Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 18

Naon Ciri Urang Kristen nu Sajati?

Naon Ciri Urang Kristen nu Sajati?

Aya miliaran jalma nu ngaku sabagé urang Kristen, tapi nu dipercaya ku maranéhna téh béda-béda. Patokan hirup maranéhna gé béda-béda. Jadi, jiga kumaha urang Kristen nu sajati téh?

1. Saha nu disebut urang Kristen téh?

Urang Kristen téh murid-muridna Isa Al-Masih. (Baca Kisah 11:26.) Tapi, maranéhna kudu kumaha pikeun ngabuktikeun yén maranéhna téh muridna Nabi Isa? Nabi Isa ngomong, ”Lamun maranéh tetep nyekel pangajaran urang, maranéh bener-bener murid urang.” (Yahya 8:31) Hartina, kabéh urang Kristen sajati téh kudu ngajalankeun pangajaran Nabi Isa. Kabéh nu diajarkeun ku Nabi Isa téh dasarna tina Alkitab. Jadi, kabéh nu dipercaya ku urang Kristen sajati gé dasarna kudu tina Alkitab.​—Baca Lukas 24:27.

2. Kumaha urang Kristen sajati némbongkeun kanyaah?

Ceuk Nabi Isa ka murid-muridna, ”Maranéh kudu silih pikanyaah sakumaha urang geus mikanyaah maranéh.” (Yahya 15:12) Naon buktina Nabi Isa nyaah ka murid-muridna? Manéhna daék nyadiakeun waktu pikeun gaul, nguatkeun, jeung ngabantu murid-muridna. Manéhna gé nepi ka réla masrahkeun nyawana keur murid-muridna. (1 Yahya 3:16) Kiwari, urang Kristen sajati gé teu ngan saukur ngajarkeun ngeunaan kanyaah. Maranéhna ngabuktikeun kanyaah liwat ucapan jeung tindakan.

3. Urang Kristen sajati sibuk ngalakukeun naon?

Baheula, Nabi Isa méré tugas ka murid-muridna. ”Isa ngutus maranéhna pikeun ngawawarkeun Pamaréntahan Allah.” (Lukas 9:2) Dina abad kahiji, urang Kristen sibuk ngawawar. Maranéhna teu ngan ngawawar di tempat-tempat ibadah hungkul, tapi ogé di tempat-tempat umum jeung ka imah-imah batur. (Baca Kisah 5:42; 17:17.) Kiwari ogé, urang Kristen nu sajati sibuk ngawawarkeun warta tina Alkitab ka jalma-jalma di mana waé. Maranéhna téh nyaah ka sasama. (Markus 12:31) Éta sababna, maranéhna daék ngagunakeun waktu jeung tanagana pikeun ngawawarkeun warta tina Alkitab. Éta warta téh bisa méré harepan jeung nengtremkeun haté.

HAYU NGULIK

Tingali naon bédana urang Kristen nu sajati jeung jalma-jalma nu ngakuna Kristen tapi teu nuturkeun tuladan sarta pangajaran Nabi Isa.

4. Maranéhna néangan bebeneran dina Alkitab

Urang Kristen dina abad kahiji ngahargaan Firman Allah

Teu kabéh jalma nu ngaku Kristen téh ngahargaan bebeneran nu aya dina Alkitab. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon bédana pangajaran sababaraha garéja jeung pangajaran Nabi Isa?

Nabi Isa téh ngajarkeun bebeneran nu aya dina Firman Allah. Baca Yahya 18:37, terus bahas:

  • Ceuk Nabi Isa, jiga kumaha urang Kristen ”nu mihak ka nu bener” téh?

5. Maranéhna ngawawarkeun bebeneran tina Alkitab

Urang Kristen dina abad kahiji ngawawar ka batur

Saacan Nabi Isa diangkat ka sorga, manéhna méré tugas ka murid-muridna. Tugas ieu terus digawékeun nepi ka jaman kiwari. Baca Matius 28:19, 20 jeung Kisah 1:8, terus bahas:

  • Nepi ka iraha jeung nepi ka sajauh mana kagiatan pangwawaran bakal dilakukeun?

6. Maranéhna ngajalankeun naon nu diwawarkeun

Saurang lalaki nu ngaranna Tom yakin yén manéhna geus manggihan agama Kristen nu sajati. Ku naon bisa kitu? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon Tom embung percaya deui ka agama?

  • Ku naon ahirna Tom yakin manéhna téh geus manggihan agama Kristen nu sajati?

Kabéh nu diomongkeun ku urang téh percumah lamun teu dibuktikeun ku tindakan. Baca Matius 7:21, terus bahas:

  • Mana nu leuwih penting keur Nabi Isa, urang ngaku sabagé muridna atawa ngabuktikeunana liwat tindakan?

7. Maranéhna silih pikanyaah

Urang Kristen dina abad kahiji silih pikanyaah

Na urang Kristen sajati téh bener-bener réla ngorbankeun nyawana demi dulur saiman? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon Lloyd daék narohkeun nyawana demi Sadérék Johansson?

  • Ceuk anjeun, na manéhna téh bener-bener urang Kristen nu sajati?

Baca Yahya 13:34, 35, terus bahas:

  • Kumaha sikep murid-muridna Nabi Isa (urang Kristen sajati) ka batur nu suku bangsana béda?

  • Mun aya perang, urang Kristen bakal kumaha?

AYA NU NGOMONG: ”Pan agama Kristen téh aya loba, mana nu bener?”

  • Anjeun rék macakeun ayat mana pikeun nunjukkeun ciri-ciri urang Kristen sajati?

INTI BAB

Urang Kristen sajati téh nuturkeun pangajaran Alkitab, silih pikanyaah, réla nyieun pangorbanan, jeung ngawawarkeun bebeneran tina Alkitab.

Nu geus dibahas

  • Kapercayaan urang Kristen sajati téh dasarna tina naon?

  • Sipat naon nu jadi ciri urang Kristen sajati?

  • Urang Kristen sajati ngajalankeun tugas naon?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali jalma-jalma nu bener-bener upaya pikeun nuturkeun tuladan jeung pangajaran Isa Al-Masih.

Saha Saksi-Saksi Yéhuwa téh? (1:13)

Kumaha saurang biarawati boga ”kulawarga rohani nu sajati”?

”Maranéhna Ngajawab Unggal Pananya Maké Alkitab!” (Warta Hadé 1 April 2014)

Perhatikeun kumaha urang Kristen nu sajati nunjukkeun kanyaah ka dulur saiman nu keur butuh bantuan.

Nulungan Dulur Saiman nu Ngalaman Musibat Alam​—Cuplikan (3:57)

Nabi Isa geus méré nyaho naon ciri-ciri muridna. Éta cocog jeung urang Kristen dina abad kahiji sarta urang Kristen nu sajati dina jaman ayeuna.

”Naon Ciri Urang Kristen Sajati téh?” (Warta Hadé 1 Maret 2012)