Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 15

Saha Nabi Isa téh?

Saha Nabi Isa téh?

Nabi Isa téh salah saurang jalma nu paling kasohor sapanjang sajarah. Loba nu apal ngaranna, tapi teu nyaho manéhna téh jalma nu jiga kumaha. Terus, loba jalma boga pamikiran nu béda-béda ngeunaan saha sabenerna Nabi Isa. Kumaha ceuk Alkitab?

1. Saha Nabi Isa téh?

Isa téh malaikat nu hirup di sorga. Manéhna nu pangmimitina diciptakeun ku Allah Yéhuwa. Ku kituna, Isa disebut ”nu mimiti diciptakeun”. (Kolose 1:15) Dina Alkitab, Isa disebut ”Putra [Allah] hiji-hijina”. a (Yahya 3:16) Ku naon? Sabab ngan manéhna nu langsung diciptakeun ku Yéhuwa. Geus kitu, Isa gawé bareng jeung Yéhuwa Bapana pikeun nyiptakeun kabéh ciptaan séjénna. (Baca Kolose 1:16.) Terus, manéhna akrab pisan jeung Yéhuwa. Manéhna gé disebut ”Firman”, sabab manéhna téh juruwicarana Allah nu sok nepikeun amanat jeung paréntah ti Anjeunna.​—Yahya 1:14.

2. Jang naon Isa datang ka bumi?

Kira-kira 2.000 taun ka tukang, sacara mujijat Yéhuwa ngagunakeun kawasa suci-Na pikeun mindahkeun kahirupan Isa di sorga ka rahim saurang parawan nu ngaranna Maryam. Ku kituna, manéhna bisa dilahirkeun jadi manusa. (Baca Lukas 1:34, 35.) Manéhna datang ka bumi téh pikeun jadi Al-Masih, atawa Mésias, nu dijangjikeun jeung pikeun nyalametkeun umat manusa. b Kabéh nubuat Alkitab ngeunaan Al-Masih téh laksana dina dirina. Ku kituna, jalma-jalma bisa apal yén manéhna téh ”Al-Masih, Putrana Allah nu hirup”.​—Matius 16:16.

3. Ayeuna Nabi Isa aya di mana?

Sanggeus Nabi Isa maot di bumi, manéhna ku Allah dihirupkeun deui jadi malaikat jeung balik ka sorga. ”Ku Allah, manéhna dibéré kadudukan nu jauh leuwih luhur.” (Filipi 2:9) Isa téh malaikat nu gedé pisan kawasana. Ngan Yéhuwa nu boga kawasa leuwih gedé tibatan manéhna.

HAYU NGULIK

Tingali saha sabenerna Nabi Isa téh jeung ku naon urang kudu diajar ngeunaan manéhna.

4. Nabi Isa téh lain Allah Nu Mahakawasa

Alkitab ngajarkeun yén Isa téh malaikat di sorga nu gedé kawasana. Tapi manéhna tetep tunduk ka Yéhuwa, Allah sakaligus Bapana. Naon buktina? Setél VIDÉO pikeun ningali bukti yén Nabi Isa téh lain Allah Nu Mahakawasa.

Ayat-ayat ieu bakal ngajelaskeun hubungan antara Yéhuwa jeung Nabi Isa. Baca unggal ayatna, terus bahas pananyana.

Baca Lukas 1:30-32.

  • Ceuk saurang malaikat, Nabi Isa téh sahana Yéhuwa, ”Allah Nu Maha Agung”?

Baca Matius 3:16, 17.

  • Basa Nabi Isa dibaptis, sora ti langit ngomong naon?

  • Ceuk anjeun, éta téh sora saha?

Baca Yahya 14:28.

  • Saha nu leuwih kolot jeung kawasana leuwih gedé, bapa atawa anak?

  • Nabi Isa nyebut Bapa ka Yéhuwa. Naon hartina?

Baca Yahya 12:49.

  • Ceuk Nabi Isa, na manéhna téh sarua jeung Bapana? Kumaha ceuk anjeun?

5. Naon buktina Nabi Isa téh Al-Masih?

Dina Alkitab, aya loba nubuat ngeunaan Al-Masih, jalma nu dipilih ku Allah pikeun nyalametkeun umat manusa. Nubuat-nubuat éta ngabantu jalma-jalma supaya bisa apal saha Al-Masih téh. Setél VIDÉO pikeun ningali sababaraha nubuat ngeunaan Al-Masih nu jadi kanyataan dina diri Nabi Isa.

Baca ayat-ayat ieu, terus bahas pananyana.

Baca Mika 5:1 pikeun ningali di mana Al-Masih bakal lahir. c

  • Na Nabi Isa lahir di kota nu geus dinubuatkeun?​—Matius 2:1.

Baca Jabur 34:21 jeung Jakaria 12:10 pikeun ningali nubuat-nubuat dina Alkitab ngeunaan maotna Al-Masih.

  • Na nubuat-nubuat éta jadi kanyataan?​—Yahya 19:33-37.

  • Ceuk anjeun, mungkin teu mun Nabi Isa ngatur supaya nubuat-nubuat éta jadi kanyataan dina dirina?

  • Mun kitu, éta ngabuktikeun naon?

6. Urang bakal meunang loba mangpaat lamun diajar ngeunaan Nabi Isa

Ceuk Alkitab, urang kudu diajar ngeunaan Nabi Isa jeung naon nu dipiharep ku Allah ti manéhna. Baca Yahya 14:6 jeung 17:3, terus bahas:

  • Ku naon urang kudu diajar ngeunaan Nabi Isa?

Nabi Isa muka jalan supaya urang bisa nyobat jeung Allah. Manéhna ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yéhuwa. Terus liwat manéhna, urang bisa meunang kahirupan nu langgeng

AYA NU NGOMONG: ”Saksi-Saksi Yéhuwa percaya yén Isa Al-Masih téh Putra Allah. Tapi teu mungkin Allah boga anak.”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Isa téh malaikat nu gedé kawasana. Manéhna téh Putrana Allah jeung Al-Masih.

Nu geus dibahas

  • Ku naon Nabi Isa disebut ”nu mimiti diciptakeun”?

  • Saacan datang ka bumi, naon nu dilakukeun ku Isa?

  • Naon buktina yén Nabi Isa téh Al-Masih?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Nabi Isa téh disebut Putra Allah. Tapi, na Alkitab mémang ngajarkeun Allah téh bener-bener boga anak cara manusa?

”Ku Naon Yésus Disebut Putra Allah?” (Artikel dina jw.org)

Perhatikeun yén pangajaran Tritunggal téh teu dumasar kana Alkitab.

”Na Isa Al-Masih téh Allah?” (Warta Hadé 1 April 2009)

Kahirupan saurang wanita barobah sanggeus manéhna mariksa pangajaran Alkitab ngeunaan Nabi Isa.

”Saurang Awéwé Yahudi Ngajelaskeun Ku Naon Manéhna Mariksa Deui Kapercayaanana” (Éling! Méi 2013)

a Alkitab teu ngajarkeun yén Allah boga anak cara manusa.

b Dina Bab 26 jeung 27, urang bakal ngabahas ku naon umat manusa perlu disalametkeun jeung kumaha Nabi Isa nyalametkeun urang.

c Baca Catetan Ahir 2 pikeun ningali nubuat nu nunjukkeun iraha percisna Al-Masih datang.