobat-Na? Ceuk anjeun, na urang téh sanggup ngalakukeunana?

      (Tingali Bab 07 jeung 08.)

  6. Baca Jabur 62:9.

    • Anjeun geus ngadoa ngeunaan naon waé ka Yéhuwa? Naon deui nu bisa didoakeun?

    • Kumaha carana Allah ngajawab doa urang?

      (Tingali Bab 09.)

  7. Baca Ibrani 10:24, 25.

    • Naon mangpaatna miluan acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

    • Ceuk anjeun, na upaya anjeun pikeun ­miluan acara ibadah téh aya mangpaatna?

      (Tingali Bab 10.)

  8. Ku naon urang kudu rutin maca Alkitab? Ari anjeun biasana iraha maca Alkitabna?

    (Tingali Bab 11.)

  9. Naon nu paling dipikaresep ku anjeun salila diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?

  10. Ti mimiti diajar Alkitab, aya teu tangtangan nu disanghareupan ku anjeun? Kumaha ­supaya anjeun teu eureun diajar?

    (Tingali Bab 12.)