Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 39

Pandangan Allah ngeunaan Getih

Pandangan Allah ngeunaan Getih

Getih téh penting pisan keur kahirupan. Urang teu bisa hirup lamun teu boga getih. Allah boga hak pikeun nyieun aturan ngeunaan getih sabab Anjeunna téh anu nyiptakeun kahirupan. Kumaha pandangan Allah ngeunaan getih? Na urang meunang ngadahar getih atawa narima transfusi darah? Kumaha urang bisa nyieun putusan anu bijaksana ngeunaan hal éta?

1. Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan getih?

Yéhuwa méré nyaho umat-Na dina jaman baheula, ”Nyawa tiap mahluk aya dina getihna.” (Imamat 17:14) Keur Yéhuwa, getih téh lambang kahirupan. Kahirupan téh kurnia anu suci ti Allah, jadi getih ogé suci.

2. Allah méré larangan naon ngeunaan getih?

Dina jaman Nuh, Allah ngalarang umat-Na ngadahar getih. (Baca Kajadian 9:4 jeung Imamat 17:10.) Anjeunna negeskeun deui larangan ieu waktu badan pingpinan méré pituduh kieu ka urang Kristen dina abad kahiji, ”Kudu terus ngajauhan . . . getih.”​—Baca Kisah 15:28, 29.

Naon hartina ngajauhan getih? Mun dokter nitah anjeun ngajauhan alkohol, anjeun pasti moal nginum alkohol pan? Anjeun gé pasti moal ngadahar dahareun anu aya alkoholna atawa nyuntikkeun alkohol kana awak anjeun. Kitu ogé, Allah téh geus méré paréntah supaya urang ngajauhan getih. Jadi, urang kuduna henteu ngadahar atawa nginum getih. Urang gé kuduna henteu ngadahar daging nu masih aya kénéh getihna atawa dahareun naon waé anu dicampur jeung getih.

Ari ngagunakeun getih pikeun parawatan kaséhatan kumaha? Aya parawatan kaséhatan nu jelas-jelas ngalanggar paréntah Allah, saperti transfusi darah utuh atawa transfusi salah sahiji bagian-bagian utama getih, nyaéta sel darah merah, sel darah putih, trombosit (keping darah), jeung plasma. Tapi, aya ogé parawatan-parawatan séjén anu teu katingali jelas, éta téh ngalanggar paréntah Allah atawa henteu. Misalna, aya parawatan anu ngagunakeun fraksi-fraksi tina bagian utama getih. Terus, aya ogé parawatan kaséhatan anu ngagunakeun getih pasiénna sorangan. Urang kudu nyieun putusan sorangan rék narima parawatan jiga kitu atawa henteu. a​—Galatia 6:5.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha urang bisa nyieun putusan nu bijaksana ngeunaan parawatan kaséhatan.

3. Pilih parawatan kaséhatan nu nyenangkeun Yéhuwa

Kumaha supaya anjeun bisa milih parawatan kaséhatan anu sajalan jeung pandangan Allah? Setél VIDÉO, terus bahas hal-hal penting ieu nu kudu dilakukeun saacan nyieun putusan.

  • Pék ngadoa ménta kabijaksanaan.​—Yakobus 1:5.

  • Pariksa prinsip-prinsip Alkitab anu cocog jeung kaayaan anjeun.​—Siloka 13:16.

  • Téangan parawatan kaséhatan naon waé nu aya di daérah anjeun.

  • Pariksa parawatan kaséhatan naon waé nu bisa ditarima ku anjeun.

  • Pastikeun putusan anjeun moal ngaganggu haté sanubari anjeun.​—Kisah 24:16. b

  • Sing inget yén batur hirup, kokolot, guru Alkitab, atawa saha waé teu meunang mangnyieunkeun putusan keur anjeun. Anjeun sorangan nu kudu nyieun putusan dumasar kana haté sanubari anjeun.​—Roma 14:12.

