Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 19

Na Saksi-Saksi Yéhuwa téh Urang Kristen anu Sajati?

Na Saksi-Saksi Yéhuwa téh Urang Kristen anu Sajati?

Sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa, urang yakin yén urang téh urang Kristen anu sajati. Ku naon urang bisa yakin? Naon dasar tina kapercayaan urang? Ku naon urang disebut Saksi-Saksi Yéhuwa? Jeung, kumaha Saksi Yéhuwa silih pikanyaah?

1. Kapercayaan Saksi-Saksi Yéhuwa téh dasarna tina naon?

Nabi Isa ngomong, ”Firman [Allah] téh bener.” (Yahya 17:17) Jiga Nabi Isa, kapercayaan Saksi-Saksi Yéhuwa téh dasarna tina Firman Allah. Éta katingali tina sajarah urang. Dina taun 1870-an, aya sakelompok jalma anu mulai ngulik Alkitab. Maranéhna hayang nyaho nu diajarkeun ku Alkitab téh sabenerna jiga kumaha. Geuning éta téh béda tina pangajaran garéja. Tapi, maranéhna leuwih percaya kana pangajaran Alkitab, jeung mulai ngabagikeun bebeneran éta ka batur. a

2. Ku naon urang disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?

Yéhuwa nyebut umat-Na téh saksi-saksi-Na, sabab maranéhna nyaritakeun anu sabenerna ngeunaan Anjeunna. (Ibrani 11:4–12:1) Dina jaman baheula, Yéhuwa ngomong kieu ka umat-Na, ”Saksi Kami nya maraneh.” (Baca Yesaya 43:10.) Terus, Nabi Isa ogé disebut ”Saksi nu Satia”. (Wahyu 1:5) Jadi dina taun 1931, urang ngagunakeun ngaran Saksi-Saksi Yéhuwa. Urang bungah ngagunakeun ngaran ieu.

3. Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa nyonto kanyaahna Nabi Isa?

Nabi Isa téh nyaah pisan ka murid-muridna jeung nganggap maranéhna sabagé kulawargana sorangan. (Baca Markus 3:35.) Kitu ogé, kabéh Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya téh hiji kulawarga. Éta sababna, urang maké sebutan sadérék atawa dulur. (Filémon 1, 2) Urang gé taat kana paréntah anu nyebutkeun, ”Sing nyaah ka sakabéh dulur saiman.” (1 Pétrus 2:17) Saksi-Saksi Yéhuwa nunjukkeun kanyaah ku rupa-rupa cara, misalna mantuan dulur saiman di sakuliah dunya anu keur kasusahan.

HAYU NGULIK

Perhatikeun sajarah Saksi-Saksi Yéhuwa sacara leuwih rinci jeung tingali buktina yén urang téh urang Kristen anu sajati.

Kapercayaan urang Kristen sajati dumasar kana Alkitab. Maranéhna gé nyaritakeun kapercayaanana ka batur

4. Kapercayaan urang téh dasarna tina Alkitab

Allah Yéhuwa geus méré nyaho yén dina ahir jaman, pamahaman urang kana Alkitab bakal beuki jelas. Baca 2 Korintus 4:6, terus bahas:

  • Lamun urang mariksa Alkitab, haté urang bakal dicaangan ku hal naon?

Tingali kumaha sakelompok siswa Alkitab, kaasup Charles Russell, ngulik Firman Allah. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha cara Charles Russell jeung babaturanana ngulik Alkitab?

Anjeun apal teu?

Kadang, aya sababaraha pangajaran urang anu dirobah. Ku naon? Ibaratna kieu: Urang hayang ningali pamandangan isuk-isuk. Mun cahaya panonpoé beuki caang, pamandangan ogé bakal beuki jelas. Kitu ogé jeung pangajaran Alkitab. Éta téh dijieun leuwih jelas ku Allah saeutik-saeutik. (Baca Siloka 4:18.) Alkitab mémang teu pernah barobah, tapi pamahaman urang nu barobah, sabab beuki lila urang beuki ngarti.

5. Urang méré nyaho nu bener ngeunaan Yéhuwa

Ku naon urang ngagunakeun ngaran Saksi-Saksi Yéhuwa? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon ngaran Saksi-Saksi Yéhuwa téh cocog keur urang?

Ku naon Yéhuwa milih sakelompok jalma pikeun jadi saksi-Na? Yéhuwa hayang saksi-saksi-Na méré nyaho naon anu bener ngeunaan Anjeunna, sabab ayeuna aya loba kabohongan ngeunaan Anjeunna. Perhatikeun dua contona.

Sababaraha agama ngajarkeun yén Allah hayang urang ngagunakeun patung atawa lambang-lambang dina ibadah. Na éta téh bener? Baca Imamat 26:1, terus bahas:

  • Kumaha sabenerna parasaan Yéhuwa mun urang ngagunakeun patung atawa lambang-lambang pikeun ibadah?

Sababaraha pamingpin agama ngajarkeun yén Nabi Isa téh Allah. Na éta téh bener? Baca Yahya 20:17, terus bahas:

  • Na Nabi Isa téh Allah?

  • Allah ngagunakeun Saksi-Saksi-Na pikeun méré nyaho nu bener ngeunaan Anjeunna jeung Putra-Na. Sanggeus apal hal éta, kumaha parasaan anjeun?

6. Urang téh silih pikanyaah

Alkitab nyaruakeun urang Kristen jiga bagian-bagian awak. Baca 1 Korintus 12:25, 26, terus bahas:

  • Naon anu sakuduna dilakukeun ku urang Kristen lamun ningali dulur saimanna keur aya kasusah?

  • Ceuk anjeun, kumaha kanyaah di antara Saksi-Saksi Yéhuwa?

Lamun aya Saksi Yéhuwa nu keur boga kasusah di hiji tempat, dulur-dulur saiman di sakuliah dunya téh langsung méré bantuan. Pikeun ningali contona, setél VIDÉO. Terus bahas:

  • Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa mantuan dulur saiman waktu aya angin topan?

Urang Kristen sajati nunjukkeun kanyaah ka jalma nu keur butuh bantuan

AYA NU NGOMONG: ”Saksi-Saksi Yéhuwa téh agama nu anyar.”

  • Ti iraha Allah Yéhuwa nyebut umat-Na téh saksi-saksi-Na?

INTI BAB

Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen anu sajati. Kabéh Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya téh hiji kulawarga. Kapercayaan urang dasarna tina Alkitab. Terus, urang gé méré nyaho nu bener ngeunaan Yéhuwa.

Nu geus dibahas

  • Ku naon urang disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?

  • Kumaha urang némbongkeun kanyaah ka dulur saiman?

  • Ceuk anjeun, na Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen anu sajati?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali hiji conto kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa ngabolékérkeun pangajaran palsu.

Umat Allah Ngamulyakeun Nami-Na (7:08)

Na anjeun panasaran ngeunaan Saksi Yéhuwa? Mangga tingali jiga kumaha Saksi Yéhuwa téh.

”Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa” (Bagian dina jw.org)

Stephen ngéwa pisan ka batur nu béda suku bangsana, nepi ka téga nyerang maranéhna. Tapi manéhna teu kitu deui sanggeus panggih jeung Saksi Yéhuwa. Tingali ku naon manéhna bisa barobah.

”Hirup Abdi Jadi Beuki Kacow” (Warta Hadé 1 Juli 2015)

a Ti saprak 1879, Saksi-Saksi Yéhuwa geus ngaluarkeun majalah Menara Pengawal pikeun ngajelaskeun pangajaran Alkitab.