Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 29

Kumaha Kaayaan Jalma nu Geus Maot?

Kumaha Kaayaan Jalma nu Geus Maot?

Na anjeun pernah ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan? Mun pernah, anjeun pasti ngarasa sedih. Anjeun gé meureun mikir, ’Kumaha kaayaan jalma anu maot? Na urang bisa panggih deui jeung maranéhna?’ Dina bab ieu jeung bab saterusna, urang bakal ningali jawaban anu nengtremkeun haté tina Alkitab.

1. Kumaha kaayaan jalma nu geus maot?

Ceuk Nabi Isa, jalma nu maot téh jiga jalma nu keur saré tibra. Ku naon? Jalma nu keur saré tibra teu nyaho aya kajadian naon di sakurilingna. Kitu ogé lamun saurang jalma maot, manéhna ”teu nyaho naon-naon”. (Baca Pandita 9:5.) Manéhna gé teu ngarasa nyeri atawa sangsara.

2. Naon mangpaatna mun urang apal kumaha sabenerna kaayaan jalma nu geus maot?

Loba jalma sieun maot atawa sieun ka jalma anu geus maot. Tapi lamun urang apal naon anu disebutkeun ku Alkitab ngeunaan jalma anu geus maot, urang bakal tenang. Nabi Isa ngomong yén pangajaran ’nu bener bakal ngabébaskeun’ urang tina pangajaran nu salah. (Yahya 8:32) Sababaraha agama ngajarkeun, najan saurang jalma geus maot, arwahna mah bakal tetep hirup. Tapi ceuk Alkitab, pangajaran éta téh salah. Jalma anu geus maot moal ngarasa nyeri atawa nalangsa deui. Terus, maranéhna gé geus teu apal nanaon, jadi moal bisa nyilakakeun urang. Ku kituna, urang teu kudu sieun diganggu ku maranéhna. Urang gé teu kudu nyieun upacara pikeun ngahormat maranéhna atawa méré sasajén pikeun nenangkeun maranéhna. Maranéhna gé geus teu kudu didoakeun deui ku urang.

Aya nu ngarasa bisa komunikasi jeung jalma anu geus maot. Tapi, sabenerna éta téh mustahil. Jiga anu geus disebutkeun, jalma anu geus maot téh ”teu nyaho naon-naon”. Jadi, mun aya nu komunikasi jeung jalma nu geus maot, meureun sabenerna manéhna téh keur komunikasi jeung roh-roh jahat nu pura-pura jadi jalma nu geus maot éta. Lamun urang apal kumaha sabenerna kaayaan jalma anu geus maot, urang bisa ngalindungan diri ti roh-roh jahat. Yéhuwa apal, urang bisa cilaka lamun komunikasi jeung roh-roh jahat. Ku kituna, Anjeunna ngalarang urang pikeun komunikasi jeung jalma-jalma anu geus maot.​—Baca Pamindo 18:10-12.

HAYU NGULIK

Tingali naon deui anu disebutkeun dina Alkitab ngeunaan kaayaan jalma nu geus maot. Tingali ogé ku naon urang bisa yakin yén Allah moal nyiksa jalma anu geus maot.

3. Kaayaan jalma anu geus maot

Jalma-jalma di sakuliah dunya boga kapercayaan nu béda-béda ngeunaan kaayaan jalma nu geus maot. Tapi, moal mungkin pan kabéhanana bener?

  • Ceuk jalma-jalma di daérah anjeun, kumaha kaayaan jalma nu geus maot?

Pikeun ningali naon anu diajarkeun dina Alkitab, setél VIDÉO.

Baca Pandita 3:20, terus bahas:

  • Ceuk ayat ieu, jalma anu geus maot bakal kumaha?

  • Lamun saurang jalma maot, na arwahna tetep hirup?

Dina Alkitab, aya kisah ngeunaan sobat Nabi Isa anu maot, nyaéta Lazarus. Baca Yahya 11:11-14 jeung perhatikeun naon nu disebutkeun ku Nabi Isa ngeunaan kaayaan Lazarus. Terus bahas:

  • Nabi Isa nyaruakeun maot jiga naon?

  • Tina ibarat éta, urang bisa nyimpulkeun naon ngeunaan jalma anu geus maot?

  • Ceuk anjeun, na nu diajarkeun dina Alkitab ngeunaan maot téh asup akal?

4. Mangpaatna lamun urang nyaho kumaha sabenerna kaayaan jalma anu geus maot

Lamun urang nyaho kumaha sabenerna kaayaan jalma anu geus maot, urang moal sieun deui ka maranéhna. Baca Pandita 9:10, terus bahas:

  • Na jalma anu geus maot bisa ngaganggu urang?

Lamun urang percaya kana pangajaran Alkitab, urang moal dibeungbeuratan deui ku kabiasaan pikeun ngahormat atawa méré sasajén ka jalma nu geus maot. Baca Yesaya 8:19, 20 jeung Wahyu 4:11, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, kumaha parasaan Yéhuwa lamun ningali aya jalma anu nyieun upacara pikeun ngahormat atawa ménta bantuan ka jalma anu geus maot?

Bebeneran ngeunaan jalma nu geus maot téh ngabébaskeun urang tina kabiasaan nu teu dipikaresep ku Yéhuwa

5. Urang bisa tenang lamun apal kumaha sabenerna kaayaan jalma anu geus maot

Loba jalma percaya, lamun manéhna ngalakukeun hal-hal anu goréng, engké pas maot téh manéhna bakal disiksa. Tapi, urang bisa tenang lamun apal yén nu maot téh moal disiksa, sanajan manéhna geus ngalakukeun hal-hal anu kacida goréngna. Baca Roma 6:7, terus bahas:

  • Ceuk Alkitab, jalma anu geus maot téh bébas tina dosana. Jadi ceuk anjeun, na jalma anu geus maot bakal disiksa lantaran geus ngalakukeun hal anu goréng salila hirupna?

Mun urang beuki kenal ka Yéhuwa, urang bakal beuki yakin yén Anjeunna moal ngidinan jalma anu geus maot disiksa. Baca Pamindo 32:4 jeung 1 Yahya 4:8, terus bahas:

  • Sanggeus maca sipat-sipat Allah, ceuk anjeun, asup akal teu mun Allah nyiksa jalma-jalma anu geus maot?

  • Na anjeun jadi tenang sanggeus apal kumaha sabenerna kaayaan jalma anu maot? Ku naon?

AYA NU NGOMONG: ”Abdi sieun diganggu ku jalma nu geus maot.”

  • Ayat mana anu bisa anjeun bagikeun supaya manéhna teu sieun?

INTI BAB

Waktu saurang jalma maot, manéhna geus teu apal naon-naon deui. Nu maot mah teu ngarasa nyeri atawa nalangsa, sarta teu bisa ngaganggu urang.

Nu geus dibahas

  • Kumaha kaayaan jalma nu geus maot?

  • Naon mangpaatna lamun urang apal kumaha sabenerna kaayaan jalma nu geus maot?

  • Ku naon urang bisa tenang lamun apal kumaha sabenerna kaayaan jalma nu geus maot?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali naon sabenerna harti kecap ”jiwa” dina Alkitab.

”Naon Jiwa téh?” (Artikel dina jw.org)

Na Allah nyiksa jalma-jalma di naraka?

Na Naraka téh Bener-Bener Aya? (3:07)

Saurang lalaki jadi tengtrem sanggeus manéhna diajar kumaha kaayaan jalma nu geus maot.

”Tajub kana Jawaban Alkitab nu Jelas jeung Asup Akal” (Warta Hadé 1 Pébruari 2015)