  • Tuliskeun putusan anjeun supaya batur ogé nyahoeun.

4. Saksi Yéhuwa néangan parawatan kaséhatan nu panghadéna

Urang bisa nuturkeun paréntah Allah ngeunaan getih jeung tetep narima parawatan kaséhatan anu panghadéna najan teu ngagunakeun getih. Setél VIDÉO.

Baca Titus 3:2, terus bahas:

  • Waktu ngabahas parawatan kaséhatan jeung dokter, ku naon urang kudu sopan jeung lemah lembut?

Nu teu meunang

Nu bisa diputuskeun sorangan

A. Plasma darah

Fraksi ti plasma darah

B. Sel darah putih

Fraksi ti sel darah putih

C. Trombosit

Fraksi ti trombosit

D. Sel darah merah

Fraksi ti sel darah merah

 5. Parawatan kaséhatan nu ngagunakeun fraksi darah

Aya opat bagian utama dina getih, nyaéta sel darah merah, sel darah putih, trombosit, jeung plasma. Dina unggal bagian utama getih, aya bagian-bagian anu leuwih leutik, disebutna fraksi darah. c Sababaraha fraksi darah digunakeun pikeun ngubaran panyakit atawa ngeureunkeun pendarahan.

Unggal urang Kristen kudu mutuskeun sorangan, manéhna rék narima parawatan kaséhatan anu ngagunakeun fraksi darah atawa henteu. Putusanana kudu dumasar kana haté sanubarina anu geus dilatih ku Alkitab. Bisa waé aya nu nolak parawatan kaséhatan jiga kitu, tapi meureun nu séjénna mah narima.

Waktu rék nyieun putusan, pék pikirkeun pananya-pananya ieu:

  • Ku naon abdi nolak atawa narima fraksi darah? Kumaha abdi bakal ngajelaskeun hal ieu ka dokter?

MUN AYA NU NANYA: ”Mémangna salah mun urang ditransfusi? Pan éta bisa nyalametkeun kahirupan.”

  • Ceuk anjeun kumaha?

INTI BAB

Yéhuwa hayang urang nganggap getih téh suci.

Nu geus dibahas

  • Ku naon Yéhuwa nganggap getih téh suci?

  • Ti mana urang apal yén paréntah Allah pikeun ngajauhan getih téh kaasup teu meunang transfusi?

  • Kumaha supaya anjeun bisa nyieun putusan nu bijaksana ngeunaan parawatan kaséhatan anu ngagunakeun getih?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Naon waé nu kudu dipikirkeun saacan anjeun narima parawatan kaséhatan nu ngagunakeun getih anjeun sorangan?

”Pananya ti Nu Maca” (Warta Hadé 15 Oktober 2000)

Saacan narima fraksi darah, naon waé nu kudu dipikirkeun ku anjeun?

”Pananya ti Nu Maca” (Warta Hadé 15 Juni 2004)

Ku naon saurang dokter daék narima pandangan Yéhuwa ngeunaan getih?

”Abdi Daék Narima Pandangan Allah ngeunaan Getih” (Éling! 8 Désémber 2003)

Tingali kumaha para kokolot nu jadi Panitia Penghubung Rumah Sakit ngabantu sadérék-sadérék.

Yéhuwa Nguatkeun Nu Gering (10:23)

a Tingali Bab 35, ”Carana Nyieun Putusan nu Bijaksana”.

b Tingali  nomer 5, ”Parawatan Kaséhatan nu Ngagunakeun Fraksi Darah”, jeung Catetan Ahir 3, ”Parawatan Kaséhatan nu Ngagunakeun Getih”.

c Sababaraha dokter nganggap opat bagian utama getih sabagé fraksi darah. Jadi, anjeun meureun kudu ngajelaskeun yén anjeun embung narima tranfusi darah utuh jeung transfusi sel darah merah, sel darah putih, trombosit, atawa plasma.