Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 38

Hargaan Kurnia Kahirupan

Hargaan Kurnia Kahirupan

Dina kahirupan téh aya loba hal nu éndah. Saupama urang aya masalah gé, pasti aya waé hal nu nyieun urang bagja. Kumaha carana nunjukkeun yén urang ngahargaan kurnia kahirupan, jeung ku naon urang kudu ngahargaanana?

1. Ku naon urang kudu ngahargaan kahirupan?

Urang kudu ngahargaan kahirupan sabab éta téh kurnia ti Bapa urang nu nyaahan, nyaéta Yéhuwa. Anjeunna téh ”sumber kahirupan”, atawa nu nyiptakeun sakabéh mahluk. (Jabur 36:9, NW) ”Anjeunna nu méré kahirupan, napas, jeung sagalana ka sakabéh manusa.” (Kisah 17:25, 28) Yéhuwa geus nyadiakeun sagala hal nu dibutuhkeun supaya urang bisa terus hirup jeung bagja.​—Baca Kisah 14:17.

2. Kumaha carana nunjukkeun ka Yéhuwa yén urang ngahargaan kurnia kahirupan?

Ti saprak anjeun aya di jero kandungan kénéh, Yéhuwa téh geus merhatikeun anjeun. Baheula saurang hamba Allah, nyaéta Daud, ngadoa kieu, ”Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali.” (Jabur 139:16) Yéhuwa téh ngahargaan pisan nyawa anjeun. (Baca Matius 10:29-31.) Jadi lamun aya nu bunuh diri atawa maéhan batur, Yéhuwa téh sedih pisan. a (Budalan 20:13) Yéhuwa gé sedih lamun urang teu ati-ati nepi ka ngabahayakeun nyawa sorangan jeung nyawa batur. Jadi, mun urang ngajaga kasalametan diri sorangan jeung batur, éta hartina urang ngahargaan kurnia kahirupan.

HAYU NGULIK

Perhatikeun sababaraha cara pikeun nunjukkeun yén urang ngahargaan kurnia kahirupan.

3. Jaga kaséhatan

Urang Kristen nu geus ngabaktikeun diri bakal ngagunakeun kahirupanana pikeun ngawula Yéhuwa. Manéhna saolah-olah geus ngabaktikeun awakna pikeun jadi korban keur Allah. Baca Roma 12:1, 2, terus bahas:

  • Ku naon anjeun kudu ngajaga kaséhatan?

  • Kumaha carana?

4. Jaga kasalametan diri sorangan jeung batur

Alkitab méré naséhat supaya urang teu ngalakukeun hal-hal nu ngabahayakeun nyawa urang atawa nyawa batur. Setél VIDÉO pikeun ningali sababaraha hal nu bisa anjeun lakukeun pikeun ngajaga kasalametan.

Baca Siloka 22:3, terus bahas kumaha anjeun jeung batur bisa ngajaga kasalametan . . .

  • di imah.

  • di tempat gawé.

  • waktu olahraga.

  • waktu keur nyetir atawa numpak kendaraan.

5. Hargaan kahirupan jabang bayi

Daud ngajelaskeun yén Yéhuwa merhatikeun saurang jalma ti saprak manéhna aya di jero kandungan kénéh. Baca Jabur 139:13-15, 17, terus bahas:

  • Keur Yéhuwa, iraha kahirupan saurang jalma dimimitian? Waktu manéhna aya di jero kandungan kénéh atawa sanggeus manéhna lahir?

Yéhuwa méré hukum ka bangsa Israél dina jaman baheula pikeun ngalindungan saurang ibu jeung jabang bayina. Baca Budalan 21:22, 23 (NW), terus bahas:

  • Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma nu teu ngahaja maéhan jabang bayi?

  • Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma nu ngahaja maéhan jabang bayi? b

  • Na anjeun satuju kana pandangan Yéhuwa? Ku naon?

Setél VIDÉO.

Saurang awéwé nu ngahargaan kahirupan gé bisa waé ngarasa kudu aborsi. Baca Yesaya 41:10, terus bahas:

  • Mun aya nu ngadesek saurang awéwé pikeun aborsi, awéwé éta sakuduna ménta tulung ka saha? Ku naon?

AYA NU NGOMONG: ”Kadang, saurang awéwé kapaksa kudu aborsi.”

  • Ku naon anjeun yakin yén Yéhuwa ngahargaan kahirupan saurang ibu jeung jabang bayina?

INTI BAB

Alkitab ngajarkeun supaya urang ngahargaan jeung ngajaga kurnia kahirupan ti Yéhuwa, jadi urang kudu ngajaga kasalametan urang sorangan jeung batur.

Nu geus dibahas

  • Ku naon kahirupan manusa téh penting keur Yéhuwa?

  • Kumaha parasaan Yéhuwa mun aya nu bunuh diri atawa maéhan batur?

  • Ku naon anjeun ngahargaan kurnia kahirupan?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Kumaha carana nganuhunkeun ka Yéhuwa pikeun kurnia kahirupan?

Kawih 141​—Kahirupan téh Mujijat (2:41)

Na Allah bakal ngahampura saurang awéwé nu pernah aborsi?

”Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Aborsi?” (Artikel dina jw.org)

Kumaha pandangan Yéhuwa sakuduna mangaruhan urang waktu milih hiburan?

”Na Anjeun Bakal Ngalakukeun ’Olahraga Ékstrim’ nu Ngabahayakeun Kahirupan?” (Éling! 8 Oktober 2000)

Kumaha mun aya jalma nu hayang bunuh diri? Tingali kumaha Alkitab bisa ngabantu saurang jalma pikeun miceun kahayang jiga kitu.

”Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?” (Artikel dina jw.org)

a Yéhuwa téh karunya ka jalma-jalma nu pegat harepan. (Jabur 34:18, NW) Anjeunna ngarti, jalma nu pegat harepan téh bisa boga kahayang pikeun bunuh diri. Anjeunna hayang nulungan maranéhna. Yéhuwa bisa méré kakuatan ka saurang jalma pikeun ngalawan kahayang keur bunuh diri. Baca artikel ”Urang Hayang Paéh​—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?” nu aya dina bagian Tingali Ogé di bab ieu.

b Jalma nu baheulana pernah aborsi teu perlu teterusan ngarasa salah sabab Yéhuwa bisa ngahampura manéhna. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tingali artikel ”Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Aborsi?” nu aya dina bagian Tingali Ogé di bab ieu.