Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 43

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Alkohol?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Alkohol?

Di sakuliah dunya, jalma-jalma boga pandangan nu béda-béda ngeunaan alkohol. Aya nu osok nginum alkohol waktu ngumpul bareng jeung babaturanana, aya ogé anu embung nginum alkohol sama sakali. Terus, aya nu nginum alkohol nepi ka mabok. Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan alkohol?

1. Na nginum alkohol téh salah?

Alkitab teu ngalarang urang nginum alkohol. Malah waktu nyebutkeun hal-hal hadé anu dibikeun ku Allah keur urang, Alkitab nyebutkeun yén ’cianggur téh nyukakeun diri’. (Jabur 104:14, 15) Dina jaman baheula, sababaraha hamba Allah gé nginum inuman nu aya alkoholna.​—1 Timotius 5:23.

2. Alkitab méré naséhat naon ka jalma anu milih pikeun nginum alkohol?

Yéhuwa geuleuh ka jalma nu loba teuing nginum alkohol jeung resep mabok-mabokan. (Galatia 5:21) Ceuk Alkitab, ”Ulah pipilueun jeung jalma-jalma anu barareuki teuing anggur.” (Siloka 23:20) Jadi, boh keur sorangan boh keur aya batur, ulah loba teuing nginum alkohol. Engké bisa-bisa pikiran, omongan, jeung tindakan urang jadi kacow. Loba teuing nginum alkohol gé bisa ngaruksak awak urang. Mun urang ngarasa moal bisa eureun waktu nginum alkohol, mending ulah nginum sama sakali.

3. Kumaha urang bisa ngahargaan putusan batur ngeunaan alkohol?

Unggal jalma kudu mutuskeun sorangan rék nginum alkohol atawa henteu. Lamun aya nu milih pikeun nginum alkohol, urang teu meunang ngahakiman manéhna. Tapi lamun aya nu embung nginum alkohol sama sakali, urang gé teu meunang maksa-maksa manéhna pikeun nginum. (Roma 14:10) Terus, lamun kira-kira aya nu bakal kaganggu mun urang nginum alkohol, urang kuduna henteu nginum alkohol di hareupeun manéhna. (Baca Roma 14:21.) Ceuk Alkitab, ”Ulah hayang ngeunah sorangan, tapi pikirkeun kapentingan batur.”​—Baca 1 Korintus 10:23, 24.

HAYU NGULIK

Perhatikeun prinsip-prinsip Alkitab anu bisa ngabantu anjeun mutuskeun rék nginum alkohol atawa henteu jeung rék nginum sakumaha loba. Terus, tingali naon anu bisa anjeun lakukeun mun anjeun teu bisa nahan diri waktu nginum alkohol.

4. Putuskeun rék nginum alkohol atawa henteu

Kumaha pandangan Isa ngeunaan alkohol? Pikeun ningali jawabanana, hayu urang perhatikeun mujijat Isa anu mimiti. Baca Yahya 2:1-11, terus bahas:

  • Tina mujijat ieu, kumaha pandangan Isa kana alkohol jeung ka jalma-jalma anu nginum alkohol?

  • Isa teu ngalarang urang nginum alkohol, jadi kumaha sakuduna pandangan urang Kristen ka jalma anu nginum alkohol?

Urang Kristen téh meunang nginum alkohol. Tapi dina sababaraha kaayaan, urang kudu mikir-mikir heula mending nginum atawa henteu. Baca Siloka 22:3, terus bahas sababaraha hal ieu anu bisa jadi mangaruhan putusan anjeun:

  • Anjeun rék nyetir atawa ngagunakeun mesin waktu digawé.

  • Anjeun keur ngandung.

  • Dokter méré saran supaya anjeun teu nginum alkohol.

  • Anjeun teu bisa nahan diri mun nginum alkohol.

  • Hukum di daérah anjeun ngalarang anjeun pikeun nginum alkohol.

  • Anjeun keur bareng jeung saurang jalma nu embung nginum alkohol lantaran baheula manéhna pernah kacanduan alkohol.

Mun anjeun ngayakeun pésta kawin atawa acara kumpul-kumpul, na anjeun bakal nyadiakeun inuman nu aya alkoholna? Tingali sababaraha hal anu bisa ngabantu anjeun nyieun putusan. Setél VIDÉO.

Baca Roma 13:13 jeung 1 Korintus 10:31, 32. Sanggeus maca unggal ayat, bahas pananya ieu:

  • Kumaha anjeun bisa nuturkeun prinsip dina ayat pikeun nyieun putusan nu nyenangkeun Yéhuwa?

Unggal urang Kristen kudu mutuskeun sorangan rék nginum alkohol atawa henteu. Najan teu pantrang, meureun aya nu milih pikeun teu nginum dina sababaraha kaayaan

5. Putuskeun rék nginum alkohol sakumaha loba

Mun anjeun mutuskeun rék nginum alkohol, sing inget: Sanajan Yéhuwa teu ngalarang urang nginum alkohol, Anjeunna teu resep mun urang loba teuing nginum alkohol. Ku naon? Baca Hosea 4:11, 18, terus bahas:

  • Mun saurang jalma loba teuing nginum alkohol, bisa jadi naon balukarna?

Kumaha supaya urang teu loba teuing nginum alkohol? Urang kudu sadar diri jeung bisa nahan diri. Baca Siloka 11:2 (NW), terus bahas:

  • Ku naon urang kudu boga watesan mun rék nginum alkohol?

6. Carana supaya teu loba teuing nginum

Tingali kumaha saurang lalaki bisa eureun tina kabiasaan mabok-mabokan. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Waktu Dmitry mabok, kalakuanana jadi kumaha?

  • Na manéhna bisa langsung eureun tina kacanduan alkohol?

  • Ku naon ahirna manéhna bisa eureun tina kacanduanana?

Baca 1 Korintus 6:10, 11, terus bahas:

  • Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan mabok-mabokan?

  • Kumaha ayat ieu nunjukkeun yén tukang mabok gé bisa barobah?

Baca Matius 5:30, terus bahas:

  • Isa méré ibarat ngeunaan neukteuk leungeun. Manéhna hayang nunjukkeun, meureun urang kudu nyieun pangorbanan supaya bisa nyenangkeun Yéhuwa. Lamun anjeun osok loba teuing nginum alkohol, anjeun kudu kumaha pikeun ngeureunkeun kabiasaan éta? a

Baca 1 Korintus 15:33, terus bahas:

  • Lamun anjeun gaul jeung jalma nu resep nginum-nginum, naon pangaruhna keur anjeun?

MUN AYA NU NANYA: ”Na nginum alkohol téh salah?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Alkohol téh hadiah ti Yéhuwa nu bisa nyukakeun urang. Sanajan kitu, Anjeunna geuleuh mun urang loba teuing nginum alkohol jeung resep mabok-mabokan.

Nu geus dibahas

  • Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan alkohol?

  • Naon balukarna mun urang loba teuing nginum alkohol?

  • Kumaha urang bisa ngahargaan putusan batur ngeunaan nginum alkohol?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Kumaha barudak ngora bisa nyieun putusan nu bener ngeunaan nginum alkohol?

Pikir Heula Saacan Nginum Alkohol (2:31)

Naon waé nu bisa dilakukeun ku anjeun ngarah bisa eureun tina kabiasaan nginum loba teuing alkohol?

”Kudu Boga Pandangan nu Bener kana Alkohol” (Warta Hadé 1 Januari 2010)

Saacan nginum, na urang Kristen kudu sulang heula?

”Pananya ti Nu Maca” (Warta Hadé 15 Pébruari 2007)

Saurang lalaki tukang mabok ahirna barobah. Baca kisahna dina artikel ”Abdi Jiga Gentong Bolong”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 Méi 2012)

a Jalma nu geus kacanduan alkohol bisa jadi butuh bantuan dokter supaya bisa eureun tina kacanduanana. Loba dokter nyarankeun, jalma nu baheulana kacanduan alkohol mending kénéh teu nginum sama sakali